Heu heu...panineungan tujuh taun katukang tea nya Bah!
Abong urang sunda, teu kolot teu budak sok resep make sandiasma (ngaran 
samaran) kitu oge pangarang2 sunda aya ki cakakak, aya ki umbara jrd. Harita ge 
aya nu make ngaran setan_alas dina imelna, kaasup sikuring dina imel make 
sandiasma karuhun_batawi sanes karuhun_betawi da urang sunda mah nyebut betawi 
teh sok batawi, e diganti ku a, kawas nyebut bekasi kalan-kalan ku urang sunda 
mah sok aya nu nyebut bakasih ditambahan "h" deuih.

Enya teu aya nu aneh dina kecap karuhun_batawi teh ngan duka ari jalma na mah 
boa ka asup ma' uneh ( manusa unik jeung aneh he he..) ngan gara2 make ngaran 
eta, loba nu nyangka, sikuring saangkatan jeung sipitung, janggot ngagebay, 
kumis baplang semu rawun, mun mimiti ngajirim, meledek heula haseup tiluhureun 
kuburan, terus ngajanggelek ngajirim sikuring he he. Padahal saenyana, pangna 
make ngaran karuhun teh dumeh sok kapahung teu bisa balik ngumbara di jakarta 
teh, nya ku babaturan sok diceplakeun kieu "sugan mah hayang jadi karuhun, tara 
balik-balik"

Kusabab harita aya pencekalan jeung mere conto kanu sejen, teu gugag gogog 
deui, langsung we dirobah. Diganti jadi karuhun_anom, make kecap karuhun deui 
we, dakumaha asa geugeut pisan, ari anomna mah kaideuan ku kecap abah anom. 
Najan make kecap karuhun deui, alhamdulillah teu aya protes deui. 
Kabahdieunakeun ku seringna papanggih jeung papada angota milis, antukna jadi 
wanoh. Malah ayeuna mah sok aya nu nyebut "kang keom" sajah he he...
sr

  ----- Original Message ----- 
  From: waluya56 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, February 19, 2008 9:59 AM
  Subject: KARUHUN BETAWI -->Re: [Urang Sunda] Re: (kuncen #3) perkara kecap 
aing di kusnet


  > "dudi herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > enya ieu ge najan saeutik mengkol tina demokrezi asana mah teu 
  > jauh jauh teuing... ngaaneh-aneh pilihan ngaran batuh cek kuring 
  > mah aneh... demokrezi kitu. cobi naon anehna ngaran 
  > karuhun_betawi?

  Memang teu aya nu nganggap aneh Kang, coba baca deui posting kuring 
  sing taliti. Kang Agus Her protes teh ka posting2 barudak SMKN, nu 
  alamat emailna wae aneh2 (lamun teu salah make kecap "setan" sagala) 
  jeung eusina oge teu ngeunah lamun dibaca. Kang Syam oge sarua teu 
  satuju ka barudak SMKN ieu, manehna mere CONTO PANGHEULANA!, 
  ngarobah aran alamat emailna tina KARUHUN_BETAWI jadi aran aslina.

  Ku Conto ti Kang SR jeung nu sejen, nu ku kuring katengetan, barudak 
  SMKN teh rada peper, mimiti marake aran nu sabenerna, jeung tulas-
  tulisna rada ngeunah lamun dibaca.

  Kuring mah ukur ngabejaan, tujuh taun katukang mah, kitu KUSnet teh!

  Baktos,
  WALUYA





   

Kirim email ke