Para wargi, teu karaos nyerelekna waktos, sasih siam kantun genep sasih sareng
sabaraha dinten deui, janten kantun tujuh sasih sabaraha dinten deui kana
waktosna (kabiasaan) ngayakeun Halal bi halal wargi Kusnet.
Kukituna sim abdi nyuhunkeun pamendak perkawis ;
1. Naha HBH anu kalima ieu peryogi atanapi henteu diayakeun..?
2. Upami peryogi diayakeun, diwewengkon mana pitempateunana..?
(syaratna kajugjug ti Bandung teu patos anggang ti Jakarta).
3. Manawi aya anu kagungan usulan tempat kanggo diayakeunana HBH, tangtos anu
henteu awis-awis teuing.
4. Dintenan diayakeunana naha kaping 4 Oktober 2008 atanapi kaping 11 Oktober
2008 ?,
(peryogi kauninga numutkeun kalender, boboran siam ninggang dina kaping 1
atanapi
2 Oktober 2008).
5. Naha ngaleler pangajen ka budayawan Sunda buhun bade diayakeun deui atanapi
moal..?, upami bade, aya anu kagungan usul...?
6. Aya anu kersa janten panata calagra...?
(peryogi kauninga janten panata calagra teu aya honorna, estuning mung
cap ;
"hatur nuhun"..)
Mangga diarantos waleran sareng usul para wargi sadaya.
Pihatur
ss
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda