Sumuhun pih, teu karaos, umur ge nambihan....lamun teu lepat mah taun kamari
oge pi-6 bulaneun deui ka hari H disusun kapanata calagaraan teh, tapi
hasilna teu patos nyugemakeun (cenah....!)
saena aya perobihan oge panginten lamun kitu mah, eta tugas panata calagara
HBH KUSnet 2008 ieu...

kuring mah bade ngawaler quisioner ti apih we ah :

#1. HBH tetep masih keneh peryogi diayakeun, kanggo tetep tiasa ngajalin
silaturahmi anggota milis KUSnet di darat (alesan pang klasikna sabenerna
mah), tapi dina HBH eta oge aya aya sababaraha nilai kabudayaan Sunda  anu
bisa diguar ku urang sadayana, oge pamilon tiasa silaturahmi patepang irung
paamprok jonghok sareng baraya anu biasa icikibung dina internet nu asalna
nan saukur tiasa ninggal seratan sareng ID (naon ? sandi asma?) tah dina
kasempetan eta mah tiasa ninggal langsung dugika jarawat2na (nu jarawatan
mah) he..he.., atuh salain ti eta oge urang tetep ngalaksanakeun HBH teh nya
ngamumule kabiasaan urang nu tos 4 taun katukang di rancang apanan, sareng
rea deui alesanana....


#2. Upami numutkeun letak geografis anu caket ka jakarta sareng caket ka
bandung pilih wae PURWAKARTA Dansekitarnyah, (saur abdi mah) tijakarta
sakitu KM jarakna sami sareng ti Bandung numutkeun pamilon seuseueurna ti
jakarta sareng bandung.....
oge di daerah eta teu acan pernah diayakeun HBH
ka 1. Di Cimalati (Sukabumi)
ka 2. Di Cipanas (Cianjur)
ka 3. Di Pasantren Keresek (Garut)
ka 4. Di Kiara payung (Sumedang)
ka 5. Dimana???? duka..sok we tampung heula usul nusanes...


#3. Teu acan aya Usaulan lokasi na mah....ke' milarian heula :D


#4. Saur emutan abdi mah mendingan kaping 5 na ayeuna mah(masih dina raraga
liburan keneh), sareng waktosna teu aya acara wengi estu sagala kagiatanana
diayakeun sadinten jeprut ti enjing jedur dugika sore jegur.....kecuali
kanggo panata calagara, samemehna dina dinten saptu kaping 4 na tos siap
dilokasi kanggo ngurus sagalana....sareng sababaraha tamu anu sakantenan
bade piknik sekitar lokasi (catatan bayar masing2 eta mah teu diakomodasi
he..he....)


#5. Soal Ngaleler kumaha lamun didaerah Purwakarta diayakeunana mah, sanes
kanggo budayawan atanapi seniman, saur kang MGT didinya aya tukang buku
perpustakaan keliling, atanapi naon bae tiasa ngayakeun bakti sosial
diyayasanna kang Dick2 di Wanayasa, kanggo Info : Kang Dick2 sakulawarga teh
gaduh Yayasan Sosial anu gerakna di widang pendidikan(ketua Yayasanana kang
Dick2 nyalira)pernah di alungkeun ka milis ieu malahan proposalna teh tapi
teu aya nu nanggapi pisan, anjeuna ngayakeun programs akola Gratis 100%
kanggo Budak yatim sareng orang tidak mampu oge Panti Jompo(tidak mampu
oge), Dugi ka ayeuna teh nembe diurus saaya-aya ku cara rereongan nyisihkeun
hasil ti kulawarga na wungkul...tah eta tiasa janten program HBH urang taun
ieu...sareng seueur deui, ayeunam ah nungguan tinu sanes deui wae oge mangga
nyanggakeun bilih ayanu gaduh ideu...

#6. Aya sigana mah nu kersa janten Panacalagara na mah...
kan seueur urang Purwakarta teh aya kang Dick2, aya kang Kamal nikawa, oge
kang Dani Waluya....
oge aya kang Kumi urang Jatinangor/garut (ah bae we teu nyambung
ge)heuheu...
tiasa di berdayakeun sigana mah kanggo dina panatacalagaraan :)
abdi mah ngadorong titukang we :)


Sakitu we heula ti abdi mah, mangga tinu sanes bilih bade mairan masalah HBH
KUSnet 2008 ieu, mangga nyanggakeun ulah isin2....
rembugan sarerea, pikiran yuk ah HBH KUSnet taun 2008 ieu.....!!!

salam,

-ts-







On 2/20/08, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Para wargi, teu karaos nyerelekna waktos, sasih siam kantun genep sasih
> sareng sabaraha dinten deui, janten kantun tujuh sasih sabaraha dinten deui
> kana waktosna (kabiasaan) ngayakeun Halal bi halal wargi Kusnet.
> Kukituna sim abdi nyuhunkeun pamendak perkawis ;
> 1. Naha HBH anu kalima ieu peryogi atanapi henteu diayakeun..?
> 2. Upami peryogi diayakeun, diwewengkon mana pitempateunana..?
>     (syaratna kajugjug ti Bandung teu patos anggang ti Jakarta).
> 3. Manawi aya anu kagungan usulan tempat kanggo diayakeunana HBH, tangtos
> anu
>     henteu awis-awis teuing.
> 4. Dintenan diayakeunana naha kaping 4 Oktober 2008 atanapi kaping 11
> Oktober 2008 ?,
>     (peryogi kauninga numutkeun kalender, boboran siam ninggang dina
> kaping 1 atanapi
>      2 Oktober 2008).
> 5. Naha ngaleler pangajen ka budayawan Sunda buhun bade diayakeun deui
> atanapi
>     moal..?, upami bade, aya anu kagungan usul...?
> 6. Aya anu kersa janten panata calagra...?
>     (peryogi kauninga janten panata calagra teu aya honorna, estuning mung
> cap ;
>     "hatur nuhun"..)
> Mangga diarantos waleran sareng usul para wargi sadaya.
>
> Pihatur
> ss
>
>
>
>
>
> http://cikundul3.multiply.com
> *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
>
>  __._,_.__
>

Kirim email ke