Kuring satuju, upami para cagub/wacagub turni ka
daerah pasisian, sina ngarasakeun kumaha jadi rahayat
di wewengkon lembur singkur. Tah, tidinya sugan wae
anu aya solusi pikeun ngaraharjakeun rahayat. Kuduna
mah panicia pilgub, mere syarat, ka para Cagub anu rek
makalangan, kudu turni ka lembur-lembur singkur. Beuki
loba jeung beuki lila aya di lembur singkur, bisa
nambah nilai positip pikeun cagub. Komo deui jeung
bari mere maweh, ngabangun sarana/prasarana di
lembur.Komo deui lamun mere beasiswa mah keur waragad
ka paguron luhur. 


baktos,

mrachmat uidipura

--- wahyu spl <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Rame oge di Kusnet ngabahas pilgub Jabar, hartosna
> urang sadaya aya perhatian dina ngwangun Jabar.
> Puntun bae kasadayana, Sib abdi asli Tambaksari
> Ciamis, daerah anu istilahna sisi langit rabig,
> daerah pang wetanna jabar anu perbatasan sareng jawa
> tengah(dayeuh luhur -Cilacap), Ti taun 90-an dugi ka
> ayeuna upami ningali jalan persis sapertos susukan
> garing,pangwangunan anu telat , aya oge pasar agro
> anu nembe diresmikeun pak gub tetep teu
> ngajantenkeun masyarakat ngecap "sejahtera" ka
> Puskesmas tebih, SMP mun aya hiji, bilih bade ka SMA
> kedah ka Rancah atanapi Cisontrol, jigana mah ka
> hoyong abdi mah, Sing saha bae upami hoyong janten
> Gubernur kedah kontak politik heula ,eusina:
> 1.Kumaha masyarakat petani tiasa perut wareg.
> 2. Kumaha Masyarakat teu gering ( jaminan kasehatan
> Gratis).
> 3.Kumaha pendidikan tiasa gratis dugi tingkat Sma
> /Universitas.
> 
> kitu bae..Abdi pasti ngadukung upami aya nu janten
> program kitu..
> htur nuhun
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: "Dirgahayu, Rachman"
> 
> Kol (purn) RS ti angkatan udara, jalmi gendut, org
> jawa pinter basa sunda.
> Kantos di stttelkom janteun kaur ke mahasiswaaan.
> 



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke