ke... ke .. kang . dupi agum gumelar teh taun sabaraha di sesko abrina kang .. 
? da bapa kuring ge didamel diditu ieu teh .. mung tos pansiun ayeuna mah .. 
kade ah.. bilih gosip wungkul.. tong ngagogoreng batur atuh upami janten jurkam 
mah kang .... kita main bersih sajah lah .. mangga nyanggakeun 

baktos . . 
firman 



  ----- Original Message ----- 
  From: Dirgahayu, Rachman 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, February 26, 2008 2:51 PM
  Subject: RE: [Urang Sunda] Pilkada JABAR: ceuk kuring



  Agum Gumilar basa janteun siswa di Sesko Abri di Gatot Subroto Bdg
   janteun juara 1, kusabab seeur pisan masihan hartos ka patun (perwira 
penuntun)
  alias sok nyogok.. kumaha lamun jadi gubenur urang tah .... pikir weeeh
  sumber ti patun Kolonel xxxxxx


    -----Original Message-----
    From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of 
tantanhermansah
    Sent: Tuesday, February 26, 2008 1:40 PM
    To: [email protected]
    Subject: [Urang Sunda] Pilkada JABAR: ceuk kuring


    Bisa jadi, Agum ngarupakeun calon anu paling optimis pilkada Jabar
    ieu. Sabab, mun ninggali tingkat popularitas versi LSI, manehna paling
    punjul. Ngelehkeun artis Dede Yusuf, jeung --komo deui--calon
    incumbent, Dani Setiawan. 
    Sigana pilihan eta oge anu ngadasarkeun artis Dede Yusuf milih koalisi
    jeung PKS. Saperti anu geus katinggali, PKS ngarupakeun partei anu
    militansina kuat. Ku bekel popularitas jeung militansi, pasangan Hade
    memang bisa jadi "kuda hitam" anu kudu diwaspadaan. 
    Tapi dua calon eta, duka poho, duka geus apal, mun anu disinghareupana
    teh incumbent plus mantan tangtara. Koalisi anu kuat di tingat
    mobilisasi jeung organisasi. Komo deui, Dani, anu didukung ku Golkar
    jeung Iwan ku Demokrat,kaduana gede pisan kapentingan jang
    ngameunangkeun Pilgub Jabar. Hal ieu dumasar kana sababaraha analisis: 
    1. Saha bae anu ngameunangkeun Pilgub Jabar, bakal kasaur ku calon
    presiden tahun 2009. Tah pasangan "Da'I" tangtu kudu meunang, sabab
    ngarupakeun partei pamarentah anu katinggalina, boh SBY atawa JK,
    bakal maju deui di tahun 2009 (sok sanajan konfigurasina teuing kumaha). 
    2. Salaku daerah anu rapet pisan jeung ibu kota, Jabar penting pisan
    "dikuasai" khususna jang pulitik media. Sahingga isu Jabar bisa jadi
    isu nasional. 
    3. engke ditambahan.....hehe

    Prediksi kuring, sok sanajan pasangan Aman jeung Hade mibanda daya
    popularitas anu lumayan, tapi ceuk kuring mah can cukup bisa
    ngajadikeun modal jang meunangkeun tarung Pilgub. Militansi PKS anu
    bakal jadi andelan Pasangan Hade jeung warga Muhammadiyah, anu jadi
    basis tradisional PAN, can tangtu cukup waktu 'ngarayu' warga Jabar
    anu sakitu lobana. 
    Urang kudu ninggali yen warga Jabar beda pisan jeung Jakarta, boh tina
    komposisi atawa jaringan afiliasi pulitikna. Jadi mun pasangan Hade
    hayang meunang, gawena beurat pisan. 
    Aman memang ngabogaan potensi gede. Agum anu populer bari didukung ku
    partei Mega jeung Nu'man anu P3, sigana hayang ngabalikkeun romantika
    pasangan Mega-Hamzah basa jadi presiden. Tapi tong salah, basis massa
    tradisional PPP can tangtu ngadukung koalisi ieu. Hal sarupa oge bisa
    lumaku di basis tradisional PDIP anu ayeuna ngamajukeun Agum. Komo
    deui, samemehna, PDIP Jabar geus ngampanyeukeun calon lain. Naha aya
    jaminan patei anu geus ngabogaan calon sorangan bisa konsisten nalika
    pilihan pulitikna diintervensi pusat, ku sabab atas nama popularitas
    jeung kameunangan? 
    Dina hal ieu, ceuk kuring pasangan Da'I kuat pisan. Jaringan birokrasi
    (Da'i) jeung Tangtara (Iwan) bakal ngamaeunkeun peranan anu gede pisan
    dina ngadongkrak ieu pasangan. 
    Ayeuna mun ninggali naon investasi anu dipiboga ku tilu pasangan eta.
    tangtu Da'i leuwih punjul. Sabab Agum--sok sanajan Urang Sunda--can
    pernah katinggali ketakna keur US. Basa Suryadi Sudirja ngahirupkeun
    Miss Tjitjih di Jakarta, Agum malah ngarojong Srimulat. (Lain teu
    meunang ngarojong Srimulat, tapi rojong oge atuh miss Tjitjih). Terus
    mun balik deui ka jaman kampanyeu Presiden, Agum ngarupakeun calon
    wapres. Ieu nunjukkeun kumaha pragmatisna Agum jeung saha anu jadi
    dalang manehna. 
    Pasangan Hade tangtu kudu ditinggali deui. Komo deui Dede Yusuf. Artis
    anu geus cukup kawentar tur salaku model iklan ieu, can pernah
    kanyahoan boga investasi pulitik di Jabar. 
    ***
    Tulisan ieu memang teu bisa kaluar tina tendensi ngadukung hiji calon.
    Tapi paninggalina dicoba tetep obyektif jeung teu niat manggaruhanan
    saha bae anu maca. Bilih bade Golput --saperti ajakan Kang Agus--,
    mangga. Bilih bade ngadukung Hade, oge mangga, sabab pasangan eta
    nendeun potensi. Bilih bade Aman, nya kuma dinya. Da sami bae. hahaha

    Baktos
    Tantan
    --analisis sabalangbentor---



  IMPORTANT NOTICE: 
  The information in this email (and any attachments) is confidential. If you 
are not the intended recipient, you must not use or disseminate the 
information. If you have received this email in error, please immediately 
notify me by "Reply" command and permanently delete the original and any copies 
or printouts thereof. Although this email and any attachments are believed to 
be free of any virus or other defect that might affect any computer system into 
which it is received and opened, it is the responsibility of the recipient to 
ensure that it is virus free and no responsibility is accepted by American 
International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or 
severally, for any loss or damage arising in any way from its use.


   


------------------------------------------------------------------------------


  No virus found in this incoming message.
  Checked by AVG Free Edition. 
  Version: 7.5.516 / Virus Database: 269.21.1/1298 - Release Date: 2/25/2008 
8:45 PM

Kirim email ke