Sanggeus ninggali fenomena anu aya ngenaan pilkada, akhirna aya sababaraha urang tokoh anu mimiti nanyakeun deui ngenaan relevansina pilkada jeung cita-cita nu awal. Di antarana Ketua Umum PBNU jeung Ketua Umum Muhammadiyyah. Dua tokoh eta jelas-jelas miharep pamarentah "ninjau ulang" atawa nengetan deui ngenaan Pilkada. Meureun, paninggali dua tokoh nasional eta loba sarua jeung urang. Ninggali kanyataan pilkada anu ayeuna kajadian, teu loyog deui jeung cita-citana, nyaeta midangkeun iklim pulitik anu leuwih demokratis, anu ditandaan ku ningkatna partisipasi publik dina milih calon pamingpina. Nu aya ayeuna, kalah ka konflik horizontal. Antara hiji `pendukung' jeung `pendukung' sejen. Salian ti eta lobana biaya anu ceuyah dikaluarkeun ku para kandidat jang menta atawa meuli dukungan ti rahayat, anudina pipikiran aranjeunaleuwih hade eta anggaran kampanye anu teu saeutik teh, dipake keur nu sejen, conto ngomean jalan. Mun ninggali kulit kajadian eta wungkul, urang tangtu kudu obyektif. Ngabandingkeun dua fakta kudu atra jeung saimbang. Mun dina dunya panalungtikan mah, kudu aple to aple. Meh valid, meh soheh. Hayu urang teuleuman hiji-hiji argumen eta. 1. Alesan kahiji nyaeta ngenaan biaya. Kasimpulan ieu ditinggali dina paninggali kasar, yen biaya jadi leuwih gede tur tambuh. Tangtu bae ieu argumen ngabogaan kalemahan anu `mendasar'. Naon? Sabab tanpa kampanye anu saperti kitu oge duit ti calon pasti tetep kudu kaluar. Ngan bedana, mun ayeuna (di era pilkada) mah ceuyah dirasakeun ku loba pihak (stake holders), mun bareto mah ngan ku sababaraha anggota dewan. Mun masalah jumlah, teu pati beda; tapi mun ninggali implikasi sosial-ekonomi, beda pisan. Pan gara-gara pilkada ieu, loba tukang sablon anu maju. Tukang baliho, dinas periklanan daerah (DISPENDA), jeung tukan print digital tur percitakan jadi loba order. Coba mun ka anggota DPRD-na wungkul duit eta muter di maranehna, dihakanan ku maranehna, dipodolkeun sorangan, rahayat mah teu ngarasakeun saperak-perak acan. Terus milih mana? Nya maning pilkada! 2. Tambuh duit. Ieu oge teu relevan. Komo deui mun anu kampanye teh jalma benghar. Anu mun euweuh pilkada, duitna dikeukeupan sorangan. Yen loba anggaran anu teu loyog jeung kabutuh rahayat, nya keun wae ayeuna mah da kaayanaan masih kitu. Jeung lain duitna Hasyim atawa Dien Syamsudin ieuh. 3. Alesan katilu cenah, pilkada tetep can bisa ngadongkrak pingpinan anu dipikahayang ku demokrasi sorangan.Terus, mun dieuweuhkeun ieu pilkada, naha pingpinan anu dipikahayang jadi aya? Pan anggeur bae. Malahan mun ditinggali tina perspektif partisipasi pulitik, sakuduna rahayat leuwih tanggung jawab kana pilihana. Ulah milih calon anu loba jangji anu pamohalan bisa dilakonan. Conto ngahartiskeun sakola, tapi teu paham pulitik anggaran tur anggarana sorangan. Arek ti mana duitna, misalna. Tapi pilih calon anu bener-bener bisa ngarealisasikeun jangjina, jujur tur kapercaya. Mun euweuh pilihan, berarti tugas rahayat nyaeta ngagodok calon-calon anyar anu bakal mingpin. Sabab saurang pamingpin muncul na teu siga cai dina batu anu ngaburial sorangan. Pamingpin sajati lahir siga besi anu tadina ngan nyangkorah euweuh hartina, terus dipandai, terus dikikir, terus diasah, sahingga beusi eta jadi balati anu seukeut, boga komara. Tah mun ninggali kana alesan-alesan di luhur, maka naon anu dicarioskeun eta tokoh jadi gugur, atawa batal demi hukum....hehe Baheula salah sahiji paniatan kunaon bet kudu pilkada, oge didasaran kana hasl-hasil panalungtikan ngenaan kalakuan anggota dewan jeung para calon. Salian ti mobilitas vertikal anu euweuh (mangga bae bayangkeun, hiji-hijina cara karir pulitik kudu gabung atawa dicalonkeun ku partai anu aya di DPRD), ku Pilkada bisa jadi tokoh-tokoh daerah anu salila ieu apolitis tapi ngagaduhan pangaruh gede ka masyarakat, tur bari dipiharep pisan ku rahayat bisa tampil, atawa dilirik partei jang nyalon. Salah sahiji tokoh anu sukses saperti kitu nyaeta Gamawan Fauzi di Sumbar, jeung I Gede Winasa di Jembrana Bali. Kadua jalma eta dicalonkeun ku partei pulitik kusabab katokohana. Lain ku duitna. Jeung nalika sukses naek kana puncak kakawasaan, eta tokoh teu loba ngaluarkeun dana anu teu paruguh. Mangka sanggeus aranjeuna naek, bisa fokus kana pangwangunan tur ngamajukeun rahayatna. Winasa di Jembrana-Bali, misalna. Manehna ku PAD ngan 300 Miliar, bisa ngaharatiskeun sakola jeung biasa rumah sakit rahayatna. Kunaon bisa kitu? Sabab teu korupsi, teu perlu setor ka partei, teu perlu setor nanaon ka sponsorna. Hal anu sarupa oge kajadian di Solok, jaman Gamawan Fauzi. Di Solok, teu aya pagawe anu menta-menta duit ka klien (baca rahayat anu menta jasana) sabab bisa kacumponan ku pangasilan salaku aparat negara. Ti mana Gamawan bisa ngaayakeun duit keur ngasajahterakeun pagawe/ aparatna? Singhoreng tina nyiptakeun kaadilan, di mana sakabeh aparat, dumasar kana prestasina, bisa meunang penghasilan leuwih salaku ganjaran. Gamawan bisa bibilitik kusabab teu korup jeung transparan pisan. Kacindeukan saheula anan Janten lain pilkada anu kudu dipupus. Sabab mun kitu berarti hirup-hurip pulitik urang mundur pisan, tapi omean rahayat jeung calonna. Mun ninggal kana tamsil anu ngagambarkeun kaayan ieu, urang kedah ninggali kana dialog antara Sayyidina Ali Bin Abi Thalib sareng rahayatna. Rakayat: "Hei Khalifah, ku naon ari jaman Umar jeung Abu Bakar mah kahirupan pulitik tur pamarentahan teh asa comre, teu seueur konflik? Beda pisan sareng jaman anjeuna ayeuna" Ali: "Nya pantes, ari jaman Kalifah Abu Bakar jeung Umar, mah rahayatna teh jalma2 siga kuring. Ari jaman kuring ayeuna mah jalmana siga anjeun?"
Sakitu heula. Engke disambung deui Baktos Tantan

