Kang Rahmat anu intelektual UI, Bah Willy anu intelektual moyan, Kang Hasan atau kritis, oge anu sanesna. Paguneman ngenaan Pilkada, anu ngontekkeun kana kajadian Pilgub Jabar ayeuna, sabenerna kudu janten pencerahan pulitik kanggo urang sadayana. Kunaon? Sabab didieu aya potensi atawa oportunity anu kacida pisan gedena mun urang rek asup kana arena berbangsa jeung bernegara anu leuwih gede. kasarna, kusabab tepi ka ayeuna instrumen pulitik masih jadi hal anu nangtukeun batan instrumen lain, urang kudu 'baseuh' di dinya. Baseuh didieu bisa sababaraha model: bisa langsung ancrub kana pulitik, bisa oge pulitik tinggi, seperti aktif dina proses advokasi, atawa anu sejena. Nitenan kana Pilkada Gubernur anu aya di Jabar, ceuk kuring, mah asa anu nyungkelit dina hate, kusabab anu tampil teh bet lain lain urang Jabar Sorangan. Tapi Urang Jabar by desain. Teu ngabogaan teureuh. Naha enya, tina puluhan juta urang jabar (mun data demografi jadi ukuran) teu aya calon hebat anu original jeung bener-bener kualitasna dipiharep ku urang. Ceuk kuring, urang teu bisa mung gogorowokan teu baleg, golput, jrrd, tanpa ancrub di jerona. Urang kudu bejoang langsung......
(duh kudu nyingcet heula, jadi teu beres)..... On 3/3/08, Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Bah Willy, ceuk kuring ku ayana sistem pamilu langsung ieu, aya > sawatara kalangan (INOHONG) nu baretona sok jadi makelar / backing kanu rek > maju jadi calon, ayeuna leungiteun "porsi / peranan"... lantaran sora dian > pamilu langsung ditangtukeun ku rahayat (one man, one vote).. > ku ayana sistem langsung kieu, maranehna jadi sok nyamos mun keur aya > "proyek" pamilu, padahal bareto mah tiap ngadeukeutan waktu pamilu sok remen > loba nu jul-jol ngadeuheus "menta restu" (dukungan) ka tokoh-tokoh ieu (komo > nu di daerah2 mah)... jeung bari tangtu oge datang ngadeuheusna teh sok bari > angkaribung ku "babawaan"... > > > ^_^ > > > > ----- Original Message ----- > *From:* Waluya <[EMAIL PROTECTED]> > *Subject:* Re: [Urang Sunda] Pilgub Jabar (catetan 3) > > > From: "tantanhermansah" <[EMAIL PROTECTED]> > > Kacindeukan saheula anan > > Janten lain pilkada anu kudu dipupus. Sabab mun kitu berarti > > hirup-hurip pulitik urang mundur pisan, tapi omean rahayat jeung > > calonna. > > Satujuh Kang Tantan. Ceuk kuring mah, sacara umum sistemna geus alus, > tinggal ngomean wungkul. Paling henteu ari pamimpin nu langsung dipilih ku > > rakyat mah, aya rasa tanggung jawab kanu milihna dibandingkeun jeung > pamimpin nu ngarasa kakawasanana teh lain ti rakyat, tapi meunang anugrah > "Wahyu Cakraningrat" ti Kahyangan ..... > > Baktos, > WALUYA > . > > > -- tantan hermansah www.tantanhermansah.co.nr "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!" --siliwangi--

