Kang,
  Meni waraas geuning, ningali urut tempat kuring kost waktu jaman SMP.
  Atuh kumaha nasib SMP wado (buahngariung ayeuna?)
  O, enya kang, Kuring Kost di imah nu aya di sisi sawah jalan ka babuy. di 
bumi pa Dede, bapana mang empot. Kenal akang?Ari babaturan kuring sakola kang 
Usep, nu bumina (ngawarung) papayun-payun jeung sakola smp. babaturan lianna 
aya Cucu Cahyati, Adah, Cecep....jrrd
  Inget Unggal sore ba'da maghrib kuring jeung babaturan sa kost indit ka 
walungan bari mawa bubu rek ditaheunkeun.
  Isuk-isuk bada subuh, kuring neang bubu, lumayan meunang berod, kehkel, 
kadang kala kini-kini. lumayan bisa dahar jeung lauk gratis unggal poe.
  Lauk berod teh girinyih pisan kang, loba pisan protein na. sedap.....
  Mun pareng usum nyawah, kuring sok ngobor ngurek belut mapay galengan nepi ka 
lembur sundulan. ...
  Heuheu...waas..euy...
  Nepangkeun atuh kang ti simkuring ti kaanggangan.
  Pami pareng kenal ka mang empot salam ti simkuring..

retno rodiyatna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          
ieu gambar lembur buahngariung.tempat kuring dilahirkeun.imah kuring(imah bapa 
jeung ema) aya di tengah lembur(latitude 6°56'1.76"S,longitude 108° 
5'34.00"E),kahalangan saimah ti jalan raya utara wado,di jalan ka 
sindangsari,anu nembusna ka cimanuk.
sabaraha taun deui eta lembur geus kudu dikosongkeun.sedih euy!
tapi teu nanaonlah!sugan wae ari proyek jatigede geus beresmah,Pulau jawa moal 
kakurangan listrik!nya sugan eta oge!

nepangkeun Retno Rodiyatna.jenis kelamin lalaki(anehnya?).tapi teu nanaon eta 
ngaran ti indung jeung bapa kuring.

salam ka sadayana wargi anu keuna gusuran Jatigede!!!!!!

__________________________________________________________
Easily manage multiple email accounts with Windows Live Mail!
http://www.get.live.com/wl/all

                         

       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke