aeh geuning. mang empot mah dulur keneh sareng kuring.kaleresan mang empot nikah sareng dulur kuring(bi Eri).engke mun kalembur di wartoskeun!!kaleresan kuring nuju damel d jkt.
kang Usep mah tos janten dokter ayeuna teh. ari kuring mah angkatan anyar kang.3-5 taun dihandapeun akang jigana teh.da kuliah oge kuring teh angkatan 2001. smp wado aya kabar dek di pindah keun di daerah wado girang,daerah bantar simeut.duka leres jeung heunteu na mah. salam baktos ________________________________ > To: [email protected] > From: [EMAIL PROTECTED] > Date: Mon, 3 Mar 2008 01:38:03 -0800 > Subject: Re: [Urang Sunda] buahngariung wado(lembur kuring anu keuna gusuran > proyek jatigede) > > > Kang, > Meni waraas geuning, ningali urut tempat kuring kost waktu jaman SMP. > Atuh kumaha nasib SMP wado (buahngariung ayeuna?) > O, enya kang, Kuring Kost di imah nu aya di sisi sawah jalan ka babuy. di > bumi pa Dede, bapana mang empot. Kenal akang?Ari babaturan kuring sakola kang > Usep, nu bumina (ngawarung) papayun-payun jeung sakola smp. babaturan lianna > aya Cucu Cahyati, Adah, Cecep....jrrd > Inget Unggal sore ba'da maghrib kuring jeung babaturan sa kost indit ka > walungan bari mawa bubu rek ditaheunkeun. > Isuk-isuk bada subuh, kuring neang bubu, lumayan meunang berod, kehkel, > kadang kala kini-kini. lumayan bisa dahar jeung lauk gratis unggal poe. > Lauk berod teh girinyih pisan kang, loba pisan protein na. sedap..... > Mun pareng usum nyawah, kuring sok ngobor ngurek belut mapay galengan nepi ka > lembur sundulan. ... > Heuheu...waas..euy... > Nepangkeun atuh kang ti simkuring ti kaanggangan. > Pami pareng kenal ka mang empot salam ti simkuring.. > > retno rodiyatna wrote: > > ieu gambar lembur buahngariung.tempat kuring dilahirkeun.imah kuring(imah > bapa jeung ema) aya di tengah lembur(latitude 6°56'1.76"S,longitude 108° > 5'34.00"E),kahalangan saimah ti jalan raya utara wado,di jalan ka > sindangsari,anu nembusna ka cimanuk. > sabaraha taun deui eta lembur geus kudu dikosongkeun.sedih euy! > tapi teu nanaonlah!sugan wae ari proyek jatigede geus beresmah,Pulau jawa > moal kakurangan listrik!nya sugan eta oge! > > nepangkeun Retno Rodiyatna.jenis kelamin lalaki(anehnya?).tapi teu nanaon eta > ngaran ti indung jeung bapa kuring. > > salam ka sadayana wargi anu keuna gusuran Jatigede!!!!!! > > __________________________________________________________ > Easily manage multiple email accounts with Windows Live Mail! > http://www.get.live.com/wl/all > > > ________________________________ > Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. > > _________________________________________________________________ Get your free suite of Windows Live services today! http://www.get.live.com/wl/all

