Wilujeung dugem sadayana!!!, eh salah euy :), wilujeng wengi meureun kumaha damang?
Hoyong babagi carios yeuh, aya pangalaman menarik simkuring, mun teu di sebut belegug tea, jauh2 saba kota keur kagiatan nu kararitu, tapi da geus kajedn, kumaha deui :) Pan jaman ayeuna keur rame di mana2, ngundang motivator, komo mun nu di undang mere jurus jeung rahasia jadi milyarder, menjadi pengusaha dengan cara edan dll. Hebatna deui setiap aya seminar motivasi nu bakal ngajarkeun rahasia jadi jelema beunghar ngadadak pasti laku keras, mun nu gratis mah komo deui, samet ka narangtung di aula convention room jeung parebut asup saat acara rek di buka. Trus nu mayar oge teu eleh hebohna, pinuh wae, sangkilang harga tiketna Rp. 2,5 juta perak ge, laris manis. Pas di acara seminar, si motivator ajrug2-an, gogorowokan, semangat!, semangat!, anda mau kaya?!, anda mau kaya?!, rubah hidup anda?!, lakukan perubahan saat ini?!, tirulah saya?!, saya sekarang sudah kaya?!, tuluy manehanana lulumpatan dina podium, kadang akrobat sagala, trus manggil hiji dua peserta, ditanya naon maksudna ngilu seminar ieu, trus nanya; 1 + 1 sabaraha?, mun dijawab 2 ku pembicara disalahkeun!, nah ini dia, pikiran sempit dan negatif!, semua selalu berpikir 1 + 1 = 2, padahal dalam kamus orang kaya 1 + 1 = 11 cenah, bahkan 1 + 1 = satrilyun!. Trus manehanana ngomong, mere jurus jeung rahasiana, cenah mun hayang beunghar ngadadak, saderhana pisan, teu kudu modal gede, cukup duit urang nu aya ayeuna, tapi kudu niat nu teges, jeung kudu eureun heula di gawe meh semangat luar biasa. Pas urang geus di PHK atawa eureun bakal meunang pesangon, tuluy cenah pesangon eta di simpen di bank, tah ieu rahasia pertama, neangan modal di bank ku cara gampang, teundeun duit urang 10 juta di tabungan, isukan ditarik 5 juta, tuluy setorkeun deui 3 juta jeung 2 juta, tuluy siga kita salila sabulan, pas geus sabulan mutasi rea pan, tuluy ajukeun kredit, mun total mutasi 300 juta dijamin bakal meunang kredit 300 juta, duit kredit ieu tuluy dijadikeun DP meuli ruko dikawasan strategis, geus meunang ruko kreditan tuluy nginjeum duit deui ka bak segede 2 milyard soalna ruko kreditan urang hargana 2 milyard, terus ulangi jeung ulangi, dijamin dina 2 bulan urang geus boga 5 ruko jeung beunghar pisan euy!!!. Peserta seminar colongok kabeh, jigongna kalaluar, kagum ka pembicara nu mere jurus rahasia, mumpung keur panas kabeh, pembicara tuluy manggil saurang tamuna, cenah tamu ieu saksi hidup nu geus ngajalankeun rumus jitu manehna, pak Pardjo ngarana, ayeuna boga ruko 5 di bandung jeung investasi saham di BEJ lewat pialang saham, 2 bulan kalewat pak Pardjo masih supir perusahaan di sebuah hotel di bandung nu tugasna antar jemput karyawan jeung tamu, ayeuna manehanana milyarder, pak Pardjo murid favorit manehananan cenah, salain sukses ngajalankeun rahasia jeung jurus benghar si pembicara, pak Pardjo wani ngagadaikeun motor kreditan menehanana keur ngilu seminar si pembicara nu hargana 2,5 juta perak tea. Ayeuna eta motor nggeus ngalayang, lain dijabel ku leasing, tapi pak Pardjo ayeuna geus make BMW seri terbaru built up nu hargana samilyard perak, pak Pardjo geus teu ngontrak di rumah petak, tapi boga imah sigrong di Arcamanik jeung sababaraha apartment di Jakarta. Di akhir carita, pembicara ngabagikeun buku nu geus ditandatangan manehanana, tuluy mere jurus pamungkas, bapak2 & ibu2, anda sudah mendengarkan jurus rahasia menjadi milyarder saya, dan sudah mendengarkan kesaksian pak pardjo, maka saya tunggu kesuksesan anda 60 hari lagi, take action, jangan ragu, yang ragu2 pasti gagal,. yang berani pasti akan sama kayanya bahkan lebih kaya dari pak Pardjo. Acara selesai, peserta baralik, samemeh balik marenta kartu nama pak Pardjo jeung pembicara, di tempat parkir ngaromong soal rahasia jitu ieu, di halte bis oge, simkuring kabeneran lapar euy, mampir heula dahar di buffet hotel, sanggeus 2 jam leuwih, simkuring balik, di lobby kabeneran ninggali pembicara jeung pak Pardjo leumpang bareng, ku simkuring dituturkeun ti jauh, maranehanana narangtung di lobby hotel, ah uing hayang nejo mobil BMW built up pak Pardjo yeuh, tapi teu bijil2 geuning, nu datang malah 2 motor, si pembicara jeung pak Pardjo tawar menawar sakeudeung, trus naek, simkuring kaget, har naek ojek!, tuluy uing jadi panasaran, langsung ka lobby nanya satpam nu tadi ngagero tukang ojek, uing nanya, pak naha pembicara jeung pak pardjo naek ojek?, pan marehanana jelema beunghar, milyarder cenah, komo pak Pardjo, saksi hidup jeung nu ngamalkeun rumus pembicara tea jeung ayena geus jadi jelema beunghar pisan?" ceuk satpam, "pak marenehanana mah biasa nek ojek, cenah bari seuseurian, bapak kaget nya?, tong kaget pak, pak Simon (pembicara) jeung pak Pardjo teh tatangga uing, imahna di daerah cibeureum, ngalontrak di perum, uing sok hayang seuri ninggali jelema siga bapak, mayar seminar mahal2 hayang jadi jelema beunghar, padahal nu ngajar oge jelema malarat teu eucreug, bapak teh ditipu, pak Simon bisa hirup gara2 jelema siga bapak, deleka meuereun bapak nya, poho mayar zakat atawa sok agul, ayeuna ku Gusti Allah di bales bapak, dibobodo ku jelema siga pak Simon jeung pak pardjo, pak, bapak teh jelema ngarti sigana, maeunya bisa dibobodo siga kitu?..." Uing jawab ka satpam; "kaleresan sim kuring dipasihan undangan gratis ku team EO pak Simon pak, mun nu sejen enya mayar... jadi teu rugi teuing ngan kaget oge nya pak, mangga pak, nuhun pisan kana wejangan bapak, abdi jadi rumangsa jeung isin yeuh, mangga ah pamit..." Simkuring tuluy balik ka imah pun lanceuk di daerah cimahi, di jalan mikir, hebat ieu jelema,jadi inget ka tukang nu ngajual rumus ngajebol togel meh tembus, rumus di jual 10 rebu samet 50 rebu, dijamin tembus cenah, tapi si tukang jual rumus rahasia ge teu pernah masang togel make rumus manehanana jeung tetep teu jadi beunghar ngadadak gara-gara togel, tapi hirup ti ngajual kode rahasia menembus togel. Tapi uing oge sarua gelona meureun nya, samet dibebelaan jauh2 ti Jakarta ka bandung keur seminar rahul iee?, hahahahaha. Ieu kajadian teh sataun kaliwat, simkuring jadi inget deui pas kamari meunang undangan seminar sarupa via email ti saurang pembicara seminar motivasi, nu kabeneran simkuring apal pisan saha manehna jeung kahirupanana, nu ngundang deui oge sarua, mere rumus jitu 90 hari menjadi milyarder, leuwih lila 30 poe di banding pak Simon nu perlu 60 hari jadi milyarder, tapi babaturan smikuring jeung pak simon sarua wae, jelema nu neangan rejeki ti ngajual seminar rahul.... Ah hirup, pinuh ku misteri, aya-aya wae... Wassalam Kang Deni Blog: http://www.deni-ds.blogspot.com

