Heuheuheu...
enya kang, asa tu logis da cara2na oge...
untung weh can pernah ngiringan acara jiga kieu... mendingan seminar anu
eusina elmu anu puguh. :D

-Bohay-

2008/3/3, Deni Danasenjaya <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>   Wilujeung dugem sadayana!!!,
> eh salah euy :), wilujeng wengi meureun kumaha damang?
>
> Hoyong babagi carios yeuh, aya pangalaman menarik simkuring, mun teu
> di sebut belegug tea, jauh2 saba kota keur kagiatan nu kararitu,
> tapi da geus kajedn, kumaha deui :)
>
> Pan jaman ayeuna keur rame di mana2, ngundang motivator, komo mun nu
> di undang mere jurus jeung rahasia jadi milyarder, menjadi pengusaha
> dengan cara edan dll. Hebatna deui setiap aya seminar motivasi nu
> bakal ngajarkeun rahasia jadi jelema beunghar ngadadak pasti laku
> keras, mun nu gratis mah komo deui, samet ka narangtung di aula
> convention room jeung parebut asup saat acara rek di buka.
>
> Trus nu mayar oge teu eleh hebohna, pinuh wae, sangkilang harga
> tiketna Rp. 2,5 juta perak ge, laris manis. Pas di acara seminar, si
> motivator ajrug2-an, gogorowokan, semangat!, semangat!, anda mau
> kaya?!, anda mau kaya?!, rubah hidup anda?!, lakukan perubahan saat
> ini?!, tirulah saya?!, saya sekarang sudah kaya?!, tuluy manehanana
> lulumpatan dina podium, kadang akrobat sagala, trus manggil hiji dua
> peserta, ditanya naon maksudna ngilu seminar ieu, trus nanya; 1 + 1
> sabaraha?, mun dijawab 2 ku pembicara disalahkeun!, nah ini dia,
> pikiran sempit dan negatif!, semua selalu berpikir 1 + 1 = 2,
> padahal dalam kamus orang kaya 1 + 1 = 11 cenah, bahkan 1 + 1 =
> satrilyun!.
>
> Trus manehanana ngomong, mere jurus jeung rahasiana, cenah mun
> hayang beunghar ngadadak, saderhana pisan, teu kudu modal gede,
> cukup duit urang nu aya ayeuna, tapi kudu niat nu teges, jeung kudu
> eureun heula di gawe meh semangat luar biasa. Pas urang geus di PHK
> atawa eureun bakal meunang pesangon, tuluy cenah pesangon eta di
> simpen di bank, tah ieu rahasia pertama, neangan modal di bank ku
> cara gampang, teundeun duit urang 10 juta di tabungan, isukan
> ditarik 5 juta, tuluy setorkeun deui 3 juta jeung 2 juta, tuluy siga
> kita salila sabulan, pas geus sabulan mutasi rea pan, tuluy ajukeun
> kredit, mun total mutasi 300 juta dijamin bakal meunang kredit 300
> juta, duit kredit ieu tuluy dijadikeun DP meuli ruko dikawasan
> strategis, geus meunang ruko kreditan tuluy nginjeum duit deui ka
> bak segede 2 milyard soalna ruko kreditan urang hargana 2 milyard,
> terus ulangi jeung ulangi, dijamin dina 2 bulan urang geus boga 5
> ruko jeung beunghar pisan euy!!!.
>
> Peserta seminar colongok kabeh, jigongna kalaluar, kagum ka
> pembicara nu mere jurus rahasia, mumpung keur panas kabeh, pembicara
> tuluy manggil saurang tamuna, cenah tamu ieu saksi hidup nu geus
> ngajalankeun rumus jitu manehna, pak Pardjo ngarana, ayeuna boga
> ruko 5 di bandung jeung investasi saham di BEJ lewat pialang saham,
> 2 bulan kalewat pak Pardjo masih supir perusahaan di sebuah hotel di
> bandung nu tugasna antar jemput karyawan jeung tamu, ayeuna
> manehanana milyarder, pak Pardjo murid favorit manehananan cenah,
> salain sukses ngajalankeun rahasia jeung jurus benghar si pembicara,
> pak Pardjo wani ngagadaikeun motor kreditan menehanana keur ngilu
> seminar si pembicara nu hargana 2,5 juta perak tea.
>
> Ayeuna eta motor nggeus ngalayang, lain dijabel ku leasing, tapi pak
> Pardjo ayeuna geus make BMW seri terbaru built up nu hargana
> samilyard perak, pak Pardjo geus teu ngontrak di rumah petak, tapi
> boga imah sigrong di Arcamanik jeung sababaraha apartment di Jakarta.
>
> Di akhir carita, pembicara ngabagikeun buku nu geus ditandatangan
> manehanana, tuluy mere jurus pamungkas, bapak2 & ibu2, anda sudah
> mendengarkan jurus rahasia menjadi milyarder saya, dan sudah
> mendengarkan kesaksian pak pardjo, maka saya tunggu kesuksesan anda
> 60 hari lagi, take action, jangan ragu, yang ragu2 pasti gagal,.
> yang berani pasti akan sama kayanya bahkan lebih kaya dari pak
> Pardjo.
>
> Acara selesai, peserta baralik, samemeh balik marenta kartu nama pak
> Pardjo jeung pembicara, di tempat parkir ngaromong soal rahasia jitu
> ieu, di halte bis oge, simkuring kabeneran lapar euy, mampir heula
> dahar di buffet hotel, sanggeus 2 jam leuwih, simkuring balik, di
> lobby kabeneran ninggali pembicara jeung pak Pardjo leumpang bareng,
> ku simkuring dituturkeun ti jauh, maranehanana narangtung di lobby
> hotel, ah uing hayang nejo mobil BMW built up pak Pardjo yeuh, tapi
> teu bijil2 geuning, nu datang malah 2 motor, si pembicara jeung pak
> Pardjo tawar menawar sakeudeung, trus naek, simkuring kaget, har
> naek ojek!, tuluy uing jadi panasaran, langsung ka lobby nanya
> satpam nu tadi ngagero tukang ojek, uing nanya, pak naha pembicara
> jeung pak pardjo naek ojek?, pan marehanana jelema beunghar,
> milyarder cenah, komo pak Pardjo, saksi hidup jeung nu ngamalkeun
> rumus pembicara tea jeung ayena geus jadi jelema beunghar pisan?"
>
> ceuk satpam, "pak marenehanana mah biasa
> nek ojek, cenah bari seuseurian, bapak kaget nya?, tong kaget pak,
> pak Simon (pembicara) jeung pak Pardjo teh tatangga uing, imahna di
> daerah cibeureum, ngalontrak di perum, uing sok hayang seuri
> ninggali jelema siga bapak, mayar seminar mahal2 hayang jadi jelema
> beunghar, padahal nu ngajar oge jelema malarat teu eucreug, bapak
> teh ditipu, pak Simon bisa hirup gara2 jelema siga bapak, deleka
> meuereun bapak nya, poho mayar zakat atawa sok agul, ayeuna ku Gusti
> Allah di bales bapak, dibobodo ku jelema siga pak Simon jeung pak
> pardjo, pak, bapak teh jelema ngarti sigana, maeunya bisa dibobodo
> siga kitu?..."
>
> Uing jawab ka satpam; "kaleresan sim kuring dipasihan undangan gratis
> ku team EO pak Simon pak, mun nu sejen enya mayar... jadi teu rugi
> teuing ngan kaget oge nya pak, mangga pak, nuhun pisan kana wejangan
> bapak, abdi jadi rumangsa jeung isin yeuh, mangga ah pamit..."
>
> Simkuring tuluy balik ka imah pun lanceuk di daerah cimahi, di jalan
> mikir, hebat ieu jelema,jadi inget ka tukang nu ngajual rumus
> ngajebol togel meh tembus, rumus di jual 10 rebu samet 50 rebu,
> dijamin tembus cenah, tapi si tukang jual rumus rahasia ge teu
> pernah masang togel make rumus manehanana jeung tetep teu jadi
> beunghar ngadadak gara-gara togel, tapi hirup ti ngajual kode
> rahasia menembus togel. Tapi uing oge sarua gelona meureun nya,
> samet dibebelaan jauh2 ti Jakarta ka bandung keur seminar rahul
> iee?, hahahahaha.
>
> Ieu kajadian teh sataun kaliwat, simkuring jadi inget deui pas
> kamari meunang undangan seminar sarupa via email ti saurang
> pembicara seminar motivasi, nu kabeneran simkuring apal pisan saha
> manehna jeung kahirupanana, nu ngundang deui oge sarua, mere rumus
> jitu 90 hari menjadi milyarder, leuwih lila 30 poe di banding pak
> Simon nu perlu 60 hari jadi milyarder, tapi babaturan smikuring
> jeung pak simon sarua wae, jelema nu neangan rejeki ti ngajual
> seminar rahul....
>
> Ah hirup, pinuh ku misteri, aya-aya wae...
>
> Wassalam
> Kang Deni
> Blog: http://www.deni-ds.blogspot.com
>
>  
>

Kirim email ke