Haturan kang Jamar, wilujeng tepang sareng simkuring...
nepangkeun sim kuring Pun Toni, teu janten nanaon di KUSnet sareng sanes
sasaha...
tapi hoyong ngomentaran postingan kang Jamar anu tos nawiskeun tempat kanggo
KOPDAR warga KUSnet di Jakarta.
sae pisan eta Ideu ti kang jamar teh, kuring kataji kusabab justru ieu teh
nuju milarian tempat, kanggo balad baraya Jabodetabek oge Bandung sareng
sabudeureunana anu hoyong ngarojong ngabantosan dina pembentukan Panata
calagara Halal bi Halal KUSnet 2008 anu ka-5 (HBHKUSnet 2008), biasana sok
dibumina teh Imas di Jl. Langsat-Kebayoran baru mung ayeuna mah teu tiasa
jalaran teh Imas na seueur pisan kasibukanana...

Kukituna ari aya anu masihan tempat mah kanggo ririungan, kumaha upami
sakalian KOPDAR sakalian rapat pembentukan pengurus/kapanata calagaraan
HBH2008 , tah kumaha?
ieu oge sugan aya nu kersa janten rengrengan Panata Calagara na, da'
seuseueurna mah geningan biasa seueur ukur usul wungkul bari tara kersa
damelna mah...cenah majarkeun teh Panata Calagara oge ulah- EDED (eta
deui-eta deui), nya atuh sugan jeung sugan aya nu kersa damel sosial tanpa
di gajih bari jeung konsekwen, hayu urang ngariung ngabadantenkeun masalah
HBH KUSnet 2008 sasarengan.

Sakantenan ku abdi engke di wartoskeun ka kang Ndoell sareng Apih Sidik,
kanggo waktos na mah ari tempat tos aya nu nyanggeman mah....tah kumaha saur
baraya nusanesna?
da' biasana mah sok ngerelok yeuh ari bade dijantenkeun Panata calagara
mah...(termasuk abdi)hihi....
ngan ieu mah ngajak wae kasadayana, oge sakantenan ngalajuning laku keun
naon anu tos di posting ku Apih sidik sateuacana, kusabab leres, yen waktos
teh parantos nyerelek, gawe kapanata calagaraan HBH KUSnet 2008 kedah tos di
mimitian....

Mangga Komentarna tinu sanes....diantos atuh.....haturan kasadayana ....


-ts-


On 3/4/08, Jamar Komarudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Kasadaya Baraya Millis Urangsunda,
> Abdi teh aya ide kumaha urang lamun ngayakeun kukumpulan.
> Kaleresan tempatna abdi tiasa ngusahakeun (free).
> Persisna di :
>                         "Darmint Cafe"
>                         Jl. Tebet Utara I No. 8
> Tempatna lumayan asri, tur aya galeri oge margi aya nu resep kana bidang
> seni panginten cocok.
>
> Acarana mah iraha bae urang tangtukeun, tur kagiatanana urang badamikeun
> ku sadayana.
> Nyuhunkeun catetan sareng idena tinu lain !!1
>
> Hatur nuhun.
> Jamar Komarudin ([EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED])
>
>

Kirim email ke