Tiasa Pisan kang Toni, da Ieu tempat teh pengelolana sanes wungkul usaha cafe
tapi sering oge di angge kanggo diskusi, konferensi pers, arisan keluarga,
launching produk
sareng nu lian-liana.
tempatna abdi tiasa ngusahakeun gratis, tapi upami tuang sareng nginum mah
mangga masing-masing bae. upami nu entos2 mah pengelola ngalarang mawa
kadaharan tiluar.
nu penting mah kang Toni kedah konfirmasi heula ameh teu bentrok kanggo acara
nu lian
tur pengelolana ameh siap2 oge.
informasi tambahan cafena teh bebas alkohol alias halal sadayana
upami aya nu bade di taroskeun mangga email bae ka abdi
Jamar Komarudin ([EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED])
Toni Sofian <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan kang Jamar, wilujeng tepang sareng simkuring...
nepangkeun sim kuring Pun Toni, teu janten nanaon di KUSnet sareng sanes
sasaha...
tapi hoyong ngomentaran postingan kang Jamar anu tos nawiskeun tempat kanggo
KOPDAR warga KUSnet di Jakarta.
sae pisan eta Ideu ti kang jamar teh, kuring kataji kusabab justru ieu teh nuju
milarian tempat, kanggo balad baraya Jabodetabek oge Bandung sareng
sabudeureunana anu hoyong ngarojong ngabantosan dina pembentukan Panata
calagara Halal bi Halal KUSnet 2008 anu ka-5 (HBHKUSnet 2008), biasana sok
dibumina teh Imas di Jl. Langsat-Kebayoran baru mung ayeuna mah teu tiasa
jalaran teh Imas na seueur pisan kasibukanana...
Kukituna ari aya anu masihan tempat mah kanggo ririungan, kumaha upami sakalian
KOPDAR sakalian rapat pembentukan pengurus/kapanata calagaraan HBH2008 , tah
kumaha?
ieu oge sugan aya nu kersa janten rengrengan Panata Calagara na, da'
seuseueurna mah geningan biasa seueur ukur usul wungkul bari tara kersa damelna
mah...cenah majarkeun teh Panata Calagara oge ulah- EDED (eta deui-eta deui),
nya atuh sugan jeung sugan aya nu kersa damel sosial tanpa di gajih bari jeung
konsekwen, hayu urang ngariung ngabadantenkeun masalah HBH KUSnet 2008
sasarengan.
Sakantenan ku abdi engke di wartoskeun ka kang Ndoell sareng Apih Sidik, kanggo
waktos na mah ari tempat tos aya nu nyanggeman mah....tah kumaha saur baraya
nusanesna?
da' biasana mah sok ngerelok yeuh ari bade dijantenkeun Panata calagara
mah...(termasuk abdi)hihi....
ngan ieu mah ngajak wae kasadayana, oge sakantenan ngalajuning laku keun naon
anu tos di posting ku Apih sidik sateuacana, kusabab leres, yen waktos teh
parantos nyerelek, gawe kapanata calagaraan HBH KUSnet 2008 kedah tos di
mimitian....
Mangga Komentarna tinu sanes....diantos atuh.....haturan kasadayana ....
-ts-
On 3/4/08, Jamar Komarudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kasadaya Baraya Millis Urangsunda,
Abdi teh aya ide kumaha urang lamun ngayakeun kukumpulan.
Kaleresan tempatna abdi tiasa ngusahakeun (free).
Persisna di :
"Darmint Cafe"
Jl. Tebet Utara I No. 8
Tempatna lumayan asri, tur aya galeri oge margi aya nu resep kana bidang seni
panginten cocok.
Acarana mah iraha bae urang tangtukeun, tur kagiatanana urang badamikeun ku
sadayana.
Nyuhunkeun catetan sareng idena tinu lain !!1
Hatur nuhun.
Jamar Komarudin ([EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED])
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.