Kang W,

Abdi ningal didieu dua masalah "percaya kana teluh" sareng hese
"ngabuktikeun" teluh anu dibaledogkeun ka porum. Hese rek teu percaya tapi
hese rek percaya lamun urang can ngalaman sorangan..pangalaman abdi di
Banten, Kutai, Jakarta, Cililin, Gunung halu..nyata eta teh..duka naon wae
ngaranna. Tapi hese ngabuktikeunnana.....kantos aya supir anu beuteungna
sagede akrung beas...dicandak kadokter..dokter teu ngarti...akhirna ku urang
leuweung..tiasa beres ngan saukur diusap jeung "diharewosan"....


On 3/5/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Taun 1972, waktu kuring kelas II SMA, babaturan nu urang Rancakalong,
> hariweuweus, cenah di lembur nu deukeut jeung lembur manehna, keur aya
> gerakan ngabersihkeun para tukang teluh.
>
> "Dibersihkeun kumana?", ceuk kuring teh.
> "Nya dilekek", cenah bangun sugema, lemburna aman ti pagawean tukang
> teluh.
> "Ah maneh mah, kumaha ngabuktikeunana, eta jalma tukang teluh?", ceuk
> kuring
> teh heran.
> "Gampang, cirina lamun aya nu pasea jeung tukang teluh, nu maseanana sok
> gering, malah aya nu tepi ka hanteuna"
> "Lamun kitu mah, loba meureun nu dibersihkeun teh?"
> "Geus tujuh urang!"
>
> Saminggu saprakna paguneman kuring jeung babaturan, warta ngabersihkeun
> tukang teluh teh ngajeblag dina Pikiran Rakyat. Korbanna pas 7 urang,
> saperti nu disebut ku babaturan. Ceuk warta eta teh, tujuh urang nu
> disangka tukang teluh, ditelasan, terus mayitna dikuburkeun dimana wae. Nu
>
> jadi algojo urang lembur Tanjung siang Subang, cenah ngahaja disewa ku
> urang
> Rancakalong, da meureun teu pati tega ari kudu nelasan batur salembur mah.
>
> Harita Sumedang rada "geunjleung" sabab jarang aya kajadian samodel kitu,
> malah sainget kuring tepi ka ayeuna, ngan harita-haritana kajadian samodel
>
> kitu di Sumedang. Waktu di sidang, pangadilan pinuh kunu hayang nyaho.
>
> Ngagunusiksa batur ku jalan mistik, diurang disebut teluh, jarang disebut
> elmu sihir. Kapercayaan kana teluh kuat pisan diurang, salian di
> Rancakalong taun 1972, kajadian ieu sababraha kali mucunghul di Jabar
> bagean kidul sababarha taun katukang. Hanjakal ngabuktikeun ayana teluh,
> hese. Kungsi maca cenah perkara teluh teh rek diasupkeun kana hukum
> positif
> pidana, keur nampung "aspirasi" masyarakat nu kuat keneh kapercayaanana
> kana
> teluh. Tapi duka lebet henteuna mah, nu jelas acan kungsi ngareungeu tukah
>
> teluh asup ka pangadilan kulantaran disangka neluh.
>
> Ceuk cenah, di aturan jaman Majapahit baheula, aya undang-undang anti
> teluh,
> teu jelas jiga kumaha tah jalma baheula ngabuktikeun tukang teluh. Eta
> baheula, tapi ayeuna di Arab Saudi, lamun disangka jadi tukang sihir teh
> bisa dihukum atawa paling henteu ditewak pulisi. Saperti nu kaalaman ku
> Ruminih jeung Tari TKW ti Indonesia nu ditewak pulisi Arab Saudi,
> kulantaran
> disangka tukang teluh. Maranehna diasupkeun panjara terus disiksa.
> Sanggeus
> Indonesia "turun tangan", dua urang Indonesia nu keur sial ieu, poe ieu
> dibalikkeun ka Indonesia. Aya deui dua urang TKW nu tepi ka hanteuna
> disiksa
> ku dununganana, kulantaran disangka neluh dununganana!
>
> Naha kumaha urang Arab Saudi boga bukti yeng TKW nu dikirim ti urang teh
> aya
> nu boga profesi Tukang Teluh? Tah ieu nu cilaka, kulantaran beda budaya
> tea.
> Bangsa urang sok percaya kana jimat atawa isim, biasana keur maksud
> kasalametan. Tapi mamawa jimat jeung isim ka Arab Saudi bisa jadi mamala,
> disangka jadi tukang Teluh. Dina warta sababraha bulan katukang aya TKW nu
>
> mamawa siki jambe (sigana mah keur jimat) , kapanggih, langsung dituduh
> tukang teluh. Meureun, siki jambe keur Urang Arab Saudi kaasup barang
> aneh,
> da di tanah arab mah euweuh tangkal jambe.
>
> Teu di nagara sorangan, teu di nagara batur, dituduh jadi tukang teluh
> nasib
> bisa sial. Di urang bisa dikoroyok batur salembur, di nagara batur malah
> leuwih, sabab pamaretahna oge pipilueun percaya kana teluh ...leuwih
> cilaka
> deui.
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> 
>

Kirim email ke