> From: "Tessar Wardhana" <[EMAIL PROTECTED]>
> Mengangkat Khalifah: Fardhu Kifayah

Kang, upami akang gaduh ideologi politik yen Khalifah teh Fardhu Kifayah, 
nya mangga, da  ari Indonesia mah nganut faham demokrasi, warga nagarana 
dijamin hakna dina gaduh pamadegan. Kuring mah mairan teh pedah we Kang 
Tessar nyebut2 khalifah teh ngan aya hiji salila 13 abad. Keur nu terang 
sajarah, statement ieu matak ngahuleng jeung aneh. Sajarah Islam, salian nu 
alus-alus, aya oge bagian "tragedina", saperti umumna sajarah manusa dimana 
wae. Kumargi kitu salian kang Tessar gaduh ideologi politik Khalifah Fardu 
Kifayah, hayu urang diajar  SAJARAH. Tina sajarah urang bisa nempo mangsa 
katukang, boh nu alusna atawa nu gorengna,  keur nincak kahareup!.

Tapi tangtuna oge sajarah anu bener, lain sajarah anu dimanipulasi keur 
kapentingan politik!

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke