Ngiring mairan ah.... Subhanallah* Kang Dadi hatur nuhun tos babagi pangalaman. Mun seug urang Indonesia emutan sadayana sami jiga Kang Dadi pasti aman, moal aya koruptor (hiji hil nu mustahal heheh*moal rame atuh dunya teh nya?).
Kamari mah ningali pilem lawas na TiPi, Devile Advocate, nu janten lalakona Keanu Reeves. Teu dimana-teu dimendi, teu di agama Islam teu di Nasrani, geuning nu namina rejeki haram mah aya mamalana*sanaos gajih ageung, dipasihan apartemen mewah, sagala fasilitas ok. Balukar tina ngaemam rejeki haram hirupna kacow, istrina gelo* tungtungna ngabedil maneh*. Sapuk, sakapeung mah urang teh kudu api2 jadi jalma lolong, pireu bin torek dina enggoning hirup, turutan we bebek* cueeeexxxx *beybeh heheh* Emut kasauran Aa Gym, yen jalmi pinter teh sanes ku cerdas uteukna, tapi dina sagala rupi tingkah paripolah urang aya "alarm"na nyaeta emut kana maot. Jadi unggal bade ngalakukeun nu teu leres teh, ari emut kana maot mah, pan moal janten?... Tapi ari saur dr. Lula Kamal mah jalmi pinter teh "minum tolak angin" ceunah*...heuheu* (heureuy nu ieu mah). salam, ro2 Dadi Kurniadi [EMAIL PROTECTED] Tue Mar 4, 2008 1:40 pm Loba harta loba banda tapi teu berekah, ari geletuk teh tong gede-gede dibere diabetes we, cik kumaha? loba duit rek dahar jeung nungeunah teu bisa loba, diukur, di gram.... Loba mobil aya kana 10 na warna warni, dipake nage diakurkeun jeung mun make warna baju. Na da ari dipake teh bet ukur hiji geuning. teu bisa dipake babarengan. Imah sakitu gedena ukur ngaheurinan lembur hungkul, da teu ka ubek kabeh... Jadi naon nu rek diteangan baraya..?? Balik deui ka lalakon simkuring. Sanajan kaayaan kuring model kitu, di imah teu boga korsi-korsi acan (pedah lain teu kabual) da percuma da moal cicing salilana dilembur batur. Cukup ngampar karpet we diruang tengah. dibaturan ku tv 21". padahal mun kuring balik ka lembur atawa ka Batam pasti wae ateul hayang meuli ieu jeung itu. Tah pipikiran "hirup ukur ngumbara" teh kudu diterapkeun dina raraga urang babanda. Inget yen urang teh moal lana didunya. Tapi geuning ari dilembur urang mah mun aya jelema model kuring nepi ka teu boga korsi-korsi acan, teu weleh pada ngaromongkeun. Didieu mah dulur...Chuuu eexxxx we.....euweuh nu usil. Baraya, Kahirupan kuring model kitu, dianggap kukuring mah hiji anugrah anu taya wates wangen na. Sanajan gaji kuring leutik (ceuk ukuran jabatan kuring), tapi dina hate aya hiji kabungah anu taya wates wangen na. Sababna : hiji kuring disalametkeun tina curaling. Kadua bisa nganafkahan anak pamajikan ku jalan halal. Katilu berekah dina ngamangfaatkeun gaji. Ka opat dibere kasempetan ku pausahaan pikeun nga explore kamampuan kuring. Sabab sabenerna mah kuring teh pangsiunan "budak angon" waktu keur dilembur. Kuring leuwih punjul batan babaturan kuring nu masih nepi ka ayeuna masih keneh ngajabat jadi "budak angon" sabab Allah tetep nalingakeun jeung ngawaskeun kuring beurang jeung peuting. Peupeujeuh ka dulur sadaya, jabatan teh "Amanah" nu kudu dijalankeun jeung dijaga ku urang. Masing-masing jalma tangtu ngabogaan "amanah" teu no bodas teu nu hideung, teu miskin teu beunghar kabeh ngabogaan "amanah" da geus jadi fitrahna manusa. Peupeujeuh ka US kasing ka boga ka era, ulah ngerakeun US nya..... Ngomong kieu teh ceuk kang dudi oge itung-itung ngingetan diri sorangan, mun aya mangfaatna mangga we pulungan. wassalam

