> From: "Tessar Wardhana" <[EMAIL PROTECTED]>
> Ah, Kang Waluya mah! ongkoh hoyong neleban pamadegan
> nu sanes jiga kumaha. nya jiga kieu lah! meni siga nu
> pararanas. Tiis we atuh pan ceuk demokrasi ge, bebas
> berpendapat mah. Pami aya pendapat nu ngagogoreng
> demokrasi (da heueuh!), nya keun wae atuh!! pan
> demokrasi...
> Nu puguh mah cara2na kudu damai tong anarkis...

Punten Kang, baca heula sing taliti postingan kuring. Kuring mah sakadar 
ngabejaan lamun Kang Tessar boga aspirasi politik, pan kudu aya nu nampung 
ku partey politik. Sakanyaho kuring Parpol-parpol nu ayeuna ngilu Pemilu, 
teu hiji-hiji acan nu sa-aspirasi jeung Kang Tessar. Jadi carana ormas 
simpatisan Kang Tessar teh (HTI?)  kudu ngiring Pemilu. Ari teu ngilu Pemilu 
mah, teu aya wakilna di parlemen (DPR & MPR). Terus saha nu rek 
memperjuangkeun aspirasi Kang Tessar jeung nu sanesna dina cita-cita 
ngawangun kekhalifahan sadunya? Ieu ngan hiji-hijina jalan nu dibenerkeun ku 
kontitusi  (UUD) nagara urang jeung cara ieu ditanggung bakal jauh leuwih 
damai.  Atawa kang Tessar gaduh cara sanes dina "ngagoalkeun" cita-cita Kang 
Tessar di nagara urang? Cik kumaha carana supaya tetep damai jeung teu 
anarkis?

Kang, kuring embung mairan artikel nu di kirim kang Dadi, sabab percomah eta 
mah kayakinan dina nafsirkeun Al Qur'an. Perkara eusi artikel eta ceuk Kang 
Tessar rasional, mangga, eta mah kayakinan Kang Tessar, kuring oge moal 
ngadebat. Kayakinan mah sarua jeung kabeuki. Contona, sanajan ceuk batur mah 
pizza teh ngeunah, tapi kuring  mah tetep we teu beuki.....

Baktos,
WALUYA



 

Kirim email ke