Ralat: "Nu penting pamahaman eta teu kaluar tina alquran sareng hadist".
Heup ah bakal panjang diskusi na....Sabab "benten Pemahaman". Tapi sah-sah
wae kan??? nu penting urang aya dasarna masing-masing.
Egi Al Ghifari <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ke,...naha tiasa hiji pemahaman kalayan sanes hasil olah akal
fikiran? Apanan aya patarosan "Naha anjeun teu ngagaduhan akal?" atanapi "Naha
anjeun teu tafakur (mikir)?" atuh ari kitu mah waleran Kang Dadi baris "Sumuhun
Gusti, sim kuring ngagaduhan, nanging sim kuring teu keresa nganggo".
On Tue, Mar 11, 2008 at 8:40 AM, Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten pisan Ua, kuring bade ngaluruskeun....abdimah sanes Hizbu
Tahrir ,....Abdi mah Islam biasa nu masih tholab.
Artikel nu dialungkeun sakali deui sanes kanggo di diskusikeun. Nanging
kanggo nambihan wawasan anu hoyong ngaos ieu seratan. Nu teu hoyong maca wios
delete wae... Beres pan...
Punten upami ieu seratan sapertos ditujukeun ka salah sawios jalmi, teu aya
maksad. Nu teu sapagodos punten teu kenging bendu, Sakali deui oge. punten pan
Islam teh seueur pamahaman na, nu penting pemahaman eta kaluar tinu alquran
sareng hadist, sanes kaluar tinu akal fikiran. Ari leres henteu namah relatif.
tinggal urang milih numana anu kudu dipilih.
Ngadirikeun partey.??? naudzubillah hi mindzalik......kuring mah teu aya
tidituna kanggo terjun kana politik. Wios aspirasi kuring mah diungkapkeun dina
email we...ah, bebas....dugi ka jungkir jumpalik oge....
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> From: Dadi Kurniadi
> Punten ah bade ngalungkeun pemahaman tentang demokrasi ti milis
tatanggi kanggo nambih wawasan, Tapi punten teu di
> terjemahkeun,....
Hatur Nuhun Kang. Tapi kuring mah moal ngomentaran kana artikel ieu,
sabab sigana ieu mah geus ngait kana masalah KAYAKINAN. Ari
KAYAKINAN mah hese didiskusikeunana, da lamun geus kitu, nya kudu
kitu. Sabenerna langkung sae lamun Kang Dadi, Kang Tessar atanapi
nu sanesna nu gaduh aspirasi politik Hizbut Tahrir, aya hadena
ngabentuk Partey nu ngiringan Pemilu supaya aspirasi Kang Dadi, Kang
Tessar jrrd kawakilan di Parlemen Indonesia (DPR). Ari teu ngiringan
Pemilu mah, aspirasi ieu bisa kapendet. Aspirasi nu kapendet bisa
nimbulkeun masalah engkena. Sareng deui ieu hiji-hijina cara nu SAH
di nagara Republik Indonesia, lamun bade ngaganti sistem pamarentah
atawa malah ngaganti kontitusi (UUD). Diluar cara ieu, bisa dianggap
makar (barontak).
Manfaatkeun demokrasi Kang! keur aspirasi akang. Da Hiztbut Tahrir
oge, tadina markasna di nagara demokrasi, Inggris. HT, umumna teu
ditarima di nagara-nagara Islam di Timur Tengah, sabab HT hayang
ngahijikeun nagara-nagara Islam, ieu berbenturan jeung NASIONALISME
nagara-nagara Islam sorangan. Para tokohna "lalumpatan" ka nagara
Eropa nu nganut faham demokrasi jeung faham kabebasan berpendapat.
Baktos,
WALUYA
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
now.
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.