Eh ari si akang :), ieu mah memang kisah nyata simkuring minggon 
kamari (01/03/2008), aya kenek saksina, pun anak nu masih jamedud 
baeud mun ngadangu2 sakola alam, karunya geura budak umur 6 tahun 
mah polos pisan, manehanana can ngarti dunya, manehanana bingung, 
naha cenah urang anu arek sakola can di test can di tanya nanaon, 
naha di sebut teu bisa sakola di dinya, sababna mah gara2 indung 
bapana di anggap kurang komitmen ka eta sakola jeung rea teuing 
tatanya saat di interview.

Kitu kang cariosna saleresna mah, memang jadi rame tah di comment 
diskusi blog simkuring, mangga kelak-kelik wae: 
http://www.deni-ds.blogspot.com 
ngeunaan bisnis pendidikan nu simkuring uningakeun.

Kita ah klarifikasi ti sumkuring, ulah janten fitnah boh ka pribados 
atanapi sakola nu di maksad, ieu mah sakadar ekspresi kekecewaan 
simkuring ka sistem seleksi hiji sakola alam swasta nu teu make 
standar umum jeung sawajarna siga nu liana sasuai ketetapan diknas, 
nu ngganggo definisi sareng konsep berbeda ti kabiasaan, jadi wajar 
pan mun simkuring nuliskan hal eta di blog pribados...


Wassalam
Kang Deni
Blog: http://www.deni-ds.blogspot.com

------------
In [email protected], solihin st <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

ieu teh tos cross cek ti sumberna ? atanapi nembe gosip....

kade ah.... bilih jadi ka awonan .... janji komentar bari jeung teu 
terang asal usulna....

-------------
H Surtiwa wrote:
Enya abdi tos maca dina blog Kang deni..memang aya jelema anu 
modar2an ngabela SA Ciganjur teh..eta anu make ngaran Vera jeung 
bundakey...Tah sigana pangikut Lia Eden oge type jelema kieu....Ari 
ceuk abdi mah golongan anu kieu teh korban aliran "feodal 
intelek"..anu over kana ngamumule hiji elmu atanapi pangulinan 
atanapi hobby...Anu dipujon teh didieu duka Sakola Alam na 
(kulantaran benten ti Sakola reguler anu jeleas mangrupa Business 
Pendidikan lamun dikalola ku Swasta atanapi Obligasi pamarentah keur 
sakola nagri...Ayeuna Ibu2 teh keur ngetop.. ngaraos hade lamun 
tiasa nyakolakeun anakna..ka Home Schooling...asa pangmajuna...trend 
akhir..biaya teu paduli..da ngaranna trend...Di lain pihak aya deui 
golongan Panusaha Pendidikan anu jeli...ieu lolongkrang teh dianggo 
ngeksploitir..penggemar..keur tujuan business.....Dalihna..gampil 
Sakola Komunitas....dari masyarakat keur masyarakat...urang ulah 
hilaf..demi trend ieu teh urang ngrorbankeun dua hal ;
1) Biaya langsung, hartosna cross subsidi keur nyakolakeun budak 
batur oge. teu mungkin mun muridna ngan sababaraha siki mah (ieu anu 
diwartakeun Sakola Kuminitas teh).
2) Hidden Loss ti waktu Ortu kulantaran kudu ulubiung kana kagiatan 
eta sakola bari ngorbankeun waktu keur gawe utama atanapi Usaha 
utama. Jadi sakola Komunitas ieu teh sabenerna nyedot duit jeung 
waktu Ortu.

 

Kirim email ke