Ieu mah cenah, aya beja ti jurig .... duka enya duke bohong. Ari urang sunda teh sok poho ka balik. Lamun nyaba kudu ngulon, alias tong kawetan, kaler, kidul Tuh tingali karuhun urang Prabu Siliwangi .... Loba para inohong teh urang sunda, tapi .... tapi ...... Poho ka asal, teu euweuheun nu jadi Wakil Presiden, Mentri, Gubernur, Camat, Lurah di daerah pangumbaraan, tapi .... tapi ..... euweuh carita Gegeden ti sunda daek Ngangkat darajat kaumna. Teung teuingeun mang kumincir. heeeeeeeee. Minimal teu mere materi atuh mere solusi kumaha sangkan daerah di tatar sunda teh maju. Lamun ngumbara cenah sok poho ka balik. Kumaha teu tenarna Bang Ali di Jakarta, tapi di Sumedang .... Euweuh kamajengan, taman ge taman endong, lain taman tahu. tapi ... tapi ... Eta mudah-mudahan beja ti jurig. Bejakeun ka urang sunda. Tong poho balik .... Kumaha sangsarana urang sunda, Ngan jadi bemper kakawasaan. Mugia ieu teh beja ti jurig.
Wasala, Kang Tatang Asli Wado.

