istilah nu keur tren di pangulinan mah SE, self evaluation tea. evaluasi
diri. jurusan desain interior pangulinan, tempat sapopoe ulin, geus nyieun
nu kitu, terus dikirim ka BAN PT (lain ban mobil) terus dikonfirmasi, urang
ban pt, dosen ti sababaraha PT (nu kamari mah ti uny jeung isi yogya)
nganjang, nyaruakeun data jeung kanyataan. hasilna, dibere niley A (deui).
lumayan, bari teuing pikeun naon, ngan asa gaya we. hehe

soal US poho balik, tangtos teu sadayana. jaba apan di urang boga adat Mudik
tea, unggal lebaran. kalih ti eta, loba oge nu ngajabat/gawe di kota/dayeuh,
ari geus pangsiun mah mulang ka lembur, saacan mulang ka jati. hihi.

atuh nu jadi pajabat di luar tatar sunda, teu euweuh. aya US nu jadi
walikota (balikpapan jsb pernah boga walikota US), nu jadi gubernur di
lembur sejen, jsb. sanajan umumna nu kitu mah US jenis UST, urang sunda
tangtara. make jalur rejim militer tea. tapi da sanajan ngan saurang, nya
aya, nu jadi kepala desa di pabelan mungkid magelang: putri cikal kang Ajip
Rosidi, ceu Nunun, nu nikah ka salah saurang kulawarga kyai pabelan, jadi
kepala desa geus dua kali cenah alias 16 taun, da kepala desa mah 8 tahun
sakali ngajabat.

loba nu nyaba ka wetan. nu mucunghul di kampus cara Prof. Kusnadi
Hardjasumantri urang Manonjaya, nu kungsi jadi rektor UGM (plesetan si
kuring mah, universitas gamfang & mudah, heuheu, punten bisi aya alumnina,
ieu mah ukur heureuy

nu di luar nagreg, teu euweuh. aya rada loba oge. sanajan teu jadi camat
atawa bupati, lieur atuh kudu jadi pajabat di negeri deungeun mah, kudu
ganti ktp. hehe



-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke