"Jay.." "..." "Jay !" "..." "Jaaaaay !" "Euy !" "meni bolot ih, di geroan teh kalah ka cicing wae.." "Saha ?" "Maneh !" "Owh..enya.." "Naon nu enya ?" "Enya, eta.." "Naon ?" "Teuing atuh..ari maneh ngomong naon kitu ?" "Puguh teu ngomong nanaon.." "Enya, maksud uing ge kitu" "Ih, kamana wae nyarita teh. Lain jay, uing rek nanya, ari taun ieu Kusnet rek ngayakeun HBH moal nya ?" "Teuing atuh.." "Teu apal ?" "Teu.." "Naha ?" "Ah, di lembur ge caricing wae ari diajak ngomong HBH teh.." "Kungsi kitu maneh ngajakan ?" "Henteu.." "Yeeee, puguh we atuh caricing mun teu diajakan nyarita mah.." "Enya uing mah henteu, tapi batur kungsi ngajakan." "Trus ?" "Naon ?" "Kumaha tanggapanana ?" "Tanggapan naon ?" "Enya, tanggapan batur soal HBH ?" "Ih ari maneh, puguh caricing wae !" "Naha nya ?" "Teuing atuh.." "Jigana geus teu daraekeun Kopdar meureun nya ?" "Boa..." "Jigana geus teu daraekeun HBH meureun nya ?" "Boa..." "Jigana geus teu daraekeun paranggih meureun nya ?" "Boa..." "Ari kitu mah jigana bohong ..." "Saha ?" "Batur..." "Kumaha kitu ?" "Enya, nu nyebutkeun aya getih goib sunda teh.." "Boa atuh..." "berarti bohong hayang manjangkeun bulu irung teh.." "manjangkeun silaturahmi meureuuun.." "Eh enya, eta.." "Boa atuh kitu.." "Boa-boa wae....boa-boa maneh ge kitu .." "Boa.."
-dul-

