Saur saha Islam teh agama akal?
kedah ati-ati ah, margi nu dipadungdengkeun ieu teh tetep ditalingakeun ku
Allah swt. termasuk naon anu nyalindung na jero hate.
Pami ngobrol keun agama Allah, atuh kotretkeun hadistna supados jelas
kabeneran na ...margi nu diobrolkeun teh pan Agama Allah, urang teu kedah
kaluar tina dua eta (AQ jeung AH).
Geura rehgepkeun:
Yaayyuhalladziina amanuuttaqullaha waquuluuqaullansadiidan,
yuslihlakumamalakum wayaghfirlakum dzunuubakum waman yuthi'illaha wa rosulahu
faqod faaza fauzan 'azhiiman (al ahzab 70-71)
[Hai jalma-2 nu iman, Taraqwa lah aranjeun sakabeh ka Allah jeung ucapkeun
ucapan nu bener, niscaya Allah bakal meneran ka aranjeun amalan-amalan aranjeun
jeung ngampuni dosa -dosa aranjen. Sing saha-saha anu toat ka Allah jeung
Rasul-Na, Niscaya sabenerna maranehna geus meunang kameunangan nu gede.]
Hiji deui:
Fainna asdaqolhadiitsi kitabullahi wa khoirol hadyi hadyu Muhammad
shallallahu'alaihi wa 'ala alihi wa sallam. Wa syarrol umuuri muhdatsaatuhaa
Wakulla muhdatsatin bidah Wakulla bidahtin dholalah Wakulla dholalatin finar
(Hr Muslim, Ahmad, An nasai)
[Sabenerna saalus-alus ucapan nyaeta ucapan Kitabullah jeung saalus-alus
pitunjuk nyaeta pitunjuk Muhammad jeung sagoreng-goreng perkara nyaeta pekara
bidah. Satiap bidah nyatana sesat. Jeung satiap kasesatan tempatna di
neraka.] Naudzubillah....
Janten pami madungdengkeun agama Allah teu kenging kaluar tina AQ jeung AH,
komo lamun kaitan na jeung aQIDAH.
Margi akal mah relatif penilaianna. Alus jeung gorengna kumaha ceuk nu loba.
Sedengkeun apan nu leuwih loba teh pan can tangtu kabeneran na. Da jelas nu
bener mah ngan kitabullah jeung assunah (alhadist) hungkul. Geura lenyepan sing
lantif hadist di luhur.
Tafsir nu nyebutkeun agama islam teh agama akal = salah gede. Sabab agama
islam mah lain dijieun tina akal-akalan. Tapi bener-bener asalna tina wahyu nu
diturunkeun ti Allah ka rosulullah.
Memang leres akal urang kudu dipake, tapi ulah dipake kanggo ngakalan agama.
nepi ka aya hukum nu jelas-jelas "haram", kusabab diakalan meh luyu jeung
jaman, jadi we halam, lila-lila jadi halal. Contona "Bank". kusabab kabeh jalma
pada nyaho yen riba teh haram, terus weh keur nyalindung tina kecap riba, nya
diadegkeun ngaran bank sariah, dina dalih ngahalalkeun jadi weh kecap "bunga"
diganti ku "bagi hasil". padahal dina praktekna bagi hasil= bunga-bunga keneh
wae. ari bagi hasil mah aya untung aya rugi. sedengkeun duit nu disimpen dibank
eta keur ngamodalan/diputerkeun nu cara riba.
Memang dina padungdeng kieu, masing2 moal aya nu hayang eleh adu argumen, era
sabab diri ngarasa pang luasna wawasan.
MArgi didangukeun ti kamari bulak-balik dekok wae bari teu nyebutkeun hadist
hiji2 acan, pan hadist nu jadi tolok ukur. LAmun Ua nyariosna ceuk pa Kuwu,
atawa ceuk kang ndul...kuring ge moal nyawad.
Tah dina obrolan ieu anggap we kuring nu eleh,....sabab taya gunana, kuring
ngomong cenah ceuk hadist jeung alquran, ua cenah ceuk akal, jelas teu nyambung
atuuhhhh.
Dina postingan kuring nu mimiti, asa jelas kacida. Hadist2na jentre,
Ayat-ayatna jelas. Atuh naon deui nu jadi sabab jadi riweuh kieu.???
Tah geus rame ayeuna mah Wa....!
H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya deui yeuh keur ngarah rame..Islam mah agama Allah..naha atuh teu
kabeh jelema tiasa mahaman konsepsi sareng tafsirna....Islam teh cenah agama
akal..jadi kedah nganggo akal kanggo mahamanna.. Anu kirang akalna ..kirang
wawasan..kirang guru..kirang pangalaman...teu daek tuker pikiran..atawa taklid
nya.. bakal benten (lain salah..teu nyaho bener salahna..da kayakinan)....
pamahamannana..janten tetep aya ratusan pamahaman..anu sami2 ngadasarkeun kana
AQ dan AH....Der ..lah...aya..43 golongan...
On 3/14/08, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: sanes
juragan. Akal sareng Islam mah teu naif. Anu naif mah kuring....sabab kuring
mah jalma bodo.
Cobi aos deui.
1. Saha anu nyiptakeun AKAL? Jawabna: Allah
2. Saha anu nyiptaleun ISLAM? Jawabna: Allah.
sami pan?
ari hasil artikulasi tina akal mah, nya kudu debat deui.
Nu matak kuring make akal keur 'memahami' naon eta Islam
hehehe
salam
tantan
On Thu, Mar 13, 2008 at 7:55 PM, Dirgahayu, Rachman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ari sagala produk akal sami sareng Islam ??? AKAL = ISLAM ..... TERLALU
NAIF ....
kudu apal heula artina Islam ?
ISLAM mah produk SANG Pencipta ALLAH SWT, sanes produk akal ...
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of tantan
hermansah
Sent: Thursday, March 13, 2008 7:11 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Demokrasi
ngiringan ah
Punten mun teu nyambung.
mun kuring ayeuna satuju demokrasi, nya alesana pragmatis bae. sieun ditembak
ku CIA, sieun nagri kuring dirurug ku Amerika. Sieun siga Palestina jeung Irak
(sakeudeung deui cenah Iran) Pan aya Allah, cenah. Muhun, da kuring milih
pulitik kieu teh, ngagunakeun akal anu produk Allah oge. hehe (tapi aya riwayat
anu ngajelaskeun yen: mun demi kulawarga, kayakinan jeung diri urang boga
kasieun ditandasa ku dengen--nya teu nanaon urang ngalakukeun aksi pulitik. Ka
anu paham kana sejarah nabi pasti apal aya kajadian ieu). Punten mun kuring
epes meer, atawa euweuh kawani, atawa kumeok memeh dipacok. Kuring kieu oge
demi amanat Allah. Aya pamajikan jeung dua anak.
Kadua, sok aya anu ngadutonggonkeun antara demokrasi jeung Islam. Alesana
demokrasi produk akal manusa Islam produk Allah.
Mangga tengetan: Ari Akal saha anu ngadamel? Allah. Oh...berarti sami jeung
Islam. Mun urang ngarendahkeun akal jeung hasil-hasilna, berarti urang
ngarendahkeun anu ngadamelna: Allah.
Ayeuna urang balik logikana: Kumaha Islam bisa dipikaharti ku urang? Sabab
nganggo akal anu ti Allah tea. Mun ceuk basa rada gaul tea mah, Islam tetep we
produk pikiran, sabab ku lemahna urang salaku manusa, pasti teu mampu mun kudu
langsung cumarios sareng Allah. Tah supaya Islam gampang dipikaharti, Allah
nyayogikeun Akal.
Mangga tinggali, saha anu nyusun Al Qur'an siga anu ayeuna? Eta teh ijtihad
sahabat, anu jelas teu maksum. Berarti aya intervensi akal di dinya.
Kacindekana
Kuring mah satuju demokrasi ayeuna sabab gede keneh kasieun. Salian ti eta,
tepi ka danget ieu, sistem bernegara pilihana ngan saeutik. Siga ayeuna, atawa
siga jaman komunis. Mangga pilih! Mun make ibarat mah, nya ayeuna teh jaman
darurat lah.....hehe
mani serius...
Bah Willy ulah serius teuing ah...
Kalem we...atuh...
On Thu, Mar 13, 2008 at 4:44 PM, Tessar Wardhana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Pami sapahaman abdi mah, kang, manawi teu lepat, nuju
jaman Khulafaur Rayidin mah wakil umat teh mangrupi
sahabat2 Rasulullah anu elmuna tangtos tos dipercanten
ku rakyat nuju harita. Teras aya nu namina Majelis
Umat (tiasa non muslim dilebetna) anu janten pengawas
Khalifah nuju ngajalankeun pamarentahan meh teu kaluar
ti syariat Islam, pami nyata2 Khalifah teh teu amanah
ka aturan Allah SWT nya tiasa diturunkeun ku rakyat
margi kekuasaan tertinggi mah tetep di rakyat.
Tah pami cara pemilihan Majelis Umat atanapi Khalifah
ieu metodena teu aya nu baku hartosna tiasa macem2
termasuk Pemilu ge tiasa.
tapi kade bentena ieu majelis umat mah sanes ngadamel
hukum tapi ngawas pamarentah meh tetep amanah. benten
pisan sareng demokrasi.
Cara Pemilihan mah Uslub (cara) janten tiasa benten2
da henteu wajib, nu wajibna mah nya Baiat na tea.
Bilih gaduh emutan nu sanes mah manawi tiasa
dilenyepan ku simkuring.
Baktos,
Tessar
--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Tessar Wardhana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Manawi ieu tiasa kaanggo, kang waluya!! bilih kang
> > Dien gaduh referensi sanes hatur nuhun pami tiasa
> di
> > share...
>
> Hatur nuhun Kang. Kuring bieu macaan saliwatan.
> Geuning, ceuk tafsiran
> kuring mah, soal pangangkatan kahlifah nu opat (Abu
> Bakar, Umar,
> Ustman jeung Ali) asa ngaharib-harib jeung sumanget
> demokrasi, jalma
> teh sarua kabeh hakna.
>
> Didinya disebutkeun musyawarah. Mussyawarah teh pan
> rapat wakil umat.
> Ari wakil umat dipilih kusaha?
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
__________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping
--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr
"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--
IMPORTANT NOTICE:
The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are
not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If
you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply"
command and permanently delete the original and any copies or printouts
thereof. Although this email and any attachments are believed to be free of any
virus or other defect that might affect any computer system into which it is
received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure that
it is virus free and no responsibility is accepted by American International
Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or severally, for
any loss or damage arising in any way from its use.
--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr
"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.