Nu enteng bae ah 1. Mangsa taun 2008, naha urang kudu terus nempo sistim poltik/pamarentahan rebuan taun katukang.
2. Lamun aya nu nyebut naha kudu nurutkeun Demokrasi jieunan kafir, ceuk kuring mah cik ngeunteung atuh - Di nagri Arab anu beunghar ladang minyak, lamun taya " kafir ", nu nyiptakeun mobil, kapal laut, kapal udara, jeung rea rea, saha nu rek meuli minyak bumi. Atuh ayeuna masjid harom digedean, sabagian duitna pasti ladang minyak. - Nu Hijrah ka Mekah, da moal ngojay ti Bandung, pasti pake tranportasi meunang si kafir. tah kukituna cing na benci benci kana sistim demokrasi teh Ceuk kolot TONG DITINGALI BUJUR HAYAMNA ARI ENDOG ANU KALUARNA MAH ARAH BAE tos ah hampura ieu mah ngomon sorangan bae bari ngopi bubuy hui, jeung bajigur , da kamari meunang kiriman bubukna Tessar Wardhana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Pami sapahaman abdi mah, kang, manawi teu lepat, nuju jaman Khulafaur Rayidin mah wakil umat teh mangrupi sahabat2 Rasulullah anu elmuna tangtos tos dipercanten ku rakyat nuju harita. Teras aya nu namina Majelis Umat (tiasa non muslim dilebetna) anu janten pengawas Khalifah nuju ngajalankeun pamarentahan meh teu kaluar ti syariat Islam, pami nyata2 Khalifah teh teu amanah ka aturan Allah SWT nya tiasa diturunkeun ku rakyat margi kekuasaan tertinggi mah tetep di rakyat. Tah pami cara pemilihan Majelis Umat atanapi Khalifah ieu metodena teu aya nu baku hartosna tiasa macem2 termasuk Pemilu ge tiasa. tapi kade bentena ieu majelis umat mah sanes ngadamel hukum tapi ngawas pamarentah meh tetep amanah. benten pisan sareng demokrasi. Cara Pemilihan mah Uslub (cara) janten tiasa benten2 da henteu wajib, nu wajibna mah nya Baiat na tea. Bilih gaduh emutan nu sanes mah manawi tiasa dilenyepan ku simkuring. Baktos, Tessar --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Tessar Wardhana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Manawi ieu tiasa kaanggo, kang waluya!! bilih kang > > Dien gaduh referensi sanes hatur nuhun pami tiasa > di > > share... > > Hatur nuhun Kang. Kuring bieu macaan saliwatan. > Geuning, ceuk tafsiran > kuring mah, soal pangangkatan kahlifah nu opat (Abu > Bakar, Umar, > Ustman jeung Ali) asa ngaharib-harib jeung sumanget > demokrasi, jalma > teh sarua kabeh hakna. > > Didinya disebutkeun musyawarah. Mussyawarah teh pan > rapat wakil umat. > Ari wakil umat dipilih kusaha? > > Baktos, > WALUYA > > __________________________________________________________ Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping --------------------------------- Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! Answers

