cep ! cep ! gugah tos siang !

Tessar Wardhana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                             
AKURRRR...Kang W!! Indonesia kudu tetep ngahiji...tong
 pernah mencar deui kawas Timor Timur. Meni hanjakal
 tah Timor Timur bet pisah ti Indonesia. Ngan pedah ku
 nasionalisme Timtim.
 Tah makana... sistem Islam hiji2na sistem nu
 pangalusna nu diridoan Ku Nun Gusti Nu Maha Suci nu
 bakal ngahijikeun Indonesia malah jeung negeri-negeri
 muslim lainna. Insya4JJI termasuk tanah suci Palestina
 nu  keur dijajah ku Yahudi biadab. Bonus na mah
 Indonesia nu keur "ripuh", loba kateken tiditu-tidieu,
 boh di jero nagara atawa ku kaayaan di luar nagara
 bakal jadi nagara Super Power mun geus ngahiji dina
 hiji Daulah Islamiyah. Amin...
 
 Baktos
 Nu Sono Ka Tegakna Islam nu Kaffah
 
 --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
 > Di taun 1948, keur riweuh-riweuhna Indonesia
 > ngalawan Walanda, datang 
 > tokoh PKI nu geus lila mukim di Uni Soviet (14
 > taun), nyaeta MUSO. 
 > Tadina mah Soekarno atoh kadatangan Muso, malah
 > ngajak babarengan 
 > bajuang. Tapi Muso boga maksud sorangan sabab
 > manehna anggota gerakan 
 > KOMUNIS INTERNASIONAL (KOMINTERN) nu HAYANG
 > NAGARA-NAGARA DI DUNYA IEU 
 > NGAHIJI DINA FAHAM KOMUNIS.
 > 
 > PKI jeung partey-partey "kenca" sejenna, kasengsem
 > ku Muso nu bener-
 > bener dididik jeung hirup di nagara Komunis. Nya
 > ngahariji tepi ka 
 > PKI "gabungan" teh cenah anggotana tepi ka 300 rewu
 > urang. Geus kitu, 
 > lain mantuan ngalawan Walanda, malah barontak, 
 > ngaproklamasikeun "SOVIET REPUBLIC INDONESIA" di
 > Madiun.
 > 
 > Puguh atuh, Soekarno-Hatta asa ditonjok ti tukang,
 > batur keur riweuh 
 > ngalawan walanda, ari Muso jeung PKIna malah
 > barontak, ngamanfaatkeun 
 > kaayaan nagara anu acan stabil.
 > 
 > Untungna loba keneh nu satia ka Soekarno-Hatta,
 > kaasup Divisi 
 > Siliwangi, nu sabagean gede prajuritna Urang Sunda.
 > Pemborontakan 
 > Madiun bisa ditumpas, Muso maot ditembak tantara.
 > 
 > Mudah-mudahan sajarah samodel kieu, ulah kaalaman
 > deui ku Indonesia. 
 > Ayeuna Indonesia keur "ripuh", loba kateken
 > tiditu-tidieu, boh di jero 
 > nagara atawa ku kaayaan di luar nagara. Urang
 > Indonesia kudu tetep 
 > ngahiji nyanghareupan "pancaroba" ieu. Ulah siga
 > Muso, batur keur 
 > riweuh, manehna malah neangan kasempetan keur tujuan
 > manehna sorangan.
 > 
 > [Ti sababaraha sumber]
 > 
 > Baktos,
 > WALUYA
 > 
 > 
 > 
 > 
 > 
 > 
 
 __________________________________________________________
 Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
 http://www.yahoo.com/r/hs
 
 
     
                                       

       
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!

Kirim email ke