Assalamu'alaykum wr wb.
Sim kuring ningali perkara ieu nyaeta (mudah2 an kahartos ku sadaya) :
Imam2 nuju harita teu aya anu ngabahas kumaha di dunia ieu mun teu aya
Khalifah, sababna mah mangga we dianalisa deui.
Hadits nu dirawikeun ku Hudzaifah ibn Yaman yen saur Rasulullah SAW upami
teu aya imam urang kudu ninggalkeun firqah (aliran) walau ngegel akar kayu
nepi ka pupus
ke sakita heula we.
Salam
Kang Im
tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
aya kutipan tina artikel eta
Dalam Piagam Madinah (Watsiqah Al-Madinah) disebutkan identitas Umat Islam
sebagai umat yang satu :
"Dengan nama Allah yang Maha Pengasih lagi Maha Penyayang. Ini adalah kitab
(perjanjian) dari Muhammad Nabi SAW antara orang-orang mu`min dan muslim dari
golongan Quraisy dan Yatsrib
: 'Sesungguhnya mereka adalah umat yang satu
(ummah wahidah), yang berbeda dengan orang-orang lain
" (Lihat Sirah Ibnu
Hisyam, Juz II hal. 119).
Sok aos deui sing taliti. Eta perjanjingan nunjukkeun kana hiji kaum
(Yastrib). Kunaon Rasul teu nyebatkeun ummat Islam anu sanes, conto anu di
Habasah. Sabab eta perjanjian sangat2 spasial. Ngiket kana wilayah. Nyaeta
nagri Yastrib. Rasul ku anjeun teu ngaklaim wilayah pulitik ummat Islam di
tempat sejen.
Nash-nash seperti di atas dengan jelas menunjukkan adanya kewajiban umat
untuk bersatu, di bawah satu negara Khilafah. Tidak dibenarkan umat memiliki
lebih dari seorang khalifah (imam). Abdurrahman Al Jaziri menjelaskan
pendirian empat imam madzhab yang saleh sebagai berikut:
Cobi tinggali langkung jentre. Ti mana rengkolna eta kasimpulan bet jadi kudu
khalifah? Yen Abu bakar, atanafi pamarentahan pasca Rasulullah nganggo istilah
Khalifah, nya mangga bae. Tapi can tangtos eta oge anu kudu diadopsi di nagri
lain. Bukti jelasna mah, Pamarentahan Arab saudi ayeuna saneh khilafah.
hartosna, khalifah teh teu ngarupakeun hiji-hijina model pamarentahan di
sistem Islam.
"Para imam (Abu Hanifah, Malik, Asy Syafi'i, dan Ahmad) rahimahumulah
bersepakat pula bahwa Umat Islam tidak boleh pada waktu yang sama di seluruh
dunia mempunyai dua Imam (Khalifah), baik keduanya sepakat maupun
bertentangan." (Abdurrahman Al-Jaziri, Al- Fiqh 'Ala Al-Madzahib Al-Arba'ah,
Juz V/308).
Leres kalimah ieu. Ku akal sehat oge kabaca. Yen di hiji nagri, dina hiji
pamarentahan anu resmi mah, teu meunang aya dualisme pamarentahan. Eta mah
biasa atuh. Conto, Imam shalat, kelurahan, jrrd. Pasti di hiji wilayah teu
meunang aya dua.
Intina, urang ulah asal cutat. Kedah paham dugi ka jero-jerona. Komo deui ieu
mah ti agen pulitik lain, anu dasarna masih keneh kudu debat keneh: Hijbut
Tahrir. Gening, HT oge nganggo mekanisme nafsirkeun anu jelas ngarupakeun
pagawean aqal. Janten mun sami gaduh aqal. Anu kuring yakin pisan sami produk
Allah. Catet: damelan Allah. Urang bisa napsirkeun siga Urang HT. HT sanes
hiji2na anu bener, sok sanajan kudu dipikirkeun deui.
baktos
Tantan
--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr
"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.