[OOT] Wisata-Kuliner ti Bandrek nepi ka Ikan Etong
"Kang ceuk cenah kamari mudik ka imah nya."
"Naha nyaho ningan Yi"
"Yeh Pananan uing mah detektiv"
"Ih Aing mah nyahoan wae maneh mah"
"Cikan kang kumaha dongenna"
"Cikan menta udud heula Yi, .. kieu"
Isuk-isuk poe kemis teh geus janjian jeung babaturan teh, satadinamah kenal
babaturan ieu teh ti FS. Jeung na deui sok chating oge laju weh basa panca kaki
teh sasakola keneh. Tah babaturan teh janjian jam 8-an ti UKI naek bus ka
Subang teh, tapi nu hiji deui mah teu bisa soalna aya wagelan cenah jadi rada
beurangan. Nya antukna dua'an weh balik ka subang teh, tapi ningali ku kayaan
long wik en kieu mah mendingan naek nu ka arah Purwakarta sabab sok rada
kosong, jeung na deui mobil nu kaarah Subang mah padet pisan, emang na aing teh
barang kudu dididetkeun naeuk bus.
Untung weh uing dua'an naek bus nu kaarah PWK jeung na deui AC, pas di tol teh,
teu antaparah macet teh meni-meni pisan, kawas lebaran kamari. Nya aya kanu
dua'jaman di tol teh. Tah basa turun di PWK teh rada reureuh heula, ningali bus
nu subang pinuh antukna weh naek elf, jeung rada ingeut baheula basa bimbel ka
Bandung ti subang naek elf, hehehe. Teu lila aya kanu sa-jam-an babaturan mah
turun tiheula ari uing mah rada jauh keneh, Nya basa di tegal kalapa kuring
turun oge aya mereun jam-2an. Didinya uing rerueuh heula da hayang niis antukna
neangan warung bari ngudud jeung nyaneut.
Teu kungsi lila naek angkot nu ka imahkeun. Geus rada peuting jam 6-an kuring
ka imaha babaturan, di Sukajadi. Didinya nyamepru weh make si motor legendaris
uing, tapi basa di anjangan teh manehna eweuh cenah di imah tatangganana.
Antukna uing ka imah eta babaturan teh, nya geuningan keur darahah, laju weh
uing di tawaran dahar jeung jengkol saaya-aya nya teu antaparah dahar weh.
Sanggeus beres dahar geuningan rada girimis satadina mah deuk kukurilingan
jeung babaturan teh, tapi nanggoaan root heulla. Sanggeus raat jam 8-an
kukurilingan make mobil babaturan teh, teuing satadinamh deuk WISKUL kamana,
ceuk uing teh ka bandrek hareupeun Pegadaian weh.
Basa didinya teh, kabeneran poe kemis malem jum'at sepi jeung na deui si jalan
teh rada baseuh bales ku hujan, babaturan mesen tilu bandrek. Babaturan rada
nyeletuk ide maneh cemerlang Coy, landihan uing ti Sd keneh sok disebut Coyan,
naon kitu jay. Heuueh tiris-tiris kieu ngabandrek. Ohh ceuk uing teh. Nya
antukna gunem catur weh tiluan. Laju sanggeus didinya babaturan jalan-jalan
deui tapi uing teu nyaho kamana sing sumpah na ge. Tapi ningan ka tempat
billiard, jir ceuk uing teh geus lila teu maen. Ari maen Billirad versi Virtual
mah jago uing mah, naha basa nyobaan mah keur nojo atawa nyentang teh ti
soledat deui , jeung na deui mun nyentang nu ngeunaheun mah make gantar. Tapi
sok sanajan kitu oge pangalaman maen billiar di Virtual nu pentingmah kodisi
ahirna atawa nu penting mah kojo nomer salapan asup, hehehe. Tapi lumayan
menang sakali.
Aya kanu sa-jam mereun beres maen biliaer teh kaju babaturan nawur 15 rebu keur
maen billiar teh laju nambahan kopi jeung teh botol 5 rebu. Sanggeus kitu
ngajakan balik deui ka imah babaturan. Satadinamah deuk langsung balik da jam
geus 12-an, tapi basa di tingali teh besin motor uing geus saat jadi weh nare
di imahna. Jam 5-an uing geus hudang, laju weh dilanjutkeun sare deui nepi ka
jam 7-an, basa kaluar teh manaskeun motor bari neangan udud, kabeneran didinya
oge aya kawawuhan budak ti milist-subang oge ari sok chatting tapi bengeutna
teu apal, nang hanjakal manehna geus balik cenah ka jkt deui.
Jam 10-an uing geus ka imah deui, tadinamah hayang jum'atan ka masigit agung
laju weh naek motor ka masigit teh. Sanggeus rengse jum'atan ngahajekuen WISKUL
heula da biasana sok loba nu ngajual kadaharan jeung rupa-rupa, kusabab beuteng
kukurubukan antukna meli soto hayam saporsi teh nang 6rebu plus dua kurupuk.
Sanggeus kitu uing satadinamah deuk di traktri pempek HAGA DIPA nu kawentar di
subang sabab babaturan teh aya wagelan jadi weh teu bisa, nya antukna uing
nganjang ka manehna. Nu matak resep jeung waas teh basa ka imah babaturan teh
ngaliwatan sawah nu ngaprak jeung hawa na tiis bales hujan peuting. Sok ingeut
di Sindang Barang Bogor jeung basa nonton tivi aya hiji wewengkon di Bali nu
mana sawah teh geus asup hiji tempat wisata kuer urang luar.
Teu lila geus nepi ka imahna, laju weh cacahan ngaler ngidul . Satadinamah deuk
buru-buru balik nganjang deui ka imah kokolot nu aya di cibogo sabab hujan teh
ngabreg deui antukna nganjang teh rada lila jeung na deui nu dianjangan teh
babaturan aww, nya teu nanaon lah, sugan jeung sugan hehehehe. Nyaan bari
naggoan teh si tuan rumah ngajakan dahar nu disuguhan teh lalab bonteng jeung
sambeul ditubruk ku goreng hayam nu haneut, tegeup pisan kabeuki uing sok komo
sangu na haneut bari dikeupeul-keupeul teh.Sanggeus rada peutingan jam 7-an
kuring muru balik tapi teu ka imah nganjang deui ka Kang Oki hiji pupuhu milist
Subang jeung jago ngoprek gadget hape. Nya didinya rada cacahan oge, teu kungsi
lila kang oki ngajakan ka Ikan Etong, uing rada himeung nanon Ikan Etong teh.
Nya antukna uing hayang ngasaan rasana, tapi lumayan rada lila mesenna aya kanu
satengah jam-an sabab si lauk teh di beuleumna rada lila, sanggeus kitu pesenan
datang, dimimitian ku cai
enteh haneut, laju lalabna samodel bonteng jeung tomat nu geus dikereutan, ari
sambeulna kecap make cengek jeung bumbu penyedap, basa dicoelkeun teuh waduh
tegep euy.
Ditutup weh si lauk teh datang, bagol teh sugan teh laukna leutik naha gede
amat. Jeung rasa na teh beda jasa, maklum karek ge munggaran ngasaan teh, basa
digegel teh meni rada heuras jeung lembut pisan, dicoelkuen weh ka sambel teh.
Ari uing mah tadi geus dahar nya sangu na menta saeutik laju weh nambulan
laukna. Naha ningan beak oge, laju weh rada seubeuh nyuruput ci enteh haneut
laju weh di tubruk ku udud. Sanggeus kitu uing duaa'an balik deui ka imah kang
oki teh laju weh pamitan balik da agenda isukan teh tadina deuk ngajak
babaturan teh ka tonggoh meuli kiripik ganas , tapi si manehna nga sms cenah
moal bisa isuk2 deuk aya agenda nu lian jadi bisa oge sore mun bade mah cenah
ka Haga Dipa weh, nya ku kuring di bales okeh2 sajah. Laju isukanna geus hudang
agenda teh deuk ka Putra Jamparing hiji kokolot Subang oge tapi basa di talepon
teh eweuh nu ngangkat, antukna ka Ciereng weh ka babaturan nu sok resep neangan
maung tea, tapi tadinamah deuk ka
babaturan aww tea, sabab hujan teh ti mimiti sore nepikeun ka peuting antukna
teu jadi, nya di babaturan teh cacahan weh bari disuguhan ci enteh haneut
balesw ku mie rebus plus endog sok komo hawa tiis jeung hujan rada ngirincik.
"Tah kitu Yi Dongen balik teh"
"Wah nyaan si akang mah dahar wae pagawean teh"
"Enya atuh, eh btw mana roko na naha geus beak sabatang euy"
"Ke atuh kang urang meuli heula"
"Jig Atuh"
Cag Ach
YM
[EMAIL PROTECTED]
__________________________________________________________
Sent from Yahoo! Mail.
More Ways to Keep in Touch. http://uk.docs.yahoo.com/nowyoucan.html