Assalamualaikum, Dinten Jumaah 21 Mar, acara nikahan putrana Pak Tatat Jatnika, damel di BKN Medan tos lami. Nikahkeun ngangge acara ada Sunda sareng Jawa (mantuna Puja kesuma = Putra Jawa kelahiran sumatera). Tepang sareng Kang Dede Gendut (salam ka Kang Agus Paku ti Kang dede!). Teras abdi kapapancenan janten tukang mayungan panganten he..he...ngange pakaian si kabayan. Kang dede jantenh lengser..saumur umur can ngasaan jadi bagean ti acara pernikahan ngan ukur ngiringkeun wae. Aya rasa bungah jeung bagja tiasa janten bagean tina budaya urang anu disaksikeun ku sababaraha seler lain, batak, melayu, jawa jrr. Teras papendak sareng Kang Asep Wakil di PWS. Nya wawanohan teras ngawadul sareng ngenalkeun Kusnet. Kahoyong mah aya koneksina antara Kusnet sareng PWS. Kumaha nya? Hatur nuhun ka Pak Tatat, Kang Ojak, Kang Ujang di BKN. Teras Ka Kang Yanyan(Urang Selaawi-Sumedang anu netep di Binjai..kacapi sulingna sareng kang Ade urang Subang (sie Kesenian PWS ) matak kelar sareng waas). Teras ka kang Dede oge asli Bandung ieu mah..sie Kesenian PWS oge. Kang Dede miwarang ka bumina seueur belut cenah, deuh karesep eta mah komo di pecak/dicobek. abdi mah mun mulih ka lembur teh sok neangan eta katuangan!!!! Matak Lapar!!!!! HN Sahman Medan
www.friendster.com/sahman www.geocities.com/ex_orientelux Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

