Alhamdulillah bari nundutan tadi wengi, kenging carpon sajudul, Carpon ieu 
dilebetkeun ka panitia saembara ngarang carpon, susuganan lebet kategory 
pinilih heuheuheu (ngarep)
   
  Haturan Kanggo Kang Ndoell...kumaha damang juragan ?

Bangsat Insyaf
Ku Kebo Hideung #Griya Mitra Batik Kawalu Tasikmalaya Maret-2008

Dihiji lembur anu ngarana lembur Burahol, aya hiji pasantren anu dipingpin ku 
mama ajengan anu geus ka koncara. Hiji mangsa Mama Ajengan katut santrina 
meunang uleman pangajian di lembur sabeulah, rengse netepan Isya mama ajengan 
katut santrina arangkat nemonan uleman.

Apal pasantren ngemplong teu aya pangeusina, Si Rewok preman di lembur Burahol 
curinghak,…”La kadalah kabeneran si Mama Ajengan jeung santrina arindit, aing 
bisa jongjon neangan harta banda di pasantren” gerendeng Si Rewok bari 
ngabuleud-buleud haseup rokok.

Teu sabaraha lila Si Rewok anu geus katelah tukang bobok tukang tarok tukang 
nyingsatkeun anderok, singkil rek ngabangsat pangeusi pasantren. Barang nepi ka 
komplek pasantren, Si Rewok culang-cileung bangun anu bingung, ret kalebah 
kobong santri…”ah…piraku aing kudu ngagubug kastrol”, gerendeng si Rewok. 
ret kalebah masjid,…”hmm..ampli jeung mix atawa jam dingding, euweuh duitan, 
jaba karunya ka Mang Nana nu sok adan” 
“Tah geuning imah mama ajengan, jigana nu ieu imahna, moal salah enya ieu” 
gerendeng si Rewok bari surungah-serengeh bangun anu atoh. 

Tuluy Si Rewok keketeyepan malipir mapay-mapay bilik, reg eureun handapeun 
jandela, tuluy we manehna ngintip tina sela-sela bilik, enya we dijero imah teu 
aya sasaha da kapanan arangkat sadaya ka uleman.
Sretttt…..Si Buntung bedog kameumeut Si Rewok dicabut tina sarangkana anu 
diselapkeun dina cangkeng, tuluy ugal-ugil dipake nyokel jandela. Bray..jandela 
muka…kalacat we si Rewok naek asup ngaliwatan jandela.

Ditengah imah Si Rewok culang-cileung neangan lomari, susuganan aya harta banda 
anu berharga anu bisa di cokot. Ngaran-ngarana di imah ajengan, anu aya teh 
kitab jeung tafsir..”duh. .geuning euweuh nanaon ieu teh? Dimana nyimpen 
hartana si Mama Ajengan teh?” gerendeng si Rewok bari leungeuna pakupis 
nyingray-nyingray kitab anu ngajajar dina rak buku, atuh kitab katut buku-buku 
anu sejena patulayah diubrak-abrik ku si Rewok.

“Tah…geuning aya peti kai, boa-boa eusina emas batangan ieu teh, ah..enyaan 
jigana ieu emas…da beurat yeuh….aing jadi kaya..yeuh.. ha.ha.ha. ha.ha….!” cek 
Si Rewok bari seuri bangun atoh…tuluy celengok dicium eta peti kai teh.

“Hatur nuhun Mama Ajengan…kuring jadi kaya ha.ha.ha.ha. .” cek Si Rewok ngomong 
sorangan bari tuluy kalacat deui kaluar tina jandela.

Pondok carita si Rewok nepi ka imahna, gura-giru manehna ngabuka kotak kayu 
eta, barang bray dibuka…rey beungeut si Rewok beureum semu geuneuk, mata 
bolotot, muncereng teu kiceup-kiceup manco nempo eusi eta peti kai.

Rasa handueul jeung amarah pagalo minuhan dada si Rewok, renghapna semu beurat 
huntuna kumerot nahan amarah. Sajongjonan si Rewok teu lemek teu nyarek, 
ngajentul melong eusi eta peti, ragamang leungeun katuhuna bari ngadareddeg 
ngodok eta peti, gep eusi peti eta ku manehna dicagap, singhoreng eusi peti teh 
nyaeta Kitab Suci Al-Qur’an…leketey hate leutikna ngaleketey…curucud cai matana 
ngalembereh mapay pipina anu pinuh ku bewok, tuluy segruk ceurik balilihan teu 
aya kaera ku tangtungan anu sakitu pikaserabeuna. 

“Duh Gusti hampura abdi, kalakuan abdi salila ieu mahiwal ti batur, abdi salila 
ieu asa jauh ka bedug asa anggang ti mushola, padahal abdi mondok moe gigireun 
pasantren.”
“Ya..Allah, saupamina ieu Kitab janten cukang lantaran keur abdi pindah 
pileumpangan, ti jalan anu pinuh ku kanistaan ka jalan anu kenging pangridho ti 
Gusti, jadikeun ieu Kitab keur pituduh dina kahirupan abdi.” 
“Mama Ajengan hampura kuring, ikhlaskeun ieu Kitab keur kuring, wayahna kuring 
moal nemonan Mama.” Gerendeng si Rewok bari cireumbay, tuluy Kitab Suci 
Al-qur’an eta tipepereket dikeukeupan dina dadana.

Tilu poe ti saprak kajadian eta, si Rewok teu liar-liar ti imahna, gawena 
ngahuleng nyawang kalakuana salila ieu, “Duh..enyaan aing salila ieu geus sasar 
milampah kahirupan, aing jangji timimiti poe ieu aing rek hirup jiga batur, 
Mama Ajengan oge manusa piraku aing teu bisa, Aing rek muka pasantren jiga Mama 
Ajengan.”

Jlig we si Rewok indit ninggalkeun lemburna, aprak-aprakan neang jalan satapak, 
mapay-mapay pilemburan, ngaliwatan tegalan jeung huma, mipir-mipir masigit. Aya 
kana tilu tauna manehna leumpang nuturkeun indung suku ngagembol Kitab. Pondok 
carita manehna nepi ka hiji pilemburan, anu jauh kaditu-kadieu, da eta we 
lembur teh cindekna na gawir Gunung Panglamunan. 

Hawa dipilemburan eta kacida pikabetaheunana, cai cur-cor herang, walungan ting 
borelak katenjona bakat ku herangna cai walungan. Tatangkalan katempo ngemploh 
hejo, dauna tinggarupay katebak angin anu nyecep bangun anu tiis. Gigireun 
walungan katempo pelak pare anu keur beukah, patanina ting hariyap ngagebah 
manuk piit jeung manuk titiran anu euntreup dina galengan sawah. Malahan dina 
barangbang kalapa reang ku manuk tikukur anu keur beger.

Dilembur eta si Rewok bubumen, kabenaran pupuhu lembur anu sakitu darehdehna 
nampa tur ngaku kadatangan si Rewok. Keur mah si Rewok boga paniatan rek muka 
pasantren, atuh kabeneran pisan da di lembur eta teu acan aya pasantren.

Pondok carita si Rewok kalayan dirojong ku masyarakat eta lembur, ngabangun 
pondok pasantren, da ari masjid mah butut-butut oge geus aya ti baheula oge. 
Katelah we si Rewok jadi Mama Ewok, salaku sesepuh pasantren

Santrina teu loba, ukur barudk leutik, da ari rumajana mah hararese disuruh ka 
pasantren teh. Mama Ewok mimitina bingung kumaha carana ngajar ngaji ka 
barudak, da kapanan 
manehna oge can bisa alif bengkok-bengkok acan. Tapi da kitu ari Gusti Allah 
mah Maha Bijaksana, Si Rewok anu sakitu buraholna, anu sakitu barangasanana, 
sakedet netra bisa robah saratus dalapan puluh darajat. Dina ngajar barudak 
Mama Ewok teu beakeun akal, barudak ditanya “ Yeuh barudak ari anu model kieu 
huruf naon?” Tanya Mama Ewok
“Alif…!” tembal santrina meh bareng
“Tah geuning kapanggih, Alif nu model kieu teh.” Gerendeng Mama Ewok
“Ari ieu huruf naon?” Tanya Mama Ewok
“Ba….!” Tembal santrina 
Jeung saterusna sampe Mama Ewok apal kana huruf Al’Qur’an, ti barudak santrina, 
bari jeung teu apaleun santrina, yen Mama Ewok anu keur diajar teh.

Hiji mangsa dina waktu piisukeuna lebaran, torojol we sesepuh lembur datang ka 
pasantren.
“Assalamu’alaikum…” sesepuh lembur uluk salam
“Wa’alaikumsallam Warrohmatullohi Wabarrokatuh” tembal mama Ewok bangun anu 
lekoh.
“Aeh geuningan aya ki Lurah…mangga- mangga kalebet Ki..” cek mama Ewok bari gep 
sasalaman.
“Kumaha damang Pangersa?” Tanya pupuhu lembur
“Alhamdulillah hibar Ki…ke..ke.ke. ke…asa rareuwas kuring mah kadatangan Ki 
Lurah, aya pikersaeun naon Ki..”

“Ah..teu kedah reuwas sagala, kahiji kuring kadieu maksud teh rek silaturahmi.”
“Hatur nuhun pisan atuh Ki..ngersakeun sumping ka tempat kuring.” Tembal Mama 
Ewok bangun daria.
“Anu kadua panginten kieu Pangersa, kapanan enjing teh boboran…”
“Ooh..muhun eta mah geus pasti, kapanan kuring geus nyieun bewara, malahan tuh 
geus ditempelkeun tulisana diunggal parapatan.” Tembal Mama Ewok motong omongan 
Ki Lurah.

“Manawi Pangersa, ieu mah hasil rembukan DWRLP,…”
“Ke heula..naon DWRLP teh?” potong Mama Ewok
“Ohhh..maksad teh Dewan Wawakil Rahayat Lembur Panglamunan, Pangersa..” sambung 
Ki Lurah bari semu mesem.
“Ooh..sugan teh naon…terus maksudna kumaha?”
“Muhun numutkeun hasil rapat, kumargi enjing bade diayakeun Shalat Iedul Fitri, 
janten kanggo Khotibna disanggakeun ka Pangersa, tah kitu maksad kuring kadieu 
teh.”

Barang ngadenge rek dijadikeun khotib dina Shalat Iedul Fitri, Mama Ewok 
ngagebeg reuwas…bari rey semu pias… “Euleuh kitu ge aing teu bisa jadi khotib 
mah, kapanan can pernah ngajaran sakali-kali acan.?” gerentes si Mama Ewok
“Kumaha Pangersa tiasa dina waktosna?” Tanya Ki Lurah muraykeun panglamunan 
Mama Ewok.

Mama Ewok ditanya kasanggupan ku Ki Lurah kitu teh, ngahuleng sakeudeung, bari 
tuluy ngusapan jenggotna. “Ah..tibatan wirang ku warga, keun ku aing rek 
disanggupan, 
isuk mah kumaha isuk we, nu penting aing sanggup rek milampah kahadean.” 
gerentes Mama Ewok.

“Janten kumaha Pangersa, enjing teh siap janten khotib?” Tanya Ki Lurah bangun 
anu panasaran.

“Hmmm…ari kitu anu sanes teu aya Ki Lurah?” Tanya Mama Ewok bari angger 
ngusapan jenggotna.
“Ih..manawi teu aya, kapanan anu biasana janten khotib teh tahun ieu mah teu 
mulang ka lembur, da ceunah mah rek lebaran di kota, da dina ayana oge ieu mah 
mangrupakeun kahormatan keur Pangersa ti Dewan Wawakil Rahayat Lembur 
Panglamunan.”
“Nya ari kitu mah Insya Allah enjing kuring siap janten Khotib.” Tembal mama 
Ewok teges.

“Tah geuning geus puguh ayeuna mah.” Cek Ki Lurah bari marahmay.
“Perkawis tema dina ceramah mah eta mah teu langkung Pangersa, mangga 
nyanggakeun, da Pangersa anu langkung uninga.” Sambung Ki Lurah.
“Muhun keun ke kuring rek ngemut naon kira-kira anu pipanteseun dina khutbah 
Idul Fitri.” Tembal Mama Ewok.

“Pangersa, kumargi anu diseja tos beres, ayeuna mah kuring rek pamitan we, da 
masih keneh aya kaperluan anu sejen.” Cek Ki Lurah bari ngasongkeun leungeun 
ngajak sasalaman.
“Har..mani rurusuhan, padahal cai-cai heula atuh.” Tembal Mama Ewok
“Ah sawios Pangersa, tong repot-repot, puguhan tos ngopi heula sateuacana 
kadieu teh.”
“Is…lain cai kopi maksud teh, tapi cai Wudhu Ki…kapanan sakeudeung deui oge 
waktuna Shalat Ashar.” Tembal Mama ewok bari nyerengeh seuri.
“He.he.he…ah Pangersa mah sugan teh naon, sawios engke we kuring mah di 
rorompok, mangga Pangersa..Assalamu’ alaikum.”

“Wa’alaikumsallam Warrohmatullohi Wabarrokatuh” tembal Mama Ewok bari ngajajap 
sampe golodog panto.

Tisaprak Ki Lurah ninggalkeun padumukana, Mama Ewok ngaheruk bangun anu 
bingung, da eta mikiran kumaha isuk rek jadi khotib, mangkaning manehna teu 
bisa, da kapanan enya teu apal kumaha carana jadi khotib. Peutingna tibatan 
reup sare, kalahka gulinggasahan, bingung teu aya dikieuna, susah teu aya 
padana, lila-lila bakating ku cape pikiran reup we tibra sare.

Saencana Sholat Subuh Mama ewok geus mendekong sila bari nyenyekel tasbeh, 
mujasmedi ngadu’a kanu Maha Kawasa menta pitulung sangkan manehna salamet tina 
kawiwirangan. Dina waktuna mere khutbah, Mama Ewok cengkat bangun anu beurat, 
mata semu bintit da kurang mondok, gap Kitab anu baheula nang maok ti pasantren 
ku manehna dibuka…luk tungkul nempo Kitab, teu wani nempo ka hareup, jerit hate 
leutikna jumerit ka Gusti Anu Maha Suci…”Duh Gusti Anu Maha Suci…Gusti langkung 
uninga yen abdi teh saha, yen abdi teh jalmi anu bodo, yen abdi teh jalmi 
miskin ku elmu, 
Duh Gusti salametkeun abdi tina kawiwirangan di ieu makom.” gerentes hate Mama 
Ewok bari tuluy ceurik ngagukguk jiga basa baheula karek nyekel Kitab tina peti.

Atuh jamaah anu ngabandungan teh, sarua milu nyurucudkeun cimata, pertanda 
khusu enggoning ibadah. Malahan jamaah anu dipangtukangna mah aya nu nyarita 
kieu, “Wah..Mama Ewok hebat euy..karek muka Kitab wae geus ceurik, komo mun 
maca..duh geus jero elmuna nya?”

Aya kana lima menit mah, Mama ewok sumegruk ceurik dina mimbar khotib, tuluy we 
manehna rurat-reret kasabudeureun eta rohangan masjid, bubuhan masjid di lembur 
jaba geus umuran teh, tihangna geus ditunjel ku awi, da mun seug teu ditunjel 
mah jigana ambruk masjid teh…bray pikiran Mama Ewok kabuka hmmm..enya aing boga 
jalan komo meuntas yeuh.

“Assalamu’alaikum Warrohhmatullohi wabarrokatuh… .” Mama ewok mere salam
“Wa’alaikumsallam Warrohmatullohi Wabarrokatuh.” Tembal jamaah reang
“Bapak-Bapak ..Ibu-Ibu sadayana, sateuacana simkuring ngadugikeun khutbah, 
simkuring aya pamundut sakedik, punten kanu payuneun ieu mimbar, parat dugi 
kana lawang kosongkeun sadeupa mah..”

Jamaah teu leleked miak..ngosongkeun patempatan parat dugi ka lawang, teu lila 
Mama Ewok ngaberetek lumpat ka luar masjid, bari ngarawel tunjel awi,,, atuh 
burusut we lalangit anu luhureun mimbar ngagebruk da tunjelna lesot.

Jamaah pahibut milu kaluar ti masjid da sieun katinggang. 
“Duh..enyaan Mama Ewok mah legok tapak genteng kadek, elmuna geus jero apal 
sedurung winara, da eta we bangunan rek runtuh mani apal.” Saur manuk galecok 
ngobrolkeun Mama Ewok.

Ari Mama Ewokna mah teuing geus kamana da teu aya disabudeureun masjid.

****Tamat*** ***

Hikmah anu tiasa dicandak tina carpon diluhur, mangga peureut ku masing-masing 
anu maca

       
---------------------------------

Search. browse and book your hotels and flights through Yahoo! Travel

Kirim email ke