Heu heu ...
Alhamdulillah,  sae Kang Kebo..
kumaha sawangsulna ?
nyaan, produktip euy..
sugan we atuh jadi tukang ngorong eh ngarang nyaanan..


-dul-



--- In [email protected], Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Alhamdulillah bari nundutan tadi wengi, kenging carpon sajudul,
Carpon ieu dilebetkeun ka panitia saembara ngarang carpon, susuganan
lebet kategory pinilih heuheuheu (ngarep)
>    
>   Haturan Kanggo Kang Ndoell...kumaha damang juragan ?
> 
> Bangsat Insyaf
> Ku Kebo Hideung #Griya Mitra Batik Kawalu Tasikmalaya Maret-2008
> 
> Dihiji lembur anu ngarana lembur Burahol, aya hiji pasantren anu
dipingpin ku mama ajengan anu geus ka koncara. Hiji mangsa Mama
Ajengan katut santrina meunang uleman pangajian di lembur sabeulah,
rengse netepan Isya mama ajengan katut santrina arangkat nemonan uleman.
> 
> Apal pasantren ngemplong teu aya pangeusina, Si Rewok preman di
lembur Burahol curinghak,…"La kadalah kabeneran si Mama Ajengan jeung
santrina arindit, aing bisa jongjon neangan harta banda di pasantren"
gerendeng Si Rewok bari ngabuleud-buleud haseup rokok.
> 
> Teu sabaraha lila Si Rewok anu geus katelah tukang bobok tukang
tarok tukang nyingsatkeun anderok, singkil rek ngabangsat pangeusi
pasantren. Barang nepi ka komplek pasantren, Si Rewok culang-cileung
bangun anu bingung, ret kalebah kobong santri…"ah…piraku aing kudu
ngagubug kastrol", gerendeng si Rewok. 
> ret kalebah masjid,…"hmm..ampli jeung mix atawa jam dingding, euweuh
duitan, jaba karunya ka Mang Nana nu sok adan" 
> "Tah geuning imah mama ajengan, jigana nu ieu imahna, moal salah
enya ieu" gerendeng si Rewok bari surungah-serengeh bangun anu atoh. 
> 
> Tuluy Si Rewok keketeyepan malipir mapay-mapay bilik, reg eureun
handapeun jandela, tuluy we manehna ngintip tina sela-sela bilik, enya
we dijero imah teu aya sasaha da kapanan arangkat sadaya ka uleman.
> Sretttt…..Si Buntung bedog kameumeut Si Rewok dicabut tina
sarangkana anu diselapkeun dina cangkeng, tuluy ugal-ugil dipake
nyokel jandela. Bray..jandela muka…kalacat we si Rewok naek asup
ngaliwatan jandela.
> 
> Ditengah imah Si Rewok culang-cileung neangan lomari, susuganan aya
harta banda anu berharga anu bisa di cokot. Ngaran-ngarana di imah
ajengan, anu aya teh kitab jeung tafsir.."duh. .geuning euweuh nanaon
ieu teh? Dimana nyimpen hartana si Mama Ajengan teh?" gerendeng si
Rewok bari leungeuna pakupis nyingray-nyingray kitab anu ngajajar dina
rak buku, atuh kitab katut buku-buku anu sejena patulayah
diubrak-abrik ku si Rewok.
> 
> "Tah…geuning aya peti kai, boa-boa eusina emas batangan ieu teh,
ah..enyaan jigana ieu emas…da beurat yeuh….aing jadi kaya..yeuh..
ha.ha.ha. ha.ha….!" cek Si Rewok bari seuri bangun atoh…tuluy celengok
dicium eta peti kai teh.
> 
> "Hatur nuhun Mama Ajengan…kuring jadi kaya ha.ha.ha.ha. ." cek Si
Rewok ngomong sorangan bari tuluy kalacat deui kaluar tina jandela.
> 
> Pondok carita si Rewok nepi ka imahna, gura-giru manehna ngabuka
kotak kayu eta, barang bray dibuka…rey beungeut si Rewok beureum semu
geuneuk, mata bolotot, muncereng teu kiceup-kiceup manco nempo eusi
eta peti kai.
> 
> Rasa handueul jeung amarah pagalo minuhan dada si Rewok, renghapna
semu beurat huntuna kumerot nahan amarah. Sajongjonan si Rewok teu
lemek teu nyarek, ngajentul melong eusi eta peti, ragamang leungeun
katuhuna bari ngadareddeg ngodok eta peti, gep eusi peti eta ku
manehna dicagap, singhoreng eusi peti teh nyaeta Kitab Suci
Al-Qur'an…leketey hate leutikna ngaleketey…curucud cai matana
ngalembereh mapay pipina anu pinuh ku bewok, tuluy segruk ceurik
balilihan teu aya kaera ku tangtungan anu sakitu pikaserabeuna. 
> 
> "Duh Gusti hampura abdi, kalakuan abdi salila ieu mahiwal ti batur,
abdi salila ieu asa jauh ka bedug asa anggang ti mushola, padahal abdi
mondok moe gigireun pasantren."
> "Ya..Allah, saupamina ieu Kitab janten cukang lantaran keur abdi
pindah pileumpangan, ti jalan anu pinuh ku kanistaan ka jalan anu
kenging pangridho ti Gusti, jadikeun ieu Kitab keur pituduh dina
kahirupan abdi." 
> "Mama Ajengan hampura kuring, ikhlaskeun ieu Kitab keur kuring,
wayahna kuring moal nemonan Mama." Gerendeng si Rewok bari cireumbay,
tuluy Kitab Suci Al-qur'an eta tipepereket dikeukeupan dina dadana.
> 
> Tilu poe ti saprak kajadian eta, si Rewok teu liar-liar ti imahna,
gawena ngahuleng nyawang kalakuana salila ieu, "Duh..enyaan aing
salila ieu geus sasar milampah kahirupan, aing jangji timimiti poe ieu
aing rek hirup jiga batur, Mama Ajengan oge manusa piraku aing teu
bisa, Aing rek muka pasantren jiga Mama Ajengan."
> 
> Jlig we si Rewok indit ninggalkeun lemburna, aprak-aprakan neang
jalan satapak, mapay-mapay pilemburan, ngaliwatan tegalan jeung huma,
mipir-mipir masigit. Aya kana tilu tauna manehna leumpang nuturkeun
indung suku ngagembol Kitab. Pondok carita manehna nepi ka hiji
pilemburan, anu jauh kaditu-kadieu, da eta we lembur teh cindekna na
gawir Gunung Panglamunan. 
> 
> Hawa dipilemburan eta kacida pikabetaheunana, cai cur-cor herang,
walungan ting borelak katenjona bakat ku herangna cai walungan.
Tatangkalan katempo ngemploh hejo, dauna tinggarupay katebak angin anu
nyecep bangun anu tiis. Gigireun walungan katempo pelak pare anu keur
beukah, patanina ting hariyap ngagebah manuk piit jeung manuk titiran
anu euntreup dina galengan sawah. Malahan dina barangbang kalapa reang
ku manuk tikukur anu keur beger.
> 
> Dilembur eta si Rewok bubumen, kabenaran pupuhu lembur anu sakitu
darehdehna nampa tur ngaku kadatangan si Rewok. Keur mah si Rewok boga
paniatan rek muka pasantren, atuh kabeneran pisan da di lembur eta teu
acan aya pasantren.
> 
> Pondok carita si Rewok kalayan dirojong ku masyarakat eta lembur,
ngabangun pondok pasantren, da ari masjid mah butut-butut oge geus aya
ti baheula oge. Katelah we si Rewok jadi Mama Ewok, salaku sesepuh
pasantren
> 
> Santrina teu loba, ukur barudk leutik, da ari rumajana mah hararese
disuruh ka pasantren teh. Mama Ewok mimitina bingung kumaha carana
ngajar ngaji ka barudak, da kapanan 
> manehna oge can bisa alif bengkok-bengkok acan. Tapi da kitu ari
Gusti Allah mah Maha Bijaksana, Si Rewok anu sakitu buraholna, anu
sakitu barangasanana, sakedet netra bisa robah saratus dalapan puluh
darajat. Dina ngajar barudak Mama Ewok teu beakeun akal, barudak
ditanya " Yeuh barudak ari anu model kieu huruf naon?" Tanya Mama Ewok
> "Alif…!" tembal santrina meh bareng
> "Tah geuning kapanggih, Alif nu model kieu teh." Gerendeng Mama Ewok
> "Ari ieu huruf naon?" Tanya Mama Ewok
> "Ba….!" Tembal santrina 
> Jeung saterusna sampe Mama Ewok apal kana huruf Al'Qur'an, ti
barudak santrina, bari jeung teu apaleun santrina, yen Mama Ewok anu
keur diajar teh.
> 
> Hiji mangsa dina waktu piisukeuna lebaran, torojol we sesepuh lembur
datang ka pasantren.
> "Assalamu'alaikum…" sesepuh lembur uluk salam
> "Wa'alaikumsallam Warrohmatullohi Wabarrokatuh" tembal mama Ewok
bangun anu lekoh.
> "Aeh geuningan aya ki Lurah…mangga- mangga kalebet Ki.." cek mama
Ewok bari gep sasalaman.
> "Kumaha damang Pangersa?" Tanya pupuhu lembur
> "Alhamdulillah hibar Ki…ke..ke.ke. ke…asa rareuwas kuring mah
kadatangan Ki Lurah, aya pikersaeun naon Ki.."
> 
> "Ah..teu kedah reuwas sagala, kahiji kuring kadieu maksud teh rek
silaturahmi."
> "Hatur nuhun pisan atuh Ki..ngersakeun sumping ka tempat kuring."
Tembal Mama Ewok bangun daria.
> "Anu kadua panginten kieu Pangersa, kapanan enjing teh boboran…"
> "Ooh..muhun eta mah geus pasti, kapanan kuring geus nyieun bewara,
malahan tuh geus ditempelkeun tulisana diunggal parapatan." Tembal
Mama Ewok motong omongan Ki Lurah.
> 
> "Manawi Pangersa, ieu mah hasil rembukan DWRLP,…"
> "Ke heula..naon DWRLP teh?" potong Mama Ewok
> "Ohhh..maksad teh Dewan Wawakil Rahayat Lembur Panglamunan,
Pangersa.." sambung Ki Lurah bari semu mesem.
> "Ooh..sugan teh naon…terus maksudna kumaha?"
> "Muhun numutkeun hasil rapat, kumargi enjing bade diayakeun Shalat
Iedul Fitri, janten kanggo Khotibna disanggakeun ka Pangersa, tah kitu
maksad kuring kadieu teh."
> 
> Barang ngadenge rek dijadikeun khotib dina Shalat Iedul Fitri, Mama
Ewok ngagebeg reuwas…bari rey semu pias… "Euleuh kitu ge aing teu bisa
jadi khotib mah, kapanan can pernah ngajaran sakali-kali acan.?"
gerentes si Mama Ewok
> "Kumaha Pangersa tiasa dina waktosna?" Tanya Ki Lurah muraykeun
panglamunan Mama Ewok.
> 
> Mama Ewok ditanya kasanggupan ku Ki Lurah kitu teh, ngahuleng
sakeudeung, bari tuluy ngusapan jenggotna. "Ah..tibatan wirang ku
warga, keun ku aing rek disanggupan, 
> isuk mah kumaha isuk we, nu penting aing sanggup rek milampah
kahadean." gerentes Mama Ewok.
> 
> "Janten kumaha Pangersa, enjing teh siap janten khotib?" Tanya Ki
Lurah bangun anu panasaran.
> 
> "Hmmm…ari kitu anu sanes teu aya Ki Lurah?" Tanya Mama Ewok bari
angger ngusapan jenggotna.
> "Ih..manawi teu aya, kapanan anu biasana janten khotib teh tahun ieu
mah teu mulang ka lembur, da ceunah mah rek lebaran di kota, da dina
ayana oge ieu mah mangrupakeun kahormatan keur Pangersa ti Dewan
Wawakil Rahayat Lembur Panglamunan."
> "Nya ari kitu mah Insya Allah enjing kuring siap janten Khotib."
Tembal mama Ewok teges.
> 
> "Tah geuning geus puguh ayeuna mah." Cek Ki Lurah bari marahmay.
> "Perkawis tema dina ceramah mah eta mah teu langkung Pangersa,
mangga nyanggakeun, da Pangersa anu langkung uninga." Sambung Ki Lurah.
> "Muhun keun ke kuring rek ngemut naon kira-kira anu pipanteseun dina
khutbah Idul Fitri." Tembal Mama Ewok.
> 
> "Pangersa, kumargi anu diseja tos beres, ayeuna mah kuring rek
pamitan we, da masih keneh aya kaperluan anu sejen." Cek Ki Lurah bari
ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman.
> "Har..mani rurusuhan, padahal cai-cai heula atuh." Tembal Mama Ewok
> "Ah sawios Pangersa, tong repot-repot, puguhan tos ngopi heula
sateuacana kadieu teh."
> "Is…lain cai kopi maksud teh, tapi cai Wudhu Ki…kapanan sakeudeung
deui oge waktuna Shalat Ashar." Tembal Mama ewok bari nyerengeh seuri.
> "He.he.he…ah Pangersa mah sugan teh naon, sawios engke we kuring mah
di rorompok, mangga Pangersa..Assalamu' alaikum."
> 
> "Wa'alaikumsallam Warrohmatullohi Wabarrokatuh" tembal Mama Ewok
bari ngajajap sampe golodog panto.
> 
> Tisaprak Ki Lurah ninggalkeun padumukana, Mama Ewok ngaheruk bangun
anu bingung, da eta mikiran kumaha isuk rek jadi khotib, mangkaning
manehna teu bisa, da kapanan enya teu apal kumaha carana jadi khotib.
Peutingna tibatan reup sare, kalahka gulinggasahan, bingung teu aya
dikieuna, susah teu aya padana, lila-lila bakating ku cape pikiran
reup we tibra sare.
> 
> Saencana Sholat Subuh Mama ewok geus mendekong sila bari nyenyekel
tasbeh, mujasmedi ngadu'a kanu Maha Kawasa menta pitulung sangkan
manehna salamet tina kawiwirangan. Dina waktuna mere khutbah, Mama
Ewok cengkat bangun anu beurat, mata semu bintit da kurang mondok, gap
Kitab anu baheula nang maok ti pasantren ku manehna dibuka…luk tungkul
nempo Kitab, teu wani nempo ka hareup, jerit hate leutikna jumerit ka
Gusti Anu Maha Suci…"Duh Gusti Anu Maha Suci…Gusti langkung uninga yen
abdi teh saha, yen abdi teh jalmi anu bodo, yen abdi teh jalmi miskin
ku elmu, 
> Duh Gusti salametkeun abdi tina kawiwirangan di ieu makom." gerentes
hate Mama Ewok bari tuluy ceurik ngagukguk jiga basa baheula karek
nyekel Kitab tina peti.
> 
> Atuh jamaah anu ngabandungan teh, sarua milu nyurucudkeun cimata,
pertanda khusu enggoning ibadah. Malahan jamaah anu dipangtukangna mah
aya nu nyarita kieu, "Wah..Mama Ewok hebat euy..karek muka Kitab wae
geus ceurik, komo mun maca..duh geus jero elmuna nya?"
> 
> Aya kana lima menit mah, Mama ewok sumegruk ceurik dina mimbar
khotib, tuluy we manehna rurat-reret kasabudeureun eta rohangan
masjid, bubuhan masjid di lembur jaba geus umuran teh, tihangna geus
ditunjel ku awi, da mun seug teu ditunjel mah jigana ambruk masjid
teh…bray pikiran Mama Ewok kabuka hmmm..enya aing boga jalan komo
meuntas yeuh.
> 
> "Assalamu'alaikum Warrohhmatullohi wabarrokatuh… ." Mama ewok mere salam
> "Wa'alaikumsallam Warrohmatullohi Wabarrokatuh." Tembal jamaah reang
> "Bapak-Bapak ..Ibu-Ibu sadayana, sateuacana simkuring ngadugikeun
khutbah, simkuring aya pamundut sakedik, punten kanu payuneun ieu
mimbar, parat dugi kana lawang kosongkeun sadeupa mah.."
> 
> Jamaah teu leleked miak..ngosongkeun patempatan parat dugi ka
lawang, teu lila Mama Ewok ngaberetek lumpat ka luar masjid, bari
ngarawel tunjel awi,,, atuh burusut we lalangit anu luhureun mimbar
ngagebruk da tunjelna lesot.
> 
> Jamaah pahibut milu kaluar ti masjid da sieun katinggang. 
> "Duh..enyaan Mama Ewok mah legok tapak genteng kadek, elmuna geus
jero apal sedurung winara, da eta we bangunan rek runtuh mani apal."
Saur manuk galecok ngobrolkeun Mama Ewok.
> 
> Ari Mama Ewokna mah teuing geus kamana da teu aya disabudeureun masjid.
> 
> ****Tamat*** ***
> 
> Hikmah anu tiasa dicandak tina carpon diluhur, mangga peureut ku
masing-masing anu maca
> 
>        
> ---------------------------------
> 
> Search. browse and book your hotels and flights through Yahoo! Travel
>


Kirim email ke