Tah kitu ari praktek pulitik.teh..lolobana teu eucreug....Tapi si calon oge
.maju keuna mundur keuna..mere jangji salah...kulantaran..PASTI teu tiasa
nyumponan alias bakal jalir jangji...Henteu jangji..nya MOAL kapilih....teu
aya anu diical...

On 3/26/08, Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    *Nu Mere Aya Pamenta*
> Ku: Kebo Hideung - Griya Mitra Batik Kawalu Tasikmalaya
>
> Teu dimana-mana teu dikampung teu di kota, mun seug usum Pilkada ngadadak
> calon teh gampang diteangana, gampang wanohna, gampang mere mun rek dipenta,
> pokona bageur tur berehan. Malahan urang teu menta oge calon mah geus surti.
>
> Geus lumrah diurang mah (Indonesia) lamun calon pamingpin anu keur bajuang
> ngarebut hate calon pemilih rupa-rupa polahna, naon wae anu bisa ngaleehkeun
> hate calon pemilih pasti dilakonan.
>
> Ngan sok manghanjakalkeun anu barang bere teh tungtungna sok aya pamenta.
> Sok dukung kuring..sok pilih kuring...Lamun bapak-bapak ibu-ibu ngadukung
> kuring, kuring jangji..bla..bla..bla.... (tuh nya aya jangji). Tapi mun seug
> geus jeneng sok poho kana jangjina, kadangkala lamun diingetan lain
> nganuhunkeun, kalahka teu ngaku boga jangji.
>
> Padahal lamun rek mere maweh mah, ti baheula saencana jadi calon. Tapi
> ketang kapanan baheula mah basa can jadi calon teu boga pamenta.
>
> Jadi atuh ari kitu mah lamun erek barang bere teh kudu boga heula pamenta
> nya..???
>
> Duka teh teuing...............................
> Cag
>
> ------------------------------
>  <http://answers.yahoo.com.sg/>
> *Real people. Real questions. Real answers. Share what you 
> know<http://answers.yahoo.com.sg/>
> *.
>
> 
>

Kirim email ke