Kamari kuring kakara nyaho, yen aya sababaraha
institusi anu ngaranna nyabit-nyabit rektor. Aya
Paguyuban Rektor, aya Forum Rektor jeung aya Majelis
Rektor,anu anggotana teh  para rektor eta-eta keneh.
Tapi cenah beda soal kagiatanana. Paguyuban Rektor anu
"gegedugna" Rektor UI, kumpulan para rektor paguron
luhur nagri anu fokusna ngan sakadar nguruskeun soal
ujian masuk perguruan tinggi negeri anu diwadahan ku
SPMB (Seleksi Penerimaan Mahasiswa Baru).

Ari Forum Rektor anu "gegedugna" Rektor ITB, para
anggotana teh salain ti rektor PTN oge para rektor
PTS, fokus kagiatanana teh ngayakeun kagiatan anu aya
pakaitna jeung pendidikan  pikeun masyarakat, salah
sahijina pendidikan politik. 
Tah, sigana ngondang para cagub/cawagub teh dina
raraga  ngalaksanakeun kagiatan Forum Rektor tea.

Hanjakal, forum siga kitu teh, terbatas anu nongtonna.
Padahal kamari waktu pilkada Gubernur DKI, anu
ngondang para cagub/cawagub teh cukup ku mahasiswa
wae. Atuh suasana jeung diskusina oge gaya mahasiswa,
pamilih anyar anu potensial pikeun ngumpulkeun sora.
Sok sanajan harita teh opini jeung pertanyaan ti para
mahasiswa mojokkeun cagub Fauzi Bowo, lewih pro ka
cagub anu diaconkeun PKS, tapi kanyataanana Fauzi Bowo
anu meunang.

Tah duka kumaha hasil kagiatan Forum Rektor ngondang
para cagub Jabar. Naha aya pangaruhna ka anu datang
harita ku ayana paparan ti para cagub. ari opini
kuring mah, mang hanjakalkeun kagiatan eta heunteu
dimangpaatkeun sacara optimal, pikeung ngeduk leuwih
jero eusi pikiran para cagub/cawagub. Padahal
pamilihan gubernur ayeuna, bakal nangtukeun
"Beureum-hideungna" Jabar lima taun kahareup.


baktos,

mrachmatrawyani


--- sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> pilih wae mang agum
> alesan: kungsi dipoto bareng urang kusnet bari
> nyekel buku 3s nu munggaran medal.
> 
> he..he..
> sonirosa
> www.bolotot.com
> 



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke