ari acarana mah duka naon, asana forum dialog rektor dina soal pilkadal gubernur jaba. nu boga hajatna mappilu, poe senen kamari jam 2 di gedung koran kompas jl. riau bdg.
pendak jeung ua sasmita oge kang Hawe ti cupumanik, jasepudin ti bandung tv, jrrd. si kuring oge ua sas, jsb, diondang ku kompas sigana salaku bobotoh-nu sok narulis dina kompas jabar. rektor nu sumping ti itb, joko santoso, ti unpad, tangtos kang Ganjar Kurnia ku anjeun (basa inggrisna, him self), rektor upi diwakilan ku wakilna, kang Chaedar Alwasilah, rektor UIN oge ti STPDN nu dina ngaran siga urang manado. cagub nu geus datang basa si kuring datang teh Hade, ti pan pks, ahmad heryawan. rada lila terus datang iwan r sulandjana, cawagub DAI, terus Agum ti Aman. nya rektor nepikeun implengan kahayang usul jsb. dialokan ku cagub terus aya sesi tanya jawab sakeudeung jeung hadirin. Kang Hawe terus ua Sas mah teu nepi ka tamat. nu teu lucu mah si kuring: keur teu boga ktp yeuh. pindah ti kidul ka kaler can diuruskeun ktpna. jadi meureun teu kadaptar di ditu dieu. inti acara mah, sambung rasa we ti forum rektor ka cagub, bari jeung mageuhan tekad sangkan pilkadal di urang (provinsi jawa barat) teu siga di tempat sejen nu terus jadi ribut. kudu demokratis jeung cerdas cenah. heuheu moal nganalisa ah da teu bisa. sok bingung ari kudu milih teh ayeuna mah. salian ti masih katerap adat skeptis oge si kuring mah yakin, kabeh oge pastina baroga cita2 hayang ngamajukeun jabar.

