Dua Bupati Pangmashurna Dina Sajarah Sumedang Mangle No. 2160 Rayat anu ngarungsi basa Sumedang dijorag ku Cilikwidara jeung wadiabalad Banten, age, ahirna marulang deui ka Sumedang, ku kituna kota rayatna beuki nambahan. Dugi ka wapatna Pangeran Panembahan, pangwangunan Sumedang tacan rengse. Sajeroning kitu taun1684, di Bentang Beschermingh Cirebon aya gempungan para bupati sa Priangan anu dip-ingpin ku Jacob Couper. Dijadikeun jejer gempungan oge sual Pangeran Panembahan anu dibere 1150 jiwa cacah jeung 185 cacah anu maratuh di Tanjungpura, Bobos., Cileungsir, Ciasem, Cibalagung jeung Cipinang. Perelu kauninga, mangsa harita ukuran kakawasaan hiji pamingpin tradisional teh ditingal tina jumlah cacah-na, lain ditingal lega wilayah anu dikawasana.
Pangwangunan dayeuh Sumedang diteruskeun ku putra Pangeran Panembahan nu jenengan Raden Tanumaya tea anu ngan tilu taun jeneng bupatina, sabab kabujeng wapat taun 1709. Tanumaya digentos ku putrana nu jenengan Pangeran Rangga Gempol atanapi Pangeran Kusumadinata nu dileler gelar Pangeran Karuhun, nya anjeunna nu muka pasawahan anyar di wewengkon Sumedang teh. Taun 1845, lian ti gedong Srimanganti, saterusna diwangun gedong Bongkok nu ayeuna disebut Gedong Nagara nu diwangun make gaya barat dina jaman Pangeran Sugih. Tapi Bupati mah langkung betah linggih di gedong heubeul anu leuwih tradisional. Gedong Bongkok biasana digunakeunana teh upama aya tamu Eropa sarumping ka Sumedang. Taun-taun ka dieunakeun diwangun Bumi kaler, anggoeun kulawarga Bupati. Masjid Agung anu tadina aya di jalan Empang dipindahkeuin ka kuloneun alun-alun. Antara taun 1882 -1919, Kabupaten Sumedang dibagi jadi opat distrik, kahiji Distrik Kota Sumedang, diw-ngun ku Onderdistrik Pasanggrahan, Rancapurut, jeung Situraja, Kadua Distrik Cimalaka diwangun ku Onderdistrik Cijambu jeung Cikeruh. Katilu Distrik Tamo diwangun ku onderdistrik Conggeang, Buahdua jeung Darmawangi. Kaopat Distrik Darmaraja diwangun ku Onderdistrik Cadasngampar jeung Wado. Dua Tokoh Nu Mashur Aya dua inohong nu pangmashurna dina Sajarah Sumedang, boh ditingal tina kapamingpinanana boh tina jihat jasa-jasana dina pangwangunan. Nu pangkacaturna Pangeran Kornel Bupati Sumedang anu ka 12 (1791-1828) sareng Pangeran Mekah Bupati Sumedang anu ka 15 (1882-1919). Pangeran Kornel anu mangsa rumajana ditelah Raden Jamu sering disebut-sebut lalakon keur murangkalna anu lara tunggara jeung dina mangsa jeneng Bupati ngeunaan kacaturkeun ' teuneung ludeung jeung leber wawanenna enggoning nangtang Gupemur Jendral Walanda Daendels. Salahsahiji sumber nyebutkeun, waktu Raden Jamu yuswana anom keneh pisan, ramana anu jeneng Bupati Sumedang wapat. Kumargi Raden Jamu murangkalih keneh, nya diangkat Raden Adipati Tanubaya rundayan Parakanmuncang pikeun panyelang. Sangkan henteu aya pasendatan, keur nyingkahan konflik, Bupati Tanubaya ngajodokeun Raden Jamu ka putrana ku anjeun. Tapi tetela. Kangjeng Dalem teh gampil pisan kapangaruhan ku saur manis, tepi ka pitenah karinah nu ditujukeun ka Raden Jamu dipercaya gembleng. Atuh puguh Kangjeng Dalem malik ceuceub ka mantuna. Ku pinter-pinterna Demang Dongkol juru karinah pitenah ngajejeleh Raden Jamu ka Bupati, Raden Jamu jadi beuki dipikaceueub ku Bupati Tanubaya. Tapi rencana Rajapati ka Raden Jamu bisa digagalkeun. Hiji mangsa Bupati bubujeng ka leuweung ngajakan Raden Jamu anu beresih manah tanpa curiga. Paninggaran anu parabot morona make tumbak dipercaya jeung dipentes kudu nelasan Raden Jamu. Eta teh paninggaran kapercantenan Bupati anu ahirna belot ka Raden Jamu, malah miwarang Raden enggal ngantun Sumedang, margi aya anu ngarah pati ka salirana. Raden Jamu tumut ka paninggaran nu bela; Lalakon putra Dalem nu lolos ti nagara dicaritakeun " dina rupa-rupa wanda atawa versi, tapi kabeh meh sarua tragisna, pinuh ku kabalangsakan, lara tunggara, kuma tea anu angkat diintip-intip ku pati didodoho ku nu jail kaniaya. Tapi ku Gusti tetela ditangtayungan calon pamingpin anu ahirna ngeuyeuban . sajarah Sumedang ku kawijakan, kaadilan turta kapalamartaanana enggoning ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara jeung mingpin rayatna. Ngawitan mah paniatanana lempeng seja ngabujeng Limbangan,dumeh bupatina masih kapieyangna keneh. Di satengahing jalan dicegat ku para pacalang, (pulisi) kapercayaan Bupati Tanunbaya nu diparentah kudu nelasan Reden Jamu; Tapi ku kabedasan lahir jeung batin, Raden Jamu salamet, dugi ka Limbangan. Bupati Limbangan miwejang supaya Raden angkat ka Cianjur bae, sabab di Cianjur mah tiasa diperenahkeun dina kalungguhan anu langkung pantes. Raden tumut ka kersa eyangna anu ngiring mangmelangkeun kana nasibna. Ti dinya mah bral angkat muru ngulon. Satengahing lalampahan dipegatan ku salapan begal nu barosongot, tapi aneh waktu Raden uluk salam neda widi ngiring ngalangkung, para begal teh jiga anu lalimpeu naker, ngamanggakeun bari barengong olohok. Salamet dugi ka Cianjur, langsung ngadeuheus ka Bupati. Ngawitan mah didamelkeun jadi Paninggharan nu ngadunungan ka Lurah Kalapanunggal. Dina acara bubujeng, nya tepang jeung Raden Astra Kumetir Kopi Cianjur. Kahebatan Raden waktos moro uncal dicarioskeun ka Bupati Cianjur. Ahirna Raden Jamu kamanah ku Kangjeng Dalem nu tetela masih katalian kawargian sareng rama Raden Jamu. Enggalna carios, Raden Jamu dijungjung lungguh jadi Kapala Cutak (Wadana) Cikalong. Genepwelas taun geus kalangkung Raden ngantun Sumedang, babakti ka Cianjur, ahirna tiasa mulih deui ka lernbur luluhur dina kaayaan salamet tur kagungan kalungguhan panting di Cianjur. Hamo bisa dipupus dileungitkeun da puguh kanyataanana Raden Jamu teh ti luhur terahing ratu rembesan kusumah tetesan andanawarih, ahirna mah Raden dijungjung lungguh jadi Bupati Sumedang nu kakoncara jenenganana Raden Adipati Surianagara nu dileler gelar Pangeran Kusumadinata. Caturkeun mangsa, harita Gupernur Jendral Hindia Walanda Daendels ngaluluguan ngawangun jalan ti Anyer tepi ka Panarukan, sakumaha panjangna bisa diukur tina peta. Ari nu digarawena rayat di kabupaten-kabupaten anu kaliwatan ku proyek jalan, Sumedang oge kali-watan. Ku kituna rayat Sumedang diperih pati diperes tanagana kudu milu ngawangun jalan, loba anu meraot langlayeuseun, da puguh diarah tanagana wungkul, eusi peujitna mah teu diurus. Rayat Sumedang ti suklakna ti siklukna dipentes mugaran cadas nu teuas make paparabotan saayana bari jeung naredana sakapanggihna, henteu dirangsum sacukupna ieuh. Atuh di wewengkon Sumedang mah, jalan teh henteu rengse nurutkeun jadwal anu ditangtukeun ku Daendels anu ditarelah Mas Galak. Bupati Sumedang dipentes kudu ngeprik rayatna nu leuwih loba deui, ulah aya anu ngari kabeh kudu sina lakon gawe. Kangjeng Dalem mindel kalbu, teu werat kudu nganiaya rayatna, ku sakitu oge geus ngaraheutan manahna. Parentah Daendels teh-ditolak sabab teu tega kudu nyaksian rayatna dikakaya saperti kitu. Waktu Daendels ngaroris ka proyek jalan nu jadi impianana, Bupati ngamnjtos di tengah jalan. Srog Gupernur Jendral ka payuneun Dalem Sumedang bari ngasongkeun leungeun katuhu sakumaha biasana nu ngajak sasalaman, tapi ku Dalem anu amarah lebeting manah leungeun jendral Walanda teh ditampina ku panangan kenca. Nya ari mimiti mah Gupernur Jendral Mas Galak teh amarah jeroning manah, sikep bupati dianggapna cucungah, kurang ajar. Tapi meureun sabada dipikir jeung diteuleuman ku naon sababna Dalem kitu kalakuan ka dirina, tina amarah robah jadi hormat. Sabab Bupati oge ngeces-tembres-keun ku naon pangna wantun kitu peta.' Mintonkeun kaludeung jeung wawanen demi rayatna anu dikakaya ku Gupemur Jendral digawe paksa tanpa nolih kana kasehatan awakna, Bupati pamingpin rayat tangtu bae teu tarima rayatna dikikitu ku deungeun.' Daendels bener-bener hormat tur luhur ngajenanana kana wawanen Kangjeng Dalem Sumedang anu hiji ieu. Teu kudu diadu renyomkeun bener henteuna di tempat anu ayeuna disebut Cadas Pangeran kungsi aya kajadian saperti kitu. Urang Sumedang percaya tur yakin kajadian sajarahna memang kitu. Pikeun pangelingngeling jeung ngayakinkeun cirining benerna eta kajadian, di jalan rek sup pisan ka Cadas Pangeran diwangun patung Bupati Sumedang anu ditarelah Pangeran Kornel nuju sasalaman sareng Daendels ku panangan katuhu. Keur bandingan aya laporan nu eusina pamanggih urang Walanda nu hirup sajaman jeung Pangeran Kornel. Dumasar kana laporan komisi anu dipingpin ku Carl WilhelmThalman nu ditulis tanggal 29 Januari 1808 disebutkeun, Pangeran Kornel teh tokoh anu cerdas arif wijaksana, aktip, rajin turta luhur ajen pangabakti ka rayatna, kacida dipisepuhna ku para Bupati sa Tatar Priangan, leber wawanen, teuneung ludeung, parigel rancage turta waspada. Mimiti jeneng Bupati, disantongkeun kana kaayaan Sumedang anu acak-acakan teu kapiara. Pangeran Komel mampuh ngagenipur leuweung gerot disangling jadi kebon kopi nu subur. Pikeun ningkatkeun ajen jeung produksi kebon kopi, langsung diorganisir ku anjeunna, sabab' saenyana tanah Sumedang mah kurang cocog keur kebon kopi. Upayana henteu gaplah. Kangjeng Dalem tiasa ningkatkeun produksi kopi tepi ka 25.000 pikul per taun. Waktu tanamna oge tina 22-60 poe jadi ngan 21-6 poe, di antarana mindahkeun tempat pangirimanana ti Cikao ka Karangsambung. Redden Priangan Van Motman nyebutkeun, Pangeran Komel teh pangkatna pangluhurna ti antara para Bupati di Priangan, anueunna teh bupati anu kacida pinter tur parigelna. Adipati Surianagara salawasna caringcing pageuh kancing turta kacida telikna ngalakukeun pangawasan, sabab sering kajadian aya gangguan kaamanan, lembur diranjah rampog, basirir kalerna diganggu ku bajo-bajo nu garangas. Tapi eta kabeh tiasa diungkulan ku Dalem Sumedang Surianagara. Dumasar kana hal eta, Bupati Surianagara dileler pangkat Reguler Kolonel, tapi tetah rayat tisoledat nyarebutna jadi KORNEL, atuh mashuma tepi ka kiwari Pangeran Komel, teu robah deui.'" (hanca)

