Kang Yoseph Iskandar Ngantunkeun Rebo 26 Maret
Dina fiksi sajarah Sunda mah Kang Yoseph Iskandar teh
tiasa disebatkeun mandahongnna. Anjeunna miguruna ka
Kang Saleh Danasasmita, sajarawan Sunda. Atuh
novel-novelna nu ngajujut sajarah Sunda, kawasna teu
acan aya tandingna dugi ka danget ieu mah. Almarhum
Kang Edi S Ekadjati ge kantos nyebatkeun, dina urusan
fiksi sajarah Sunda mah teu aya deui salian ti Kang
Yoseph Iskandar. Novelna antawisna wae Tarusbawa,
Tanjeur di Buana, Wastukancana, sareng seueur deui.
Kenging wartos Kang Yoseph pupus teh Rebo 26 Maret
kinten jam 11-an, nalika nganteur pun anak anu kadua
lalandong di RS Islam di By Pass. Kang Dudi Santosa,
pamingpin umum Sunda Midang sareng Kang Rahmat Taufik,
Direktur Penerbit Kiblat anu nga-sms teh. saurna
dibukrebkeun tabuh satuan. Ari ngantunkeunana mah Rebo
wengi jam 1.
Teu kinten ngajenghokna kenging wartos Kang Yoseph
pupus teh. Handeueul kabina-bina. Eta pedah tos terang
teu damangna tur niat bade ngalalayad, ngan ku teu
weleh aya halangan. Kantos ngajak Hawe Setiawan, Kang
Abdullah Mustappa, sareng Hadi AKS, duka ku naon bet
teu janten wae. Waktos ngajak Kang Abdullah sareng
Hadi AKS, kantos bade sajungjungeun, ngan dak
dumadakan aya halangan deui wae, dugi ka bedona.
Sawangsulna ti RS Al Islam, teras wae ngabujeng ka
bumina di Negalasari, Ujungberung, seja ngiring ka
makam. Teu ku hanteu, ari dugi ka bumina, saur tetehna
(istri Kang Yoseph), cenahy parantos dikurebkeun tabuh
11. Atuh hanjelu deui bae. Eta tuda teu enggal2 ka
bumina teh nuju aya karerepet deuih, ngabantun pun
anak lalandong ka RS Al Islam, janten teu tiasa
gura-giru. Katurug-turug dina sms Kang Rahmat tabuh 1
cenah dikurebkeunana.
Di bumina Kang Yoseph teh mung pendak sareng tetehna
wae. Teu lami jol Kang Ofik (Taufik Faturohman,
direktur penerbit Geger Sunten). Luak lieuk sugan aya
pangarang Sunda atanapi seniman, berekah teu pendak.
Rupina ti enjing-enjing batur mah. Sim kuring wae nu
kaporotan.
Rumaos henteu ngawartosan kana milis Kusnet, da harita
teh nuju cuti ti dinten Minggu keneh, 23 Maret dugi ka
jumaah 28 Maret, jalaran pun anak nombor tea. Ari muka
milis seseringna nebeng di kantor. Sareng angkanan teh
pasti tos aruningaeun. Siga waktos RAF pupus ge
geuning tos aruningaeun.
Mung waktos Jumaah sonten muka milis, rupina wae urang
babakan Kusnet teu acan aya nu uninga atanapi aya nu
uninga mung teu acan kabujeng ngiberan dina milis. Nu
mawi ieu mah etang-etang ngawartosan iber basi wae,
reh dulur urang, Kang Yoseph Iskandar paranos
ngantunkeun urang sadaya. Mugia iman Islam sareng amal
solehna ditampi ku Allah SWT. Dicaangkeun alam
kuburna. Amiiin.
Cecep Burdansyah
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs