Salgari
   
  Nincak semester ka tilu, sakola teh geus mimiti bosen. Asa kitu keneh kitu 
keneh. Atuh, basa maca pangumuman yen British Council mere bea siswa keur 
sakola di LSE kuring langsung curinghak. Aya pikir hayang ngiluan eta program. 
Saha nu nyaho bisa kaajar ku Sidney Hook, nu sawatara taun saencanna nganjang 
ka Indonesia. Poe eta keneh ngagidig ka Jl.Tamblong, ka pabukon British 
Council, nyokot formulir. Ari test-na mah di British Council, Jakarta, dua tilu 
bulan ti harita.
  Piisukeun test, kuring miang ka Jakarta. Ngahaja ka Jl.Jambu, ka imah Teh 
Dewi -- teu ka Slipi, ka imah kapi nini, sakumaha biasana mun ka Jakarta. 
Pikiran teh ambeh peutingna bisa diskusi jeung nu boga imah, nu ku kuring 
dianggap leuwih pangalaman dina perkara test keur beasiswa. Ngan teu ku hanteu, 
kasampak teh manehna keur kasemahan hiji wanoja Itali. Harita ge, basa kuring 
datang, maranehna keur uplek ngobrol. Dina meja pabalatak sawatara komik. Kabeh 
dina basa Itali. Salah sahijina, nu judulna I Pirati della Malesia (Bajo 
Malayu). Dina jilidna aya gambar beungeut lodaya, siga lambang Kodam Siliwangi. 
Matana seukeut neuteup nu maca. 
  Satengahing mulak-malik komik nu aya dina meja, bari ukur ngarararampa harti 
tulisan nu nyampak di dinya, da kuring teu bisa Basa Itali, kuring pogot 
ngabandungan nu keur aruplek ngobrol. Wuwuhan duanana papada jero kaweruhna 
ngeunaan naon nu diobrolkeun. Ongkoh, harita, kuring ukur nyaho komik lokal 
jeung Tintin. Kitu ge, tangtuna, jajauheun bisa disebut ahli. Ukur nyaho, 
sakumaha umumna barudak harita, nu ngajadikeun komik salaku bacaan jeung 
hiburannana, bari teu nepi ka masket atawa panatik. Ari ieu, nu diobrolkeun teh 
komik Itali – nu karak harita kuring ningali. Bari, “nu ngarangna”, cenah, boga 
jalan hirup nu kawilang unik: Emilio Salgari.
  Asup ka pangkeng teh geus jam 2. Kitu ge ninggalkeun nu masih keneh 
ngalobrol. Hudang-hudang jam 10. Ari test jam 8, malah jam 7 kudu geus aya di 
British Council. Atuh, nyamos. Diudag ka panitia, sasadu, api-api karak datang 
ti Bandung, tangtu bae teu ditarima. Da, geus balubar. Rek ngomong langsung ka 
direkturna, sieun diseungseurikeun. Ahirna, narimakeun. Bongan sorangan. 
Ngabandungan nu ngobrol kalalanjoanan.
  Nu ngarasa dosa pisan mah nu boga imah, sarua kabeurangan teu bisa 
ngahudangkeun. Nepi ka maotna taun kamari, sanajan ku kuring dijelaskeun yen 
bantetna kuring ngilu test teh lain salah manehna, inyana teu weleh menta 
hampura tiap nyabit-nyabit perkara ieu. Malah, harita, lian ti mere sawatara 
komik, kuring diajak ulin ka Jogya jeung Solo, nganteur urang Itali tea. Atuh, 
gagal ngilu test beasiswa keur LSE, kaweruh kuring ngeunaan Salgari hususna 
jeung Itali umumna rada nambahan. Da sajajalan nu diobrolkeun teh ngan eta 
jeung eta bae: Salgari. Sanajan, kuring sorangan ngarasa leuwih nyaho mah 
kabehdieuneukeun, sanggeus jadi wartawan. Harita, lian ti ningalian 
komik-komikna, kuring kungsi dibere injeum sawatara naskah pibukueun jeung buku 
ngeunaan Salgari – nu jadi bahan ieu pangacaprukan.  
   
  Tetela unik jalan hirup Salgari teh. Jalan hirupna, tipikal jalan hirup 
seniman jaman heubeul: Kabeulit ku kasusah ekonomi, hutang di mana-mana, anak 
jeung pamajikan garering, manehna sorangan meh langlang-lingling – sabaraha 
kali gagal miteni diri. Lian ti kitu, Salgari jadi conto kumaha novel populer 
bisa dipikaresep sapanjang jaman – bari teu weleh direproduksi jadi 
produk-produk popular lianna atawa jadi sawatara makalah jeung buku ilmiah nu 
teu eureun mesek “kasus Salgari”. Nepi ka kiwari, kongres-kongres ngeunaan 
Salgari tara poho diayakeun – sarua dariana jeung Venice Biennale, launching 
produk panganyarna Gucci, atawa kongres Partai Komunis.
  Sanajan “tapis” dina ngagambarkeun aadatan urang Benggali, Malayu, Dayak, 
atawa Papua pisan, Salgari jajauheun tina kungsi ngumbara ka India, Malaya, 
atawa Indonesia. Saumur hirupna, balayar nu pangjauhna ukur nepi ka Brindisi, 
hiji wewengkon di Itali Kidul. Kitu ge dina raraga praktek kerja waktu manehna 
jadi mahasiswa Institut Teknik Kelautan Venesia – nu dilakonan teu jucung nepi 
ka tamat -- lain balayar nu satemenna. Hartina, Salgari sarua jeung Karl May: 
Nu ukur ngawawaas Amerika atawa Balkan tina jero bui. 


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of Blockbuster Total 
Access, No Cost.

Kirim email ke