Teu jelas, ku naon manehna teu jucung namatkeun sakolana. Ngan, gagal jadi
ahli pelayaran manehna ancrub kana dunya kurung-karang. (Enya nulis buku,
novel. Lain nyieun komik!). Dina umur 22 taun, manehna mimiti ngacapruk
ngeunaan Papua (I Selvaggi della Papua Urang Papua, 1883) diteruskeun ku La
Tigre della Melasia (Lodaya Tanah Malayu) nu engke jadi kojo pikeun serial
bajo Malayu-na, nu paling dipikaresep ku nu maca. Lian ti serial bajo Malayu,
aya oge seri bajo Bermuda, seri Afrika, seri Amerika, seri Filipina, jeung nu
lianna. Nu boga lalakon dina seri bajo Malayu nyaeta Sandokan, raja bajo nu
kumelendang di Sagara Indonesia jeung Borneo. (Bandingkeun jeung Sandakan,
ngaran hiji pulo di Kalimantan, nu deukeut jeung Filipina). Lian ti eta, cenah,
aya oge roman Salgari nu sipatna science fiction. Nyaritakeun hiji jalma nu
disibernasi (dibekukeun) salila 100 taun!
Salgariana, para ahli jeung fans Salgari, nepi ka kiwari, masih can paheut
ngeunaan sabaraha loba satemenna novel-novel nu ditulis ku Salgari. Aya nu
nyebutkeun 80. Aya oge nu nyebutkeun leuwih ti 100. Pabaliutna perkara jumlah
buku nu kungsi ditulis ku Salgari ieu alatan hirupna nu ngacapruk tadi:
Dibeulit hutang, ditambah kudu ngabeayaan tatamba anak awewe jeung
pamajikannana, manehna tisuksuk tidungdung neangan duit. Carana, nya ku ngarang
buku. Keur ngingkahan tuntutan ti pihak pamedal nu ngontrak manehna, inyana
remen nulis make aran lian. Salingkuh jeung pamedal lian. Nya, ieu nu matak
hese nyusud jumlah paheut buku-buku Salgari teh. Lian ti ngaran Cap.Guido
Altieri, Bertolini, Guido Landucci, jeung Romero (aran salah sahiji anakna),
sawatara ngaran lain diwawaas jadi sandi asma Salgari.
Sanajan kawilang produktif, novel-novel Salgari teu dianggap salaku sastra.
Tapi, siga ceuk tadi: Buku-bukuna lain bae dipikaresep nepi ka kiwari bari
dibarungan ku fenomena Salgariana jeung sarupaning upacara nu maneuh meh tiap
taun. Tapi, sumarambah jadi produk-produk lianna. Utamana komik jeung... film
boh film bioskop, boh film televisi. Husus komik, novel-novel Salgari loba
yasana dina ngawujudkeun industri komik Itali. Malah, sawatara ahli nyebutkeun:
Komik hasil adaptasi tina novel-novel Salgari ieu, cenah, jadi lawang pamuka
tumuwuhna industri film Itali. Kaasup lahirna majalah komik kawentar di Itali,
Topolino. Kituna teh, sawatara komik Salgari diadaptasi kana dunya Donald
Bebek: Sandokan teh salin rupa jadi bebek! Tayohna, modus ieu taya lian ti
lakuning laju ti hiji film kartun buatan Protugal, nu ngajirimkeun Sandokan
jadi lodaya. Komik teh ngajirim jadi fabel, jadi dongeng sasatoan. Da, enya:
Karya-karya Salgari teh, boh buku boh komik, sumarambah ka
luar Itali. Meh kabeh nagara Eropa, oge sawatara nagara Amerika Laten jeung
nagara urut jajahan Perancis, milu kasimbeuhan virus Salgari ku narjamahkeun
karya-karyana kana basa sewang-sewangan.
Populerna komik jeung buku-buku Salgari lain bae ngawujudkeun
komunitas-komunitas Salgariana. Tapi, oge, siga ceuk tadi: Kongres-kongres
ilmiah ngeunaan Salgari. Kaasup sawatara makalah jeung buku ngeunaan ieu
inohong salahsahijina, dina Basa Indonesia, nu kuring nyaho, hiji buku nu
disanggakeun ka suargi Denys Lombard, Indonesianis ti Perancis.
Lahir di Verona (12 Agustus 1862), Salgari maot di Torino (25 April 1911).
Tayohna, usaha manehna pikeun miteni diri harita mah aya tapakna. Enya. Salgari
maot alatan maehan maneh. Teuing luncat tina hateup pabrik FIAT, teuing
nancebkeun keris dina dadana. Teuing dihakan lodaya nu aya dina komikna.
Wallohualam... Ngan, taun 90, kuring kungsi diajak lalajo kongres Salgari di
Tuscani ku almarhumah Teh Dewi. Tapi, teu kalaksanakeun. Da, kantor teu mere
idin cuti.
Panineungan ka Teh Dewi, Salemba, Lebaran Haji 2006
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of Blockbuster Total
Access, No Cost.