Pangeran Mekah Bapa Pertanian Ngadegkeun Sakola Pertanian Tanjungsari
Mangle No. 2161

Antara taun 1820-an, pangwangunan jalan ka Ciherang diteruskeun, nu 
nalingakeunana Bupati ku anjeun. Pangeran Kornel nalingakeun pangwangunan jalan 
Cadas Pangeran antara tanggal 21 Nopember 1821 dugi ka 12 Maret 1822. Sabada 
rengse jalan anyar teh dicoba dilangkungan ku Pangeran Kornel nyarengan Gupemur 
Jendral Van der Capellen 22 Juli 1822. Bupati Sumedang kadua anu ageung jasana 
ka rayat katut pangwangunan daerah Sumedang, Pangeran Aria Suria Atmadja anu 
langkung mashur jujulukna Pangeran Mekah. Ditelah Pangeran Mekah, sabada 
Kangjeng Dalem wafat di Mekah nuju nutaskeun Rukun Islam anu kalima Munggah 
Haji. Pangeran Aria Suria Amaja dibabarkeun 11 Januri 1851 di Sumedang. Ari 
ramana Pangeran Suria Kusumah Adinata atawa jenengan anu sohorna mah Pangeran 
Sugih tea. ibuna mah Raden Ayu Ratnaningrat, putri Demang Somawilaga Jaksa 
Sumedang. Bupati anu keur murangkalihna disebat Aom Sadeli teh ngewitan sakola 
dina yuswa 8 taun, saterusna diajar Basa Walanda dugi ka ngolotok. Yuswa 14 
taun magang bari diajar basa Inggris jeung Perancis bari henteu lali ngulik bab 
elmu kaagamaan, kalebet ngaos. Al Qur'anul Karim. Ti Raden Ayu Ratnaningrum 
Pangeran Mekah kagungan putra istri hiji-hijina anu dipaparin jenengan Raden 
Ayu Yogjainten anu nikah sareng Raden Rangga Wirahadisurya. Yogjainten ti Raden 
Rangga kagungan putra jenengan Raden Achmad Basari, pupus taun 1917. Ku kituna, 
Pangeran Mekah henteu kagungan rundayan langsung anu manjangkeun lalakon. 
Pangeran Mekah benten ti ramana anu sok disalindir Pangeran Sugih ku istri, 
anjeunna mah geureuhana mung hiji-hiji-na Raden Ayu Ratnaningrum terahing menak 
Garut.

Tapi sok sanajan kitu, ari jasa Sang pangeran kana ngawangun daerahna mah tan 
wilangan. Dina jamanna pangwangunan ngageder ampir taya ngasona. Nya ti harita 
Sumedang ngudag ajen inajen hudang dangiang teh. Ti harita oge kuduna make 
SULUK "Nyandang Kahayang", da ayeuna mah ngan tinggal lajuning lakuna. 
Pangwangunan anu pangdiutamakeu-na, pertanian, tug tepi ka ayeuna mashur 
pertanian di wewengkon Sumedang teh. Aya lajuning lakuna, malah manjang. 
Sumedang boga tangkil, jeruk Cikoneng, taleus Ganeas, boled Cilembu, jeruk 
Tanjungsari, Tacan bubuahan, di Tanjungsari aya perkebunan jeruk kajeun Jepang 
nu bogana, Buahdua jeung Conggeang boga salak jeung sajabana...jeung sajabana. 
tanah anu umumna lamping gunung atawa pasir anu nangtawing. Sang Pangeran 
henteu seepeun akal enggoning nuyun rayatna, tanah lamping nu sakumaha 
nangtawingna teh heug, disengked, ditangga-tangga anu sohor disebut Terasiring 
tea dina elmu tatanen anu moderen mah. tepi ka ahima tanah dengdek teh bisa 
dibebenah jadi sawah nu ngahasilkeun pare turta kualitas parena oge sohor tepi 
ka kiwari. Mun geus jadi beas disebutna "Beas Sumedang". Hasilna mucekil saban 
panen teh sanajan sewahna. tadah hujan, saukur dicaian ku sih piwelasna hujan. 
Lian ti pare, Bupati. oge cumeluk sangkan patani marelak patawija, bibinihanana 
didatangkeun ti Indramayu, kalapa mah binihna ti Jawa jeung Bali. Bupati oge 
nyadiakeun bantuan modal keur petemakan, elmuna, ". padika diajar tatanen 
mangrupa anu dijudulan " Mitra Noe Tani" karya K.F Holle. 
Pangeran Mekah oge dina jamanna, ngawangun irigasi di Ujung keur ngaduum cai ka 
pasawahan Kebon awi di Cijambu jeung 'Gunung Simpay dilegaan, tanah anger jeung 
tegal eurih dibukbak dijadikeun kentang jeung sayuran. Ari peternakan, kuda, 
sapi jeung munding usahana leuwih ditingkatkeun deui kawilang topek jeung ahli 
kana peternakan di Sumedang jaman hannah, 1903 peresisna, Naib Tanjungsari, 
Raden Haji Muhamad Usman jeung raina, Raden Muhamad Pesta, ku Bupati dijurung 
ngulik elmuning peternakan kuda ka Sumba jeung Sumbawa, marulangna dipentes 
mawa kuda jalu pejantan (Pamacek) anu hade.

Sapi mah taun 1908 ngadatangkeun ti Madura enggon sapi anu kualitasna hade. Mun 
ayeuna aya Sapi Banpres (Bantuan Presiden), jaman baheula jaman Pangeran Mekah 
aya Sapi Banbup atawa Sapi Bantuan Bupati. Pangeran Mekah ngabagikeun sapi 
Benggala ka patani, naurna dicicil, jiga jaman ayeuna we. Eta kawijakan tetela 
geus dipetakeun ti baheula di Sumedang. Malah aya Dokter Hewan anu husus 
dipapancenan milu mariksa jeung nalingakeun kasehatan ingon-ingon milik patani. 
Pikeun ngajurung ludeung jeung mere sumanget gawe ka rayat, Bupati ngahaja 
sacara mayeng ngagelar lomba temak rayat, hadiahna ti Pangeran Mekah mangrupa 
premi-remi jeung layang pangajen anu eusina diimplik-implikan ku 
nasehat-nasehat mangpaat keur bekel ludeung para patani. Taun 1898 Pangeran 
Mekah ngagaleuh 40 hektar tanah gundul mangrupa lamping-lamping nangtawing anu 
saterusna disengked-sengked mun disawang ti kaanggangan jiga tangga-tangga 
meulitan pasir, leuwih endah sabada cia sengkedan-sengkedan geus jadi pasawahan 
anu hejo ngemploh. Wewengkon anu ku rayat diculjeunieun lantaran diaranggap 
enggon memedi; siluman siluman jeung dedemit oge der weh ku Kangjeng Mekah mah 
disangling jadi pasawahan anu lendo jeung produktip.

Sakola Pertanian Tanjungsari
Sang Pangeran anu henteu tiasa tibra kulem awahing ku melang ka rayat teh 
ngemut anu langkung panjang deui, banget palay ningkatkeun elmu pangeweruh 
rayatna husus dina hal tatanen. Elmu teh penting keur ningkatkeun kualitas 
produksi jeung jumlah produksina. Ari elmu ayana ngan di sakola. Jorojoy we 
kagungan emutan anu ahirna jadi kawijakan jeung putusan, ngadegkeun Sakola 
Pertanian di Tanjungsari lembur anu subur tur lega padataranana. Nganggo modal 
pribadi anu ageungna 3.000 gulden keur waragad ngadegkeun sakola nu lawas 
dicita-citakeunana teh. Saenyana opat taun samemehna, dina raraga nataharkeun 
ngadegkeun sakola pertanian di Tanjungsari, Patih Sumedang Raden Rangga 
Wirahadisurya dijurung angkat ka Sakola Tani (Desa Lanbauwschootjes), di 
Ciparay, Soreang. Kumaha kira-kirana lamun di Tanjungsari diadegkeun sakola anu 
sarua. Tetela Tanjungsari jadi leuwih sohor jeung kajojo sabada sakola resmi 
dibuka turta narima murid ti mana-mendi.

Praktek gawe murid-muridna, rupaning hasil tatanen diborong ku Kangjeng Dalem. 
Saluyu jeung kamekaran sakola pertanian, lokasi sakolaan anu tadina legana ngan 
6 bau teh dilegaan jadi 12 bau. Sakola-sakola anu sarua, husus keur rayat nu 
marangkuk di pasisian tepiswiring sisi lamping diadegkeun di sakuliah Kabupaten 
Sumedang. Tepi ka kawajiban diajar keur munggaran, dilarapkeun di Sumedang. 
Jadi mun ayeuna digembar-gemborkeun Wajib Belajar, bari jeung mahal teh 
waragadna, saenyana anu munggaran mah dilaksanakeun di wewengkon Kabupaten 
Sumedang dumasar kana kawijakan Bupati Sumedang Pangeran Mekah ti taun 1915 ti 
kata tepi ka desa-desa.

Taun 1915 di dayeuh Sumedang geus aye Hollandsch Inlandsche School. Kantor 
telepun dipasang di kamar Paseban beulah kaler keur leuwih lancarna komunikasi 
pamarentahan. Pikeun ningkatkeun karaharjaan masarakat, Pangeran Mekah 
ngawangun "Bank Prijaji" faun 1901 tukangeun kantor Jaksa Sumedang. Taun 1910 
malah geus boga gedong sorangan Bank Priyayi teh, ngaranna ge diganti jadi 
"Soemedangsche Afdeeling Bank". Taun 1915 5 Kangjeng Mekah ngadegkeun Bank desa 
di tiap desa, husus we eta mah peur nulung bantu rayat di padesaan. Henteu 
kapameng toweksa jung palamarta, Kangjeng Mekah boh ka para priyayi boh ka 
rayat. Emut kana pangabaktina para Kapala Onderdistrik nu pancen gawe di 
lembur-lembur, Bupati ngadamel perumahan husus keur para Kapala OndercEitnk, 
waragadna ti pribadi Kanjeng Dalem ku anjeun. Keur rayat leutik dibangun leuit 
miskin anu saterusna diganti jadi Leuit Desa. Lian ti kitu, diadegkeun oge Bale 
pangobatan gratis keur rayat anu teu marampuh. Taun 1897 burudul daratang 
sarombongan rayat Indramayu nu kalaparan. Ku Kangjeng Dalem diangken 
dihiap-hiap malah dibere laban garapan mangrupa pasawahan di Desa Sampora 
Distrik Tomo. Keur jagabaya, aya Siskamling anu ronda malem saban peuting 
sacara bagilir. Pikeun lancarna Siskamling nya diadegkeun garduh-garduh ronda 
di kata tepi ka kampung jeung desa-desa, kacamatan katut kawadanan.

Dumasar kana jasa-jasana eng-goning ngawangun Sumedang boh pisik boh manusana, 
Kanjeng Dalem Sumedang Pangeran Aria Suria Atmaja atawa Dalem Mekah tea dileler 
layang pangajan, Bentang Oranyeu jeung pajeng Kuning. Taun 1891 dileler Groot 
Goulden Ster, Taun 1903 Bintang Officier der Orde van Oranye Nassaum terus 
Bintang Agung Ridder der Orde van Nederhandschge Leeuw nu ku urang Sumedang mah 
disebutna teh Bentang Leo. Taun 1898 dileler gelar Adipati. Taun 1906 dileler 
gelar :ARIA", Taun 1910 gelar "Pangeran sareng Pajeng Gilap" (Pangheran met de 
vergulde Pajong). Sabada pangsiun Pangeran Mekah munggah haji ka Tanah Suci 
Mekah, tapi nu mulih ukur jenengan margi Kangjeng Dalem anu rancage teh wapat 
di Tanah Suci ku sabab teu damang. Jasadna dipendem di Ma'la Mekah 1 Juni 1921. 
Sohor ditarelah Pangeran Sampuma Mekah. Pikeun mieling jasa-jasa Pangeran Mekah 
anu tan wilangan, April 1922 di tengah-tengah alun-alun kota Sumedang 
diadegkeun Monumen mangrupa Lingga  oge Gupemur Jendral D.Fock disaksian ku 
para Bupati, Residen sa Tatar Priangan. Pangeran Mekah disebat Bupati anu 
pernah, henteu kagungan ambisi tapi loyalitasna luhur pisan, tepi ka dina jaman 
pamarentahanna henteu aya hiji oge Partey Pulitik anu bisa asup ka Sumedang. 
Kangjeng dalem Mekah memang anti Komunis, antipasi ka sawatara Partey, tepi ka 
anjeunna mah disebat "Bupati anu henteu berpulitik". (tamat)

Bahan : Prof.Dr.Hj.Nina Lubls

Kirim email ke