.
  Ayat-ayat Cinta : Jihad Hanung jeung Kang Abik? 
   
  10 atawa 11 taun ka tukang, dina hiji mikrolet, kuring manggih sacewir 
kertas. Sigana mah tina koran atawa tabloid. Teuing koran naon atawa tabloid 
naon, ngan, ningali tipografina, lain koran atawa tabloid nu populer.
  Pangangguran, bari ngabangbrangkeun mobil nu ngarayap ti Mayestik ka Velbaak, 
eta sesewiran koran urut bungkus teh dibaca. Judulna, oge bagean awal eta 
tulisan geus euweuh, kari bagean tengah jeung tungtungna. Tetela eusina hiji 
tulisan ngeunaan kaayaan dunya film urang harita. Cop pisan jeung lelembutan 
kuring: Indonesia lain bae mikabutuh film-film kawas nu dijieun Garin, “film 
seni” tea, tapi oge film-film ala Hollywood. Gambarna aralus, jalan caritana 
gampang kaharti ku balarea – bari, tangtuna, teu “kampungan” atawa teu 
nyapirakeun kapinteran nu lalajo.
  Kiwari, pipikiran nu nulis, nu tina captionna kanyahoan mahasiswa ASTI, 
Bandung, kalaksanakeun: Urang bisa lalajo Berbagi Suami, Arisan, atawa 
sarupaning film ngeunaan ririwa; lian ti manggihan “film-film festival” nu 
dijieun ku Garin jeung sawatara mahasiswa IKJ lianna. 
  Conto lian film nu dipiharep teh nya Ayat-ayat Cinta (AAC), film nu kiwari 
keur diputer di sawatara bioskop. Demi AAC, siga nu geus jadi kanyaho urang 
sarerea, dijieun tina novel nu kaasup best seller. Teuing geus sabaraha puluh 
kali ieu novel dicitakna. Awahing ku laku. Atuh, teu aneh, mun filmna ge sarua: 
Loba nu ngalalajoanan. Nepi ka tadi peuting (Saptu, 15 Maret 2008), di bioskop 
Megaria, Jakarta,  ieu film geus tilu minggu diputer. Kituna teh bari teu weleh 
metet. Kuring sakulawarga nepi ka tilu kali datang ka eta bioskop pikeun bisa 
lalajo eta film. Tadi peuting ge bisa asup, bari meunang tempat diuk 
pangtukangna, bubuhan bae si cikal motekar: Meuli karcis ti kamarina.
  Demi AAC, kuring sorangan can maca novelna. Baheula, waktu meuli, karak 
dibukaan, kaburu diinjeum ku adi beuteung – bari teu dipulangkeun. Tapi, keur 
kuring aya untungna: Bisa museur kana naon nu nyampak dina film, teu 
dibebegigan ku kaweruh tina bacaan. Pon kitu deui, alhamdulillah, kritik-kritik 
ngeunaan eta novel, nu mayakpak saprak terbit, kaasup kritik ti kalangan 
“fundamentalis” atawa “salafy”, teu mangaruhan kuring pikeun ngalenyepan ieu 
film. 
  Sanajan, kasawang ku kuring, eta buku satemenna bisa ngaberendel jadi opat 
atawa tujuh film. Lain bae luyu jeung potensi pasoalan tokoh-tokoh nu aya dina 
eta carita -- Fachri, Aisha, Maria, Noura, jeung Nurul – tapi ku 
pasoalan-pasoalan nu pating pecenghul di dinya: Kahirupan mahasiswa urang di 
Mesir, korupna hukum di nagara eta (atawa nagara muslim umumna?),  poligami, 
posisi awewe di masarakat Mesir (atawa posisi awewe nurutkeun Islam?), hijab, 
“ruwetna” hubungan alatan struktur sosial feodal santri-kiai, panasna hate 
awewe alatan papacangan atawa kikindeuwan (kecengan?) kawin jeung awewe sejen, 
panghasilan atawa kamampuan ekonomi salaki nu leuwih leutik manan pamajikan, 
jste.  
  Bisa jadi, pikeun jalma nu wanoh pisan kana suasana jeung kondisi Mesir, 
hususna kaayaan Kairo, loba hal nu teu kaudag. Tapi, Hanung geus tohtohan 
pikeun ngahadirkeun suasa eta kota. Pan, cenah, alatan teu bisa shooting di 
Mesir, manehna kapaksa shooting di India sagala? Malah, shooting di Semarang 
ge, cenah deui bae, nepi ka nginjeum onta sagala ti Kebon Binatang? 
  Sacara umum, Hanung -- jeung tangtu bae Kang Abik -- bisa ngahijikeun 
pasoalan-pasoalan di luhur tadi dina wangun carita nu endah tur karasa wajar. 
Lain ukur tempelan. Kituna teh bari museurkeun maneh kana kaluhungan rasa asih, 
nu bisa disebut mataholang ieu carita: Aisha, awewe geulis jeung beunghar, 
nitah kawin deui ka salakina. Bari, kaluhungan eta teu apung-apungan teuing di 
langit. Tetep nincak dina logika atawa nafsu nu nyampak dina diri manusa. Aisha 
nitah kawin deui teh lain pedah (ukur) nurutkeun Sunah Kanjeng Nabi atawa 
ngajalankeun parentah agama. Tapi, sangkan Maria bisa cageur. Sabab, nya 
kasaksian Maria, sakumaha kabuktian, nu bisa mukakeun konci pikeun bebasna 
Fachri tina sagala dakwaan. Dina omongan manehna: “Sangkan anak urang teu 
kaleungitan bapa”.
  Beh dituna, Hanung jeung Kang Abik geus bisa nyodorkeun hiji drama nu 
unsur-unsurna kawilang pepek: Perkara kaasih nu diadukkeun jeung pasoalan 
sosial, hukum, politik, ekonomi, jeung budaya. Malah, nu pangpengtingna: 
Nilai-nilai ideal nu nyampak dina agama. Nepi ka loba ibu-ibu, oge bapa-bapa, 
nu gogodeg: Na, bener aya jalma-jalma kawas Fachri teh? Oge awewe siga Aisha, 
nu hideng nitah kawin deui ka salakina?
  Enya. Film ieu teh ideal pisan: Hiji santri kasep, soleh, “diparebutkeun” ku 
sawatara awewe ti sawatara bangsa, agama, jeung kelas sosial. Diembohan ku 
awewe geulis, beunghar, jeung sarua solehna. Bari settingna hiji tempat nu 
eksotis: Mesir. Atuh, teu munasabah mun ieu film nyumponan kahanaang sawatara 
kaum muslim kana film-film sarupaning kieu. Hiji film nu lain ukur 
ngaeksploitir kahirupan nu lubak-libuk, nu ngalakonannana gareulis jeung 
karasep, tapi oge miboga nilai-nilai kaagamaan nu jelas. Bari teu ti kosewad 
jadi film da’wah nu verbal kawas film-film Rhoma Irama, komo siga serial 
Catetan si Boy baheula nu ngagambarkeun “prilaku kaagamaan” masarakat urban nu 
mere citra ngagampangkeun agama. Kelas menengah muslim digambarkeun kalawan 
wajar dina ieu film. Sakumaha almarhum Arifin C.Noer, sanajan ukur sajorelat, 
nembongkeun hal sarupa dina film Taksi.
  Kituna teh, Hanung jeung Kang Abik pinter dina mungkas kontroversi: Sanajan 
menerkeun ayana poligami, maranehna nyingkahan kangewa kaum ibu ku mondokkeun 
umur Maria. Bari, keur kuring, adegan maotna Maria ieu karasa endah pisan. 
Malah, satemenna, nya adegan ieu nu paling endah tina kumna adegan nu nyampak 
dina ieu film. Nepi ka kuring ngeclakkeun cimata. Lain ku sinematografina. 
Tapi, ku drama nu nyampak di dinya. Enya. Pan, mun lain mangsa perang, gawe, 
diajar atawa ngajar, naon deui nu leuwih endah manan maot mangsa solat? 
  Anapon kitu, sanajan nedunan standar pikeun disebut film nu alus,  tangtu bae 
AAC aya kakurangannana. Paling heunteu keur kritikus mikung kawas kuring. Salah 
sahijina, nu pangkarasana: Hanung, atawa Kang Abik?, “sumanget teuing” dina 
ngabela Islam. Tayohna, kajadian WTC, oge kajadian lianna, ngabebegigan Kang 
Abik jeung Hanung sangkan meresihan citra Islam tina watek heuras jeung 
barangasan. Nepi ka maranehna ngarasa perlu ngasupkeun ayana tokoh wartawati 
Amerika. Kaasup adegan dina beus kota jeung makalah Fachri ngeunaan posisi 
awewe dina Islam sakumaha nu ditepikeun ka si wartawati tea.
  Tangtu bae, ku nyodorkeun hal di luhur kuring lain rek nyebutkeun yen Islam 
teu kudu dibela. Komo, bari nganggap euweuh film-film nu ngagogoreng (atawa 
ngajejeleh pisan) ajaran atawa masarakat Islam mah. Oge alesan kuring lain 
sakumaha kritik “kaum salafy”, yen si wartawati teu kaasup kafir dzimmy nu kudu 
diaping -- alatan Mesir lain nagara Islam. Lain. Tapi, keur kuring, “jihad” 
gaya Hanung atawa Kang Abik ieu ku cara nyelapkeun tokoh wartawati Amrik eta, 
rada kaleuleuwihi. Persisna mah verbal teuing. Ngaran Aisha jeung Maria dina 
eta carita geus mangrupa siloko nu maknana leleb pisan. Aisha, pan ngarujuk ka 
Siti Aisyah r.a? Ummul mukminin nu pinter tur pertentang. Maria? Dibarungan ku 
sarua ngagem Kristen Koptik, Kang Abik teu sagawayah make aran Maria mun lain 
ngarujuk ka Maria Koptiyah (Maryam Qutbiyah), wanoja Mesir nu janten salah 
sawios isteri Kanjeng Nabi SAW, nu sabada bobot ku Ibrahim jadi titincakan 
“pagetrengna” para isteri Nabi – salah sahiji fragmen nu
 paling aheng dina siroh Kanjeng Nabi. Paling heunteu, ku ngaran-ngaran tadi 
geus cukup negeskeun yen ieu film satemenna nyodorkeun pasoalan nu teu weleh 
aktual: Poligami nurutkeun ajaran Islam. 
  Bener, kaharti,  niat Hanung nyodorkeun atawa ngahadirkeun si wartawati eta 
pikeun nguatkeun kasolehan Fachri. Tapi, asana, kalungguhan manehna dina 
ngengklokan kalakuan Maria atawa Nurul jeung nu lianna geus leuwih ti cukup. 
Lungguh timpuhna Fachri, kasolehan atawa kasantrian manehna, geus kahontal ku 
akting Fedi Nuril. Karuhan karep manehna nyalametkeun Noura tina pangrangket 
bapa pulungna mah. Bari, komo, pan kabuktian, nya budak awewe eta nu ahirna 
ngagejeburkeun manehna ka pangberokan. Pola jalma bageur nu apes kitu, lain bae 
drama nu nyampak dina kahirupan nyata, tapi salaku carita, dongeng, atawa film 
karasa dramatis pisan. Ngahudangkeun simpati nu nyampak dina lelembutan tiap 
manusa (nu waras). Hartina, drama tadi geus cukup pikeun ngagambarkeun 
kasolehan Fachri. 
  Leuwih ti kitu, perkara si wartawati eta keur kuring karah nambah karasa 
dadaglideugannana bagean mimiti ieu film. Enya. Kakurangan ieu film teh, bagian 
mimitina rada dadaligdeugan. Hanung rada ngayayay dina ngawangun dramana. Bisa 
jadi taki-taki keur ngawangun carita jeung logikana. Tapi, panoong kuring, film 
ieu cukup dibuka ku dilema Fachri dina milih jodo bari ngagambarkeun sikep 
Maria jeung Nurul. Satengahing kitu, pecenghul pasoalan Noura jeung saterusna. 
Malah, hadena mah, Maria teh tong dipaehan. Tembongkeun operasionalisasi Sunah 
Nabi teh dina kahirupan rumahtangga Fachri-Aisha-Maria. Ambeh kuring, oge 
lalaki lian nu boga pianatan (baca: kahayang) sarua, leuwih teteg. Tong kadar 
digambarkeun bingungna Fachri dina ngalayanan dua pamajikannana. Nepi ka 
kapaksa, sare sorangan di rohang tamu. Hehehe...
  Di luar kakurangan nu nyampak, siga ceuk tadi: Ieu film negeskeun gedena 
lolongkrang pikeun film-film nu miboga wanda Islam kawas kieu. Karuhan nu 
settingna di Timur Tengah mah, nu teu bisa leupas tina citra Islami. Pan, 
salila ieu, sakalina ngalayap ka luar, film-film urang setting caritana pasti 
Eropa atawa Amerika. Timur Tengah atawa Asia Tenggara, sigana, leuwih nyambung 
jeung lelembutan mayoritas masarakat urang. Sanajan, saperti dipikinyaho ku 
sarerea, ieu film masih dimodalan ku duit jalma kafir. Oge dibarungan ku wanda 
“fundamentalis” sawatara masarakat muslim sorangan -- kaasup adina Hanung 
pribadi nu, sakanyaho kuring, ngaharamkeun film jeung... McDonald sakumaha 
subkultur sawatara pamuda muslim di Yogya jeung Solo.
   
  Gang Tengah, 16 Maret 2008 
   


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of Blockbuster Total 
Access, No Cost.

Kirim email ke