Minggu kamari, poe kemis, ulin ka unpas (universitas pasundan) setiabudi Ledeng Bandung. Aya seminar mencari estetika sunda tea. Si kuring nyieun makalah konsep keindahan dalam naskah sunda kuno, ngorehan ti Sanghyang Siksandang Karesian jeung Sewaka Darma. Jeung jadi pembicara sesi ka dua, nu teu aya dina jadwal ti heula. Jadwal resmina mah mintonken prof. jakob sumardjo jeung prof. nina herlina tea.
Gigireun aula aya stand pameran jeung bazar. Uwa Sasmita mah biasa, mamerkeun koleksi buku2 kasundaan antikna. Kayaning favorit si kuring, kamus sunda inggris jonathan rigg nu umurna geus sakitar 145 taunan! Terus aya stand produk made in Baduy. Kang Acin atawa Bapa Samin (bapana Samin), jualan baju, calana khas Baduy kanekes, baju hideung tea. Jeung tas karancang poho deui ngarana. Si kuring meuli baju hiji -keur rada kutud- nu kancingan, kancingna tina the batox of coconut. Isukna dipake, karasa haneut jeung gagah, kasep deuih-punten panyawat narsis nuju sumping :-) Kanu bade pesen ieu hp Bapa Samin, 0852 8322 6673. ngan duka tah cara transaksina. kamari mah di stand langsung, cash and carry. Hade oge mun urang nambah baraya. Ari ka bandung Bapa Samin (kang Acin) sok ngendong di bumi kang Hawe Setiawan, pemred Cupumanik, di sersan bajuri ledeng. Nu di bdg, Bisa tah mun rek pesen via kang hawe. Toong hp atawa fak cupumanik di www.cupumanik.com <http://www.cupumanik.com/>

