Dina diskusi, Sultan HBX ngeceskeun harti Sunda dina basa Sansakerta, cenah hartina Cai.
Mun rek nuturkeun harti eta, salian ti kudu ngajaga cai sangkan aya jeung bersih, urang kudu apal adat cai. Ngalir tenang cageur, mun usum keur cageur, nya cai atawa walungan teh bageur. Mun keur hareeng, nya bisa ngabalukarkeu banjir. Laut mah nepi tsunami sagala. Tapi teu kudu epes meer, alatan biasa dihandap, komo teu pede mah. Keur sakuringeun, peristiwa bubat teu jadi matak ngingu kakeuheul atawa dendam. Mun ngingu eta, si kuring baris pareum sumanget, teu pede, nyeri hate. Ulah! Malah kudu usaha pikeun nembongkeun yen urang ge bisa minimal sajajar, sukur mun leuwih. Kang Ajip oge ngiritik, yen mun kasus bubat rek dicokot palajaranana, urang kudu mikir, kudu leuwih rancage, kudu boga sumanget nu ngagedur pikeun ngahadean ningkatkeun diri jeung baraya sunda lainna. Kudu bisa ngahiji minimal sikep mental, sarua papada boga cita2 jeung kahayang bari prak, dina cara-cara pikeun kahadean ngamajukeun sarerea. Aya sawatara inohong us nu nyarita, duka di acara naon, yen cenah SDM US wetan (galuh) ngalaman turun drastis ti jaman bubat harita. Nya bayangkeun we, inohong karajaan sunda Galuh harita, VVIP, meureun nepi ka pajabat eselon 2, kabeh milu nganteurkeun ceu Diah ka Majapahit bari terus tiwas di bubat. asana rombongan teh kurang ti saratus, 99 urang duka 89 urang. Cek si ceuceu nu diuk gigireun mah, jumlah sakitu ngalawan prajurit gm nu lobana 3.000 urang. Tapi ti kajadian eta sabenerna majapahit geus menta ngahampura ka inohong galuh nu nyesa. Jangji maol nyerang, ngajak ngaraketkeun duduluran, jeung galuh oge moal dendam. Aya USGK nu harita nanya ngan teu dijawab da heuras teuing. Dangdananana, model baduy tapi lain urang kanekes. Hehe. Salah sahiji kalimah nu ditepikeunana, eta, pariksa cenah duit memeh jaman di potong.kungsi manggih memang, mun urang mulak malik kecap Indonesia, bisa jadi kecap "Ieu Soenda" tah, pariksaeun naha bisa kitu nya.

