Halah.... karek ge bisa ngelol ka lembur
kasampak keur aya anu pidato... 
jaba panjang ngagebay.... cape macana euy...

aya naon ieu teh..??? HBH ..???
geus usum kitu.???? pan lebaran na oge masih jauh atuh, puasa oge encan...?
masalah HBH mah geus urus ku maneh sakalian ajakan juragan korong, 
ulah ngorong wae.. geuleuh. panitia anu taun kamari ulah di bubarkeun..
keun weh jadi panitia sepanjang masa.. da geus takdirna meureun.
pokona urang narima beres... laporan perkembangan nana na weh di posting kadieu
meh sadaya warga lembur nyaho geus tepi kamana perkembangan nana.
geuwat laksanakeun... uloh loba teuing tatanya. okeh.???

Baktos / Kamal


  ----- Original Message ----- 
  From: Toni Sofian 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Cc: [EMAIL PROTECTED] 
  Sent: Monday, April 07, 2008 10:47 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] haroyong aya HBH teu?


  Ari kahayang Uing mah "EREEEEEEEEEEEEEEEEEK!!"jawaban teh...nya dukateuing nu 
lain mah da' tos nyobaan diposting teh sababaraha kali malahan ieu teh teu aya 
nu malir komo mairan mah masalah ieu teh, malah Apih Sidik kuanjeun nu 
naroskeun masalah ieu teh....tapi sigana malah loba nu bingung ngajawab teh, 
da' katinggalina enyaan resep keneh debat di Milis, bari teu katinggali 
beungeut tea geningan...ari di milis mah enyaan rempeg euy Urang Sunda teh aya 
kana 2500 member leuwih, komo da' nu hayang katinggali jeung kawentar pinter 
tea geningan...da' enya bukti atuh yen Urang sunda mah palinter (nu bodo mah 
ngan kuring wungkul sorangan ketang) he..he...
  nya kahayang mah dibuktikeun oge we dikieuna atuh omongan anu sok di 
gorowokeun di milis teh, yen Urang Sunda kudu ngahiji,Urang Sunda kudu hudang , 
Urang Sunda ulah nepika kasilih kujunti....nya babarengan atuh bisa ngahiji teh 
lamun aya realisasina di Darat, lamun ngansaukur pahaok2 di milis mah eta mah 
ngan ukur 'TEORI' wungkul....nya teu direalisasikeun mah angger we eta elmu teh 
euweuh nanaonan, ayeuna naon hasil /realisasi tina obrolan dina milis ieu nu 
kontek na jang ngamajukeun Urang Sunda teh? nu ka inget ku kuring mah ngan 
gawena YP = Yayasan Perceka jeung sok ngayakeun pajemuhan2 kasundaan (bari 
jeung eta oge arang  langka, malah pamilonna teh EDED alias Eta Deui Eta Deui) 
  ari kitu keneh mah tetep we ceuk uing mah OMDO, komo bari jeung enyaan mah 
teu Wani datang ka HBH na teh...

  Nya sok tah ayeuna jalana ku ngiluah mikiran jeung ngahadiran Halal Bi Halal 
KUSnet tea,gera sok..dimimitian ku Nawaetu hayang nanjeurkeun Kasundaan 
mah...gera sok, dimimitian ku Silaturahmi heula, wawuh heula sapapada Urang 
sunda, Apal heula ka Urang Sunda sorangan, InsyaAlloh bakal langkung geugeut 
tali babarayaanna, bakal leuwih gampang kaityuna dina nangtukeun lengkah urang 
Sunda kahareupna lamun geus pada wawuh, jeung wanoh mah papada urang jeung 
urang...

  Euh punten jadi kapancing euy ku si Bohay ah, masalah kapanitiaan enyaan ti 
ayaeuna keneh geus kudu kabentuk sabenerna mah, jeung panitia anu kamari oge 
can dibubarkeun yeuh...nya sakalian uarng ayakeun pembubaran jeung pembentukan 
panitia anyar jang Kapanataclagraan HBH KUSnet taun 2008 ieu....

  Sok derrrrrrrrrrrrrrrr atuh lah, sakalian nyuhunkeun petunjuk oge kanu 
palinter tea, keun wae teu level oge atuh justru masalah anu ringan kieu yeuh 
anu kudu dimimitian mah gera sok....

  Geus heula ah, sakitu heula, eta mah itung2 curhat we uing uing mah....loba 
keneh tapi curhateun teh masalah HBH teh tapi waktuna dibeberik Jepun yeuh 
hihi....
  neda agung cukup lumur hapunten bilih seueur lepatna...!!

  Wassalam,

  -ts-
  .  

Kirim email ke