posting deui ah..

-dul-
tukangkompor


> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Toni Sofian 
>   To: [email protected] 
>   Cc: [EMAIL PROTECTED] 
>   Sent: Monday, April 07, 2008 10:47 AM
>   Subject: Re: [Urang Sunda] haroyong aya HBH teu?
> 
> 
>   Ari kahayang Uing mah "EREEEEEEEEEEEEEEEEEK!!"jawaban teh...nya 
dukateuing nu lain mah da' tos nyobaan diposting teh sababaraha kali 
malahan ieu teh teu aya nu malir komo mairan mah masalah ieu teh, 
malah Apih Sidik kuanjeun nu naroskeun masalah ieu teh....tapi 
sigana malah loba nu bingung ngajawab teh, da' katinggalina enyaan 
resep keneh debat di Milis, bari teu katinggali beungeut tea 
geningan...ari di milis mah enyaan rempeg euy Urang Sunda teh aya 
kana 2500 member leuwih, komo da' nu hayang katinggali jeung 
kawentar pinter tea geningan...da' enya bukti atuh yen Urang sunda 
mah palinter (nu bodo mah ngan kuring wungkul sorangan ketang) 
he..he...
>   nya kahayang mah dibuktikeun oge we dikieuna atuh omongan anu 
sok di gorowokeun di milis teh, yen Urang Sunda kudu ngahiji,Urang 
Sunda kudu hudang , Urang Sunda ulah nepika kasilih kujunti....nya 
babarengan atuh bisa ngahiji teh lamun aya realisasina di Darat, 
lamun ngansaukur pahaok2 di milis mah eta mah ngan ukur 'TEORI' 
wungkul....nya teu direalisasikeun mah angger we eta elmu teh euweuh 
nanaonan, ayeuna naon hasil /realisasi tina obrolan dina milis ieu 
nu kontek na jang ngamajukeun Urang Sunda teh? nu ka inget ku kuring 
mah ngan gawena YP = Yayasan Perceka jeung sok ngayakeun pajemuhan2 
kasundaan (bari jeung eta oge arang  langka, malah pamilonna teh 
EDED alias Eta Deui Eta Deui) 
>   ari kitu keneh mah tetep we ceuk uing mah OMDO, komo bari jeung 
enyaan mah teu Wani datang ka HBH na teh...
> 
>   Nya sok tah ayeuna jalana ku ngiluah mikiran jeung ngahadiran 
Halal Bi Halal KUSnet tea,gera sok..dimimitian ku Nawaetu hayang 
nanjeurkeun Kasundaan mah...gera sok, dimimitian ku Silaturahmi 
heula, wawuh heula sapapada Urang sunda, Apal heula ka Urang Sunda 
sorangan, InsyaAlloh bakal langkung geugeut tali babarayaanna, bakal 
leuwih gampang kaityuna dina nangtukeun lengkah urang Sunda 
kahareupna lamun geus pada wawuh, jeung wanoh mah papada urang jeung 
urang...
> 
>   Euh punten jadi kapancing euy ku si Bohay ah, masalah 
kapanitiaan enyaan ti ayaeuna keneh geus kudu kabentuk sabenerna 
mah, jeung panitia anu kamari oge can dibubarkeun yeuh...nya 
sakalian uarng ayakeun pembubaran jeung pembentukan panitia anyar 
jang Kapanataclagraan HBH KUSnet taun 2008 ieu....
> 
>   Sok derrrrrrrrrrrrrrrr atuh lah, sakalian nyuhunkeun petunjuk 
oge kanu palinter tea, keun wae teu level oge atuh justru masalah 
anu ringan kieu yeuh anu kudu dimimitian mah gera sok....
> 
>   Geus heula ah, sakitu heula, eta mah itung2 curhat we uing uing 
mah....loba keneh tapi curhateun teh masalah HBH teh tapi waktuna 
dibeberik Jepun yeuh hihi....
>   neda agung cukup lumur hapunten bilih seueur lepatna...!!
> 
>   Wassalam,
> 
>   -ts-
>   .
>


Kirim email ke