Ass. Baraya, kamari kuring meunang SMS teuing ti saha. Unggeulna kieu: Kade Ulap Hilap, Pilih Anu Hade, pasti nomer 3!" kira2 kitu lah.
Poe ieu (Sabtu, 12 Maret) maca koran Tempo anu ngunjukkeun profil calon pamingpin urang tea. Aya anu kaget. Pisan2 malah. Di antara anu genep calon Gubernur tea, geuning, ngan Dani (gubernur incumbent) jeung Nu'man (Wagub incumbent) anu bener-bener Urang Jawa Barat. Ieu ditinggali tina ukuran domisili. Anu sanesna, sadayana ge linggih di Jakarta. Anu rada parah nyaeta kang Ahmad Heryawan. Anjeuna geuning tepi ka dinten ieu masih keneh wakil ketua DPRD DKI. Beu... Lain teu meunang aya calon ti luar daerah teh. Tapi ieu mah ngobrol kanyaho tur etika pulitik. Maenya aya minat ngawangun daerah mun salila ieu teu apal kana daerahna sorangan, da teu pernah neuleuman ngenaan daerahna. Ah, deui2. di urang mah kadang2 biasa taklib lolong teh. komo deui dina pulitik. hehe... Mangga, anu bade nyoblos, emutan deui. Dina tilu pasang calon gubernur, mun diprosentase kaJawaBaratan berbanding Non Jawa Barat: DA'I (60), AMAN (40)jeung Hade (O)

