Wa'alaikumsalaam w.w.

Mun nempo kanyataan ieu, kuring mah kalah inget kana pananya dulur2 urang
Sunda anu kadang nganaha2 tokoh nasional atawa nu jeneng di luar Jabar, anu
teu inget ka sarakanana. Boa2, maranehna ngajukeun maneh jadi gubernur atawa
pamingpin di Jabar teh tanda yen maranehna inget ka sarakanana? Kuring
sapopoe di Jakarta, tangtuna mun nyalon teh pasti dicuriga ukur harak
kakawasaan. "*Rek ngawangun Jabar kumaha, sakitu sapopoe ngotok gowo di
Jakarta?!!*" Padahal, nu sapopoe dipanteng embaran jeung warta teh utamana
mah lain wewengkon mana mana deui, estuning Tatar Sunda pisan... (mun enya
ieu mah, heuheu...)

Duka teuing lah... Dina urusan kieu mah, tong boro nu codeka, nu niat hade
ge teu weleh dicuriga... Paralun teuing, moal pipilueun ah...

Kapaksa teu milih, kagok tugas tilu pungkas minggu moal balik...

On Sat, Apr 12, 2008 at 2:40 PM, tantanhermansah wrote:

>   Ass.
>
> Di antara anu genep calon Gubernur tea, geuning, ngan Dani (gubernur
> incumbent) jeung Nu'man (Wagub incumbent) anu bener-bener Urang Jawa
> Barat. Ieu ditinggali tina ukuran domisili. Anu sanesna, sadayana ge
> linggih di Jakarta.
> Anu rada parah nyaeta kang Ahmad Heryawan. Anjeuna geuning tepi ka
> dinten ieu masih keneh wakil ketua DPRD DKI. Beu...
>

Kirim email ke