Mang Hasan, beja pilkada nu pinal karek bisa dibewarakeun antara 22-23 April nu bakal datang...
beja nu karek bisa dibewarakeun mah nyaeta yen tina hasil "itung gancang" / quick count pinal 5 lembaga survei nu aya (KOMPAS, PUSKAPTIS, MetroTV-Lembaga Survei Indonesia, Lingkaran Survei Indonesia, Lembaga Survei Nasional) kabeh sapuk yen kahiji HADE, kadua AMAN, katilu DA'I... rata-rata prosentase-na ampir sarua, gesehna teu beda jauh... HADE -/+ 39%... AMAN -/+ 35%... DA'I -/+ 26%... sedengkeun itungan di KPUD nepi ka poe Salasa 15 Apr 2008 (08.15), hasilna jiga kieu : DA'I 1.114.560 26% AMAN 1.442.031 34% HADE 1.682.282 40% sakitu heula beja ti pilkada JABAR 2008... urang dagoan babarengan, kumaha hasil akhir nu sabenerna... ^_^ --- In [email protected], "ki hasan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ti saprak hajatan pilkada, ditoongan ampir kabeh milis Sunda ngadadak > jempling. > Keur tiarap kitu, nungguan Raja Sunda anyar? > > Cing baraya, jiga kumaha bejana pilkada teh. > > salam, > mh >

