sing saha wae anu ngiluan nyoblos minggu kamari, bisa
dianggap inyana teh warganegara anu taat jeung tunduk
kana aturan hukum RI. Jeung sing saha wae anu masih
boga KTP warganegara Indonesia, atuh inyana teh kaasup
jalma anu ngahargaan, tunduk jeung patuh kana aturan
hukum Indonesia.
Kusabab kitu, saha wae anu masih ngaku warganegara
Indonesia, kudu rela jeung jembar hate narima hasil
pilkada jabar saha wae anu rek jadi gupernur/wakil
gupernur Jawa Barat. Euweuh aturan sacara tertulis yen
calon gupernur hiji daerah teh kudu ti suku anu
mayoritas. Lamun aya syarat siga kitu, urang Sunda
Sunda moal bisa jadi gupernur Kalimantan Timur,
Surjadi Sudirdja jadi Gupernur DKI Jakarta. Bakal jadi
pasualan anu pelik kahareup.
Eta cenah aya kahayang, supaya pamingpin hiji daerah
teh teureuh "putra daerah", nya sah-sah wae
diwenangkeun. Tapi lamun kanyataanana heunteu cop
jeung kahayang, entong matak pundung. Sabab anu
milihna oge pan rahayat wewengkon eta keneh, lain
pamingpin beunang "ngedrop". Tong nepi ka mundur, pan
urang teh geus ngucapkeun "sumpah" saratus taun
katukang.
Usul kuring (anu rada gelo) kieu, kumaha lamun KUSnet
ngondang para calon gupernur/wakil gupernur dina hiji
gempungan perkara Kasundaan. Engke bakal kanyahoan,
saha anu datang, ngarespon undangan eta.
baktos,
mrachmat uidipura
--- h_supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mang Hasan, beja pilkada nu pinal karek bisa
> dibewarakeun antara 22-23
> April nu bakal datang...
>
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ