> From: joko tingkir > Bah, punten ieu sanes soal bom + pilkada, tapi soal > jalan umum pangalaman mulang ka lembur (Kadipaten) > dina dinten Saptu tgl. 12-04-2008, kuring ngalangkung > ka Sumedang, lembur bah Willy tea.
Leres Kang, Jalan "bypass" di Sumedang resak pisan. Sigana mah salian ti hujan wae, oge Bupatina pakepuk miluan Pilkada hehehehe. Keun sugan ari geus puguh meunang mah diomean. Upami Jalan Bandung-Cirebon, lamun teu lepat mah, sanes tanggung jawab Pemda Sumedang atawa Provinsi, tapi diurus ku Pusat (Jakarta). Nya panginten kedah ngantosan "dawuh" ti Jakarta. Perkawis bom, upami maca beja dina koran, katingalina si pelaku keur sutress beurat jeung rada pangangguran. Cenah ceuk kulawargana kungsi cilaka geger otak. Sigana aya alusna pendukung anu meunang ulah kaleuleuwihi teuing dina nempokeun kasuksesanana. Da rek dikumaha-kumaha oge Pilkada Gubernur di Jabar teh munggaran, demokrasi mangrupakeun "budaya anyar" keur di urang. Loba jelema anu acan siap narima "demokrasi", pangpangna keur pendukung anu eleh. Palalaur bisi nararekad siga .......pendukung Persib . Baktos, WALUYA

