--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Perkawis bom, upami maca beja dina koran, > katingalina si pelaku keur sutress > beurat jeung rada pangangguran. Cenah ceuk > kulawargana kungsi cilaka geger > otak. Sigana aya alusna pendukung anu meunang ulah > kaleuleuwihi teuing dina > nempokeun kasuksesanana. Da rek dikumaha-kumaha oge > Pilkada Gubernur di > Jabar teh munggaran, demokrasi mangrupakeun "budaya > anyar" keur di urang. > Loba jelema anu acan siap narima "demokrasi", > pangpangna keur pendukung anu > eleh. Palalaur bisi nararekad siga .......pendukung > Persib . > > Baktos, > WALUYA > Panuju Bah, nu meunang ulah kaleuleuwihan, komo mun dibarengan "ngece" ka nu eleh. Nu eleh nyakitu deui ulah ngakalan neangan kasalahan pikeun ngoyag2 hasil pilkada supaya dibatalkeuna atawa diulang deui saperti nu di Maluku Utara jeung Sulsel. Aranjeunna para calon gubernur jeung "pendukungna" kudu na mah siap meunang jeung siap eleh, ulah ngahalalkeun sagala cara. Kadang kuring mikir bah, sumuhun nyoba neuleuman pikiran jalma-jalma nu anarkis : 1. Naha aya dipikiranna rasa kanyaah, kadeudeuh ka sasama, ka pacabakan warga sadaya, harta banda sorangan jeung batur tur milik nagara, anu katingalina teh loba pisan nu diraruksak jeung cilaka. 2. Naha ukur ngaharepkeun meunang imbas ka manehna, misalna jadi pejabat atawa usahana jadi maju.
Baktos JT > ------------------------------------ > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > Yahoo! Groups Links > > > > > ____________________________________________________________________________________ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

