Wilujeng ka MJ,
Leres pisang kang Tatan... beda hawana kuriak teh... kuring ge... sangkilang
nyadangkeun leuwih ti 50% tina anggaran angger we can beres 100%.
Abong dina bara kiratana mah kuriak teh... badan Kuru banda beak... hehehe.
Malahan indung sobat mah mamatahan ka anakna... lamun hayang nyaho susahna
hirup... wangun imah...
Cenah eta ge...   
 
-eddy- 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of tantanhermansah
Sent: Thursday, April 17, 2008 4:19 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: kuriak yeuh, neda pidu'ana



Wilujeng MJ, 
Bati novel meureun nya....hehe...
Ngan--lain rek mapatahan ngojay ka meri--sing tarapti. Ieu pangalaman,
sok sanajan geus diitung jeung nu nyieuna, angger bae tekor ampir
40%... teuing ti mana bolongna. 

Sok wilujeung lah. Siang enggal beres. 

Tantan

--- In [EMAIL PROTECTED] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> ups.com,
"mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> 
> Ka baraya sadayana, si kuring neda pidu'ana, keur kuriak yeuh. Ah,
lain imah
> si kuring, imah anak jeung indung budak. Si kuring mah meureun ngan ukur
> mihape sare.
> 
> 
> 
> Senen kamari dimimitian, ngagali pondasi. Ari kavlingna di komplek
> grahapuspa, cihideung, kuloneun lembang. Dingaranan Tangkuban
Parahu. Sabab
> posisina aya di tengah ti tilu kapling gigireun, nu dahuan (lanceuk
induk
> budak). Ngadep ka kaler, nya ka gunung tangkuban parahu. Di kaler
eta aya
> tilu gunung ngajajar. Di kulon, burangrang, di tengah
tangkubanparahu, di
> wetan bukittunggul. Nya gunung legenda sangkuriang tea. Gambarna aya di
> mangjamal.multiply.com.
> 
> 
> 
> imah Sunda lain modelna? Ari imah teh nurutkeun model atawa gayana
mah, nya
> aya nu tradisional aya nu modern. Ari kahayang mah murah. Keun we
hade teu
> hade oge asal aman. Ongkoh hade mah apan meureun mun jadi panglobana nu
> milih teh baris jadi gupernur jeung wagub. Nu ieu imah sunda modern we.
> Alesanana, nya nu ngeusina urang sunda, imah oge kaci disebut imah sunda
> (modelna tapi nu modern). Hehe. Make injuk awi jsb na mah, imah
tradisional
> atawa vernakular. Model kitu kaayeunakeun, ciri rumah makan sunda. Haha.
> 
> 
> 
> Leutik tapi sugan we camperenik. Gambarna aya di mangjamal.multiply.com.
> desain minimalis. Minimalis salian ti modeu, oge danana. Asa cap tekor
> yeuh. Tapi nu penting mah mudah2an pinuh berkah ti pangeran pikeun
> pangeusina. Sing bisa ngiuhan jeung ngimahan pangeusi hate: budak dua,
> jeung indungna.
> 
> 
> 
> Tukang basna langganan, urang Ciwidey. Poho teu ngabubur bodas bubur
> beureum, engke we ari masang batu atawa bata. Palebah suhunan, teu
> nyungcung, tapi rata da kahayang mah make dak beton. Jadi rada
bingung rek
> nunda bendera dimana nya. Biasana mah dina kai wuwung, bagean puncak
> konstruksi suhunan kenteng.
> 
> 
> 
> Danana meunang nginjeum ti bank sawareh, KPR tea. 20tauneun. Jadi lunas,
> insya Alloh, keur kuring umur 60 taun. Heuheu. Mudah2an we dipanjangkeun
> umur. Tapi da cenah diasuransikeun, mun si kuring paeh can umur 60,
KPR eta
> dianggap lunas. Tapi mudah2an we ulah waka paeh.
>



 

IMPORTANT NOTICE: 
The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are 
not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If 
you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" 
command and permanently delete the original and any copies or printouts 
thereof.  Although this email and any attachments are believed to be free of 
any virus or other defect that might affect any computer system into which it 
is received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure 
that it is virus free and no responsibility is accepted by American 
International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or 
severally, for any loss or damage arising in any way from its use.

Kirim email ke